Umay Martakusuma
Toebagoes Oemaj Martakoesoema, nu katelahna Umay/Oemaj (Sajra, Rangasbitung, 1892-Bandung, 24 Feb 1984) nyaéta salah saurang tokoh sunda dina widang tari.
Riwayat Atikan
éditSabada tamat HIS, nuluykeun sakolana ka HIK di Bandung, laju ka HKS di Purworejo. Taun 1920 diangkat jadi guru tuluy jadi pupuhu HIS di Cilegon (1925-1931). Dipindahkeun jadi pupuhu HIS Gresik (1931-1933), sanggeus éta ka Bandung, Cimahi, tuluy Cicaléngka. Nalika tentara Jepang datang, manéhna keur ngajar di Baros, Cimahi. Wanci revolusi, manéhna jadi sukarélawan di BPKKP (Badan Pengurus Keluarga Korban Perang) di Bandung, tuluy di Garut jadi pupuhu BPKKP. Balik deui ka Bandung ti pangungsian, manéhna diangkat jadi Kepala Kebudayaan Negara Pasundan (1948-1950). Nalika RIS dibubarkeun tuluy Indonésia geus teu jadi negara kesatuan deui (17 Agustus 1950), manéhna diangkat salaku Kepala Jawatan Kebudayaan Kementrian PP & K Provinsi Jawa Barat nepi ka pangsiun.[1]
Lalampahan Karir
éditKaresepna kana seni tumuwuh nalika ditempatkeun di Cilegon, sabab aya tradisi ngalaksanakeun samen (kenaikan kelas) unggal ahir taun pangajaran. Manéhna nulis jeung nyutradaraan lakon (tunil) basa sunda, diantarana Nyi Sangkana, Héru Gandrung, Komala Gilang Kusuma, Ratu Budi Astuti, jeung Lutung Kasarung. Manéhna diajar ngalukis ka salasahiji guru Walanda nalika sakola kénéh di HIK Bandung (1913) jeung masih kénéh ngalukis nepi ka kolot. Pas dipindahkeun ngajar ka Bandung (1933), manéhna aktif dina riungan “Tirtayasa” (Tirtajasa) nu diadegkeun ku urang Banten, nyaéta Tb. Ahmad Zuhra (Achmad Zoechra), pupuhuna, riungan “Tirtayasa” ngayakeun latihan tari sunda keur budak-budak nu ngurus atawa anggotana, kalayan guruna nyaéta Komara Tisnawijaya (Tisnawidjaja), nu ngibing Ibing Keurseus. Sabab ieu tari dianggapna kurang cocog diajarkeun ka barudak leutik, Umay ménta guru tari Jawa pikeun ngajarkeun tari Jawa. tapi saenyana geus henteu murni Jawa, komo deui iringan gamelanna nyaéta gamelan sunda.
Umay kahayangna mah néangan tari péntas sunda, sabab nepi ka mangsa harita, tari sunda nu kawas kitu téh acan aya. Éta kagiatan lumangsung sababaraha taun. Taun 1935, Umay ngadegkeun pakumpulan “Sekar Pakuan”. Umay nu jadi pupuhuna, kagiatanna nu ceuyah suksés numuwuhkeun minat urang sunda, utamana nu cicing di wewengkon Bandung. Kagiatanna eureun kusabab éta pakumpulan dibubarkeun ku tentara Jepang (1942). Pamaréntah tentara Jepang ngawangun Keimin Bunka Shidoso. Babarengan jeung seniman séjén nu aktif dina “Sekar Pakuan”, Umay dititah asup ka éta organisasi, diangkat jadi Kepala Bagian Propaganda, sedengkeun bagéan kabudayaan dipingpin ku R. Puradiredja jeung girang serat R. Kartadibrata. Dina waktu éta, Umay ngajak Cécé Somantri nu geus dipikawanoh saprak manéhna ngadegkeun “Sekar Pakuan” pikeun jadi guru tari. Pakéan tari jieunan Umay nu jadi cikal bakal pakéan tari sunda satuluyna.[2]
Gawébareng Umay jeung Cécé lumangsung nepi ka Umay pangsiun salaku Kepala Jawatan Kebudayaan Jawa Barat (1958) jeung sanggeus mikeun sumbangan anu kalintang pentingna pikeun kamekaran seni tari sunda. Nalika mangsa revolusi, Umay jeung sawatara seniman Bandung liana ngungsi, sawaréh ka Garut. Di ditu, Umay, R.Barnas Prawiradiningrat, Cécé Somantri, S.M Thahér, jrrd, ngadegkeun Badan Kesenian Jawa Barat (BKDB). Umay nu jadi pupuhuna. Kagiatanna nyaéta ngalumangsungkeun latihan tari sunda ku Cécé Somantri. Dina acara panutupan Konferensi Pamongpraja sa-Indonésia di Garut (1947), midangkeun sandiwara Nyi Sangkana jeung tari-tarian ku BKDB. Presiden Soekarno nu nyaksian éta pidangan ngarasa kalintang bungahna jeung saprak harita dina sababaraha acara konférénsi atawa mun aya tamu-tamu penting, pakumpulan nu dikokolakeun ku Umay diilukeun.
Sabada Perjanjian Renville ditawis (1948), Umay katut pengungsi liana balik deui ka Bandung. Nu ngurus BKDB satuluyna ngadegkeun Badan Kesenian Indonesia (BKI) bulan Mei 1948. Nalika mingpin BKI, Umay némbongkeun kaparigelanana salaku manajer nu suksés ngahirupkeun kagiatan kasenian dina sawatara widang di Bandung. Harita, manéhna sorangan keur ngajabat jadi Kepala Jawatan Kebudayaan Negara Pasundan. Sanggeus diakuna kadaulatan (1950), manéhna diangkat jadi Kepala Jawatan Kebudayaan Jawa Barat, Umay nyerahkeun kapamingpinan BKI ka R. Barnas Prawiradiningrat, sedengkeun manéhna salaku penasihat. Tapi manéhna méré kasempetan keur BKI pikeun ngalaksanakeun kagiatanana di kantor Jawatan Kebudayaan. Umay gé mingpin majalah Budaya nu terbit dina édisi basa Sunda jeung Indonésia. Umay pangsiun taun 1958, BKIna dibubarkeun. Saprak harita, Umay mundur tina kagiatan sandiwara jeung tari. Sanajan pengurus jeung anggota BKI masih loba nu aya di Jawatan Kebudayaan (salaku pagawé), tapi mun euweuh Umay, jigana maranéhna leungiteun puntangan.
Rujukan
édit
- ↑ Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 979-419-259-7. OCLC 45463431.
- ↑ Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 979-419-259-7. OCLC 45463431.