Absurd (absurdus) nyaéta anéh, atawa teu asup akal.[1] Absurditas mimiti katingali dina pilsapat éksisténsialisme nu ditaratas ku Soren Kierkedegger (1813-1855), dituturkeun ku Jean-Paul Sartre, Albert Camus, Martin Heidegger, Karl Jaspers, jeung Gabriel Marcel.[1] Pasualan utama nu dicaritakeun nyaéta teu ayana norma-norma umum nu lumaku dina kahirupan manusa, dina hubungan ieu, nyaéta manusa modérn anu ngan ukur pikeun ngarasakeun émosi, atawa napsu.[1]

Sastra absurd dihartikeun siga génré atawa aliran dina karya sastra jeung inténsitas kajadian jeung tokoh-tokoh inkonvénsional, sipat-sipatna patukang tonggong jeung tradisi ogé konvénsi nu lumaku umumna manusa siga lain maniféstasi getih jeung daging.[1] Sakumaha anu dijelaskeun di luhur, kamajuanna dimimitian tina pilsapat éksisténsialisme (Soren Kierkegaad), manusa pindah tina kakosongan pikeun nuturkeun hawa napsu.[1] Ceuk Holman (1980: 2-3; Abrams,1981: 1; Shipley, 1962: 75) pilsapat ieu nu ngababarkeun ékspresionisme jeung suréalisme, aliran nu dianggap siga dasar pamahaman sastra absurd.[1] Karya nu dihasilkeun di antarana, dina wangun novel anu judulna Les Lauriers Sont Coupes (Eduoard Dujardin, 1887), Metamorphosis (Franz Kafka, 1915) jeung Ulysses (James Joyce, 1922).[1] Dina hubungan ieu sastra absurd ampir sarua jeung sastra kasadaran, arus bawah sadar.[1]

Rujukan

édit
  1. a b c d e f g h Prof (Em) Dr. Nyoman Kutha RAtna, S.U (2018). Ensiklopedia 2000 Entri Istilah Biografi, Karya, Metode dan Teori Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. ISBN 978-602-229-743-7.