Novel nyaéta salah sahiji karya sastra wangun prosa wanda carita rékaan (fiksi) nu eusi jeung jalan caritana panjang tur loba babagianana.[1] [2] Diwangun ku basa lancaran, palaku anu ngalakonna loba, mangsa nu kacaturna lila.[2] Sanajan kaasup carita fiksi, palaku, jalan carita, tempat jeung waktu kajadianana bisa katarima ku akal, persis siga kajadian anu sabenerna (fakta).[2] Eusi novel aya ogé anu didadasaran ku kajadian anu sabenerna, tapi éta kajadian téh ku pangarangna sok diréka-réka deui disaluyukeun jeung pangabutuh carita sangkan leuwih pikaresepeun.[2]

Kamekaran

édit

Novel téh prosa rékaan (fiksi) nu naratif (wujud lalakon), umumna panjang sarta galur caritana atawa plot-ma kompléks (ngarancabang). Ku lantaran kitu wandana, novel mah bisa midangkeun rupa-rupa palaku, ngasupkeun rupa-rupa kajadian, laluasa ngadéskripsikeun latar jeung laluasa ngahirupkeun karakter palakuna. Dina Eropa mah umumna ngagunakeun istilah roman, nu asal muasalna tina kecap romance (puisi panjang atawa prosa anu ngolah lalakon asmara atawa ngalalana). Tapi, basa Inggris mah milih istilah nu asalna ti basa Italia nyaéta novella, hartina carita nu pondok dina wangun prosa. Dina abad ka-14 di Italia ceuyah sarta populér ku rupa-rupa roman, boh anu pinunjul boh anu picisan. Lila-lila ngagésér, istilah novella (dina basa Jerman mah novella) mindeng digunakeun saharti jeung novelét (novellete), prosa fiksi nu teu pati panjang. Dina sastra Sunda kungsi dibédakeun wangenan ngeunaan istilah novel jeung roman téh, padahal saenyana mah sarua. Ku kituna, dina kamekaran kiwari, leuwih hadé ngagunakeun éta dua istilah téh dina harti atawa wangenan anu sarua nyaéta novel atawa roman. Dina ulikanana, papasingan novel téh dumasar kana umur (umpamana aya novel Sunda samemeh Perang), kana eusina (upamana aya novel sajarah), kana ukurana (upamana aya novelét), dumasar kana kualitasna (upamana aya novel populér) jeung réa-réa deui.[3]

Unsur

édit

Unsur dina novél téh dijéntrékeun kieu.

  1. Téma nyaéta inti carita nu bisa diwangun tina runtuyan kajadian.[2]
  2. Galur kaasup unsur penting dina hiji carita. Lantaran dina galur aya runtuyan kajadian, méré arah atawa ngatur kajadian naon waé anu kudu diheulakeun atawa dipandeurikeun, sarta nembongkeun sabab akibat kajadian dina carita.[2]
  3. Palaku nyaéta tokoh nu ngalalakon dina hiji carita. nilik jenisna mah aya nu disebut palaku utama jeung palaku tambahan.[2]
  4. Latar nyaéta lingkungan sabudeur anu ngurilingan kajadian tur waktu atawa mangsa nu lumangsung dina hiji carita.[2]
  5. Puseur implengan nyaéta puseur panitén atawa jihat sawangan (point of view) ngandung harti (ku saha) dicaritakeuna éta karangan atawa titik mimiti carita.[2]
  6. Gaya basa nyaéta cara ngébréhkeun pikiran ngaliwatan atawa maké basa anu has nu némbongkeun pribadi pangarang.[2]

Rujukan

édit
  1. Denny Djuhaeni, Dra. Rini Tanumulyana, Elly Sarimana S. Pd, Ine Novita S.Pd, Drs. (2001). Mustika Basa Sunda. Jakarta: Grasindo. p. 23. ISBN 9789796952557. Diakses tanggal (disungsi – 22 Mei 2020). 
  2. a b c d e f g h i j Sumarsono Tatang, Dkk, 2014. Pamekar Diajar Basa Sunda Kelas XI (jilid ka II): Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.
  3. Iskandarwassid (2016). Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.