Titiron atawa plagiat nyaéta nyaplok karangan atawa gagasan nu lian, sarta tuluy dipidangkeun deui (dina majalah, surat kabar, buku, jeung sajabana) bari diaku minangka karangan dirina sorangan. [1]Laku titiron téh bisa nyalin sagemblengna atawa narjamahkeun bari ngarobah saeutik-saeutik. Jalma anu ngalaksanakeun titiron atawa plagiat disebutna plagiator.[1] Conto konkrit titiron atawa plagiat téh nyaéta ngaku tulisan batur ku ngaran dirina sorangan (néplak).[2]

Katégori

édit

Dina buku Bahasa Indonesia: Sebuah Pengantar Penulisan Ilmiah, Felicia Utorodewo, spk. nyieun papasingan ieu di handap salaku gambaran umum wangun plagiarisme:[3]

  • Ngaku tulisan batur jadi karya meunang sorangan,
  • Nyugemakeun yayasa orang luar,
  • Ngaku pamanggih batur jadi pamanggih meunang diri sorangan,
  • Ngaku karya kelompok salaku hak milik sorangan,
  • Midangkeun tulisan dina kasempetan nu hadé,
  • Ngutip langsung tara maké sumber anu ngarujukna.

Nu kaasup kana plagiarisme:

  • ngagunakeun tulisan batur nu atah, teu maké tanda jelas.
  • nyokot gagasan batur keur méré anotasi anu sing tenang.

Nu teu kaasup paripolah plagiarisme:

  • ngagunakeun informasi anu mangrupa fakta umum.
  • nuliskeun deui (kalawan ngarobah kalimah atawa parafrase).
  • ngutip sapereluna tulisan batur.

Rujukan

édit
  1. a b Iskandarwassid (2016). Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Bandung. p. 19. ISBN 9786027785786. 
  2. Setiawan, Ebta. "Arti kata plagiat - Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI) Online". kbbi.web.id. Diakses tanggal 2017-12-19. 
  3. Utorodewo, Felicia, dkk. 2007. "Bahasa Indonesia: Sebuah Pengantar Penulisan Ilmiah". Jakarta: Lembaga Penerbit FEUI.