Sunan Ngampél
Sunan Ngampél atawa Radén Rahmat nyaéta salah sahiji walisanga.[rujukan?] Babar taun 1401 di Champa jeung tilar dunya di Ngampél, Surabaya taun 1481.[rujukan?] Ngeunaan ngaran Champa, masih jadi padungdengan di ahli sajarah.[rujukan?] Numutkeun Encyclopédia van Néderlandsche Indie, Champa nyaéta hiji ngaran nagri leutik di Kamboja.[rujukan?] Sedengkeun, Stamford Raffles ngébréhkeun yén Champa lain di Kamboja tapi di Acéh (Sumatera) nu kiwari disebutna Jeumpa.[rujukan?] Pamadegan Rafflés disawang leuwih deukeut ka fakta sabab Acéh dina sajarah dipikawanoh minangka daérah Islam munggaran di Indonésia.[rujukan?] Sunan Ngampél nyaéta dulur kapilanceuk ti Maulana Malik Ibrahim. Ngaran asli jeung silsilahna nyaéta Radén Rahmat bin Ibrahim Asmoro bin Jamaluddin al-Husain bin Ahmad Syah Jalal nepi ka luhur deui.[1]
Kulawarga
éditSunan Ngampél nikah jeung putri Tumenggung (satata jeung bupati mangsa kiwari) Tuban Arya Téja nu ngarana Nyai Ageng Manila.[rujukan?] Ti dinya, Sunan Ngampél boga 2 garwa nu kahiji Déwi Chandrawati alias Nyai Ageng Manila binti Aryo Téjo Al-Abbasyi, kalawan budakna:[1]
- Maulana Mahdum Ibrahim/Radén Mahdum Ibrahim/ Sunan Bonang/Bong Ang
- Syarifuddin/Radén Qasim/ Sunan Drajat
- Siti Syari’ah/ Nyai Ageng Maloka/ Nyai Ageng Manyuran
- Siti Muthmainnah
- Siti Hafsah
Garwa kadua nyaéta Dewi Karimah binti Ki Kembang Kuning, kalawan budakna:
- Déwi Murtasiyah/ Istri Sunan Giri
- Déwi Murtasimah/ Asyiqah/ Istri Radén Fatah
- Radén Husamuddin (Sunan Lamongan)
- Radén Zainal Abidin (Sunan Demak)
- Pangéran Tumapel
- Radén Faqih (Sunan Ngampél 2)
Ajaran Sunan Ngampél
éditAjaran Sunan Ngampél dipikawanoh ku Molimo atawa Mohlimo nyaéta ungkara nu hartina moh "moal", limo "lima".[rujukan?] Lamun dihartikeun sacara harfiah nyaéta moal ngalakukeun lima hal dina kagoréngan nyaéta:[2]
- Moh Main atawa moal judi
- Moh Ngombe atawa moal nginum arak
- Moh Maling atawa moal maling
- Moh Madat atawa moal nyesep candu, ganja jeung nu séjéna
- Moh Madon atawa moal jinah
Murid
éditSunan Ngampél dina upayana pikeun nyumebarkeun Islam di pulo Jawa anjeuna ngadegkeun pasantrén di Ngampél, Surabaya.[rujukan?] Santri nu kasohor nyaéta: Radén Paku (Sunan Giri); Radén Fatah (Abdul Fattah) nu saterusna jadi Sultan Bintoro Demak nu gelarna Sultan Alam Akbar al-Fattah; Radén Makhdum Ibrahim (Sunan Ngampél); Syarifuddin (Sunan Drajat); mubaligh nu dikirim ka Blambangan pikeun ngaislamkeun sarta pajoang Islam séjéna. Sunan Ngampél ogé boga pangaruh nu gedé di istana Karajaan Majapahit mangsa harita.[2] Sunan Ngampél tilar dunya jeung dikurebkeun di Ngampél, Surabaya.[2]