Sistem, nu asalna ti basa Latén (systēma) sarta basa Yunani (sustēma) nyaéta hiji wangun anu dibentuk ku sekumpulan éntitas anu silih interaksi atawa silih gumantung, boh ril boh abstrak.

Gambaran hiji sistem nu nutup sarta watesna

Réprésentasi sistem édit

Dina pamrosésan sinyal, sistem nyaéta modél matematika tina hiji prosés fisik anu matalikeun sinyal asupan (sinyal sumber atawa sinyal jieunan) jeung sinyal kaluaran (sinyal réspon).

Upamana waé   jeung   masing masing mangrupa sinyal asupan jeun sinyal kaluaran tina hiji sistem, mangka sistem kasebut dianggap ngarobah   jadi  . Prosés ngarobah ieu dilambangkeun ku:

 

di mana   mangrupa operator nu ngahasilkeun  </math> tina   saperti dijelaskeun dina gambar di handap ieu:

 
Gambaran hiji sistem dina pamrosésan sinyal

  disebut ogé fungsi transfer. Pikeun doméin waktu fungsi transfer dilambangkeun ku  

Kelasifikasi sistem édit

Sistem waktu kontinyu jeung sistem waktu diskrit édit

Lamun sinyal asupan   jeung sinyal kaluaran   tina hiji sistem mangrupa sinyal-sinyal waktu kontinyu mangka sistem kasebut disebut sistem kontinyu waktu.

Lamun sinyal asupan   jeung sinyal kaluaran   tina hiji sistem mangrupa sinyal-sinyal waktu diskrit mangka sistem dimaksud disebut sistem waktu diskrit.

Sistem liniér édit

Sistem liniér nyaéta sistem anu nedunan sarat tatambahan (aditivitas) jeung homogénitas.

Aditivitas édit

  pikeun sakabéh sinyal asupan   jeung  

Homogénitas édit

  pikeun sakabéh sinyal asupan   jeun skalar a.

Sakabéh sistem anu teu nedunan sarat aditivitas jeung homogénitas digolongkeun sabagé sistem nonliniér.

Sistem invarian waktu édit

Lamun sistem nedunan sarat  , di mana   mangrupa hiji konstanta, mangka sistem nu dimaksud disebut sistem invarian waktu atawa sistem tetep.

Hiji sistem anu teu nedunan sarat di luhur disebut sistem nu variasi dumasar waktu (time-varying system).

Sistem invarian waktu liniér édit

Lamun sistem liniér sarta invarian waktu mangka sistem nu dimaksud disebut sistem invarian waktu liniér atawa linear time-invariant (LTI) system.

Tempo ogé édit

Rujukan édit

  • P. P. Vaidyanathan and T. Chen (May 1995). "Role of anticausal inverses in multirate filter banks -- Part II: the FIR case, factorizations, and biorthogonal lapped transforms". IEEE Trans. Signal Proc. 43: 1103. doi:10.1109/78.382396.