Émpati (basa Yunani hartina kataji ku fisik) dihartikeun salaku réspon aféktif jeung kognitif kompléks kana émosi batur. [1] Émpati kaasup kamampuh pikeun ngarasakeun kaayaan émosional batur, ngarasa simpati, mantuan ngaréngsékeun pasualan jeung nyokot puseur implengan batur. [1] Lian ti éta, émpati nyaéta kamampuh individu pikeun ngaidéntipikasi jeung ngarti kumaha rarasaan jeung kaayaan jalma séjén.[2] Basa Inggris empathy (Empathy) diciptakeun dina taun 1909 ku EB Titchener salaku tarékah pikeun narjamahkeun kecap Basa Jerman nyaéta Einfühlungsvermögen, fénoména anyar disarungsum ku Theodor Lipps dina ahir abad ka-19. Sanggeus éta, ditarjamahkeun deui kana basa Jerman salaku Empathie.[3]

Seorang anak kecil memeluk anak yang lebih tua yang terluka
Nangkeup batur anu keur nyeri suku téh tanda émpati.

Sajarah édit

Istilah Basa Inggris, Empathy, diwanohkeun ku psikolog anu jenenganana Edward Titchener dina taun 1909. Ieu stilah mangrupa tarjamahan tina istilah Basa Jerman Einfühlung. Saméméhna, istilah simpati (basa Inggris: sympathy ) biasa digunakeun pikeun nuduhkeun fénoména nu patali jeung rasa émpati.[3]

Wanda édit

Émpati kognitif édit

Émpati kognitif nyaéta kamampuh pikeun ngarti rarasaan jeung pikiran batur. Émpati kognitif ngajadikeun komunikator jadi leuwih hadé, sabab bisa mantuan nepikeun informasi ku cara nu pangalusna sangkan maksudna bisa dihontal ku batur.[4]

Émpati émosional édit

Émpati émosional (ogé katelah émpati aféktif) nyaéta kamampuh pikeun ngabagi rarasaan batur. Sababaraha urang geus digambarkeun salaku kuring nyeri haté. Ieu wanda émpati mantuan ngawangun hubungan émosional jeung jalma séjén.[4]

Émpati welas asih édit

Émpati welas asih nyaéta ngarti ka jalma séjén ku cara tindakan jeung mantuan samampuhna nepi ka jalma anu diperhatikeun téh ngaréngsékeun pasualanana.[4]

Tempo ogé édit

Rujukan édit

  1. a b Baron & Byrne, Psikologi Sosial Jilid 2, Jakarta: Erlangga, 2004, hal. 111.
  2. Widiarti, Pratiwi Wahyu (2013-01-01). "PENDIDIKAN KARAKTER BERBASIS EMPATI PADA ANAK-ANAK USIA SD" (dalam bahasa en). Informasi 39 (2). doi:10.21831/informasi.v0i2.4446. ISSN 2502-3837. https://journal.uny.ac.id/index.php/informasi/article/view/4446. 
  3. a b Stueber, Karsten (2019). Zalta, Edward N., ed. Empathy (Fall 2019 ed.). Metaphysics Research Lab, Stanford University. 
  4. a b c Razy, Yurry; Kosasih, Danny; Cahyono, Fiter Bagus. "Three Types of Empathy". Design Thinking Indonesia.  Archived 2020-02-17 di Wayback Machine