Ékonomi makro
(dialihkeun ti Ékonomi Makro)
Ékonomi makro nyaéta élmu anu maluruh ngeunaan ékonomi sagemblengna[1]. Ékonomi makro digunakeun keur nganalisis jeung ngararancang udagan-udagan kawijakan anu aya patalina jeung kagiatan ékonomi, inflasi, sumber daya manusa, jeung kasaimbangab neraca pembayaran[1].
Udagan
éditÉkonomi makro miboga sababaraha udagan keur hiji nagara[2]. Udagan-udagan éta téh miboga maksud pikeun ngaréngsékeun pasualan-pasualan anu aya di hiji nagara[2]. Ieu di handap mangrupa udagan tina ékonomi makro nyaéta:
- Muka lawang pakasaban[2], pasualan ngeunaan sumber daya manusa boga pangaruh pikeun ngaronjatkeun kaayaan ékonomi di hiji nagara. Ku kituna, kawijakan ngeunaan ékonomi makro kudu bisa muka lawang pakasaban keur jalma réa, sangkan euweuh deui jalma anu nganggur[2].
- Nagara kudu bisa ngahasilkeun produk sacara mandiri[2], ku kituna kawijakan ékonomi makro kudu bisa muka lawang invéstasi sangkan mingkin loba jalma anu mantuan méré modal keur prosés produksi. Mingkin loba anu invéstasi, produk anu dihasilkeun ogé mingkin loba, bati anu dimeunangkeun ku nagara ogé mingkin gedé[2].
- Kaayaan ékonomi anu stabil[2], ékonomi makro miboga udagan sangkan harga barang jeung lawang pakasaban saimbang[2].
- Neraca pembayaran kudu saimbang[2].
Ambahan
éditAya tilu papasingan ambahn dina ékonomi makro[3].
- Nangtukeun kagiatan ékonomi di hiji nagara[3]. Ékonomi makro kudu bisa nganalisis jumlah produk jeung jasa anu dihasilkeun di hiji nagara[3]. Aya sababaraha jenis ambahan pengeluaran dina ékonomi makro, di antarana: a) pengeluaran konsumsi rumah tangga[4]; b) pengeluaran pamaréntah[4]; c) pengeluaran invéstasi[4]; jeung d) ékspor jeung impor[4].
- Kawijakan pamaréntah, anu ngawengku kawijakan monétér jeung fiskal[3].
- Pengeluaran agregat[3], mangrupa hal anu kudu disaimbangkeun ku hiji nagara, hususna ulah nepi ka inflasi sarta kudu nyiptakeun lawang pakasaban anu loba pikeun masarakat di hiji nagara. Lamun pengeluaran agregat teu stabil, miboga arti yén kaayaan ékonomi di nagara éta keur teu stabil[3].
Kawijakan
éditÉkonomi makro medar ngeunaan lawang pakasaban, jeung hal-hal ngeunaan inflasi jeung defiasi[5]. Ékonomi makro miboga sababaraha kawijakan di antarana:
- Kawijakan fiskal, mangrupa kawijakan anu ngatur kaluar-asupna beubeutian di hiji nagara[5]. Hasilna bisa tina pajeg, dengda, gratifikasi, jeung hal séjénna. Beuti anu ka luar biasana dibalukarkeun ku kagiatan impor barang ti luar nagri pikeun nyumponan pangabutuh masarakat di hiji nagara[5].
- Kawijakan monétér, mangrupa kawijakan anu miboga fungsi pikeun ngukur sabaraha loba dana anu dikaluarkeun ku bank sentral anu aya di Indonésia pikeun masarakat[5]. Tina ieu kawijakan bakal dipaluruh naha nagara téh inflasi atawa defiasi[5].
- Kawijajakan segi penawaran, miboga fungsi pikeun nyaimbangkeun neraca keuangan pikeun hiji nagara[5].
Pasualan
éditPasualan-pasualan anu aya dina ékonomi makro di antarana:
Daftar Référénsi
édit- ↑ a b Ekonomi, Warta. "Apa Itu Makroekonomi?". Warta Ekonomi (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2021-04-17.
- ↑ a b c d e f g h i "8 Tujuan Ekonomi Makro Yang Terpenting". DosenEkonomi.com (dalam id-ID). Diakses tanggal 2021-04-17.
- ↑ a b c d e f "Apa Itu Ekonomi Makro? Apa Tujuan dan Ruang Lingkupnya?". Jurnal (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2021-04-18. Archived 2021-04-18 di Wayback Machine
- ↑ a b c d "Perbedaan Ekonomi Mikro dan Makro, serta Ruang Lingkup Mikroekonomi". tirto.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2021-04-18.
- ↑ a b c d e f g h i "Teori dan Kebijakan Makroekonomi - Magister Perencanaan Ekonomi dan Kebijakan Pembangunan Fakultas Ekonomi Dan Bisnis - Universitas Indonesia" (dalam id-ID). Diakses tanggal 2021-04-17. Archived 2021-04-17 di Wayback Machine