Agama Sunda Wiwitan nyaéta agama nu dipercaya ku masarakat Kanékés atawa Baduy. [1]Ageman ieu biasa disebut ogé agama Jatisunda dina Carita Parahyangan. Asal kecapna tina wiwitan, anu mibanda harti mimiti, asal, poko. Aci-acining ajaran agamana mah teu pati réa nu apal, jeung tacan aya panalungtikanana. Ieu hal téh dibalukarkeun ku ayana sikep nu nutup diri ti nu muhitna.

Seuhseuhanana mah kakawasaan nu pangluhungna téh aya di Sang Hyang Keresa (Nu Maha Kawasa) anu biasa disebut ogé Batara Tunggal (Nu Maha Tunggal), Batara Jagat (Nu Ngawasa Jagat), jeung Batara seda Niskala (Nu Goib).

Dunya dina sawangan agama Sunda Wiwitan dibagi tilu, nyaéta Buana Nyungcung (Dunya Luhur), Buana Panca Tengah (padumukan manusa), jeung Buana Larang (naraka). Agama Sunda Wiwitan masih diagem nepi ka kiwari ku sawareh urang Sunda di sababaraha daérah, saperti di Kuningan, Lebak Banten, Sukabumi, jeung Kampung Naga, nu dianggap masih sékésélér deukeut urang Sunda. [1]

Rujukan

édit
  • Rosidi, Ajip.dkk. 2000. Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia, Budaya (Termasuk Budaya Cirebon dan Betawi), Jakarta: Pustaka Jaya.

Dijutat tina

édit
  1. a b Reception Through Selection-Modification: Antropologi Hukum Islam di Indonesia. p. 132. ISBN 9786024012779.