Abu Bakar ash-Shiddiq
|
Artikel ieu perlu dikembangkeun tina artikel nu patali dina Wikipedia basa Inggris. (Desember 2024)
klik [témbongkeun] pikeun ningali parentah sateuacan narjamahkeun.
|
Abu Bakar atawa nu katélah Abu Bakar ash-Shiddiq (573 - 634 M, jadi khalifah 632 - 634 M) nyaéta khalifah kahiji sabada Nabi Muhammad maot.[1] anjeunna ogé salah saurang anu terkenal di kota Mekkah jeung di suku Quraisy.[1] Sabada lebet ka Islam, ngaranna di ganti ku Nabi Muhammad jadi Abu Bakar.[1] Anjeunna dibéré gelar Ash-Shiddiq nu hartina nu di percaya sabada anjeunna jadi jelma nu kahiji ngaku peristiwa Isr'a Mi'raj.[1] Abu Bakar mangrupakeun salah sahiji sahabat utama Muhammad, tur jadi mitoha Muhammad.[2]
Jadi salah sahiji jelema anu abus Islam,[3] Abu Bakar geus mawa loba peran gedé ngaliwatan loba ngajakan jelema keur abus Islam anu kiwari jadi tokoh-tokoh penting agama Islam, salah sahijina nyaéta Utsman bin 'Affan anu jadi khalifah katilu. Salin ti éta Abu Bakar kungsi milu dina Perang Badar jeung dina Perang Uhud. Deukeut jeung satiana Abu Bakar ka Muhammad mangrupakeun hiji hal anu aya dina diri Anjeuna,utamana katinggali ngaping Muhammad hijrah ka Madinah jeung taat tur narima kana kaputusan Muhammad nalika dina Perjanjian Hudaibiyah, sanajan loba sahabat Nabi harita anu teu narima perjanjian éta lantaran disebut beurat sabeulah.[4]
Abu Bakar dinyatakeun jadi khalifah saenggeus maotna Muhammad. Abu Bakar jadi khalifah kahiji umat Islam anu jadi awal Kakhalifahan Rasyidin.[5] Kakuasaanna anu sakeudeung, dipusatkeun kana ngabérésan pabarontakan Klain Arab anu aya salah paham jeung kakhalifahan Abu Bakar. Salian ti éta Abu Bakar kungsi ngabatuan prosés ngabukukeun Al-Qur'an anu paling mimiti.[6] Dina pamaréntahana, Abu Bakar ngusahakeun ngaluarkeun kawijakan anu teu béda jeung Muhammad, kawas nolak Khalid bin Walid dicabut tina panglima perang.[7]
Ngaran jeung silsilah
éditAbu Bakar As Siddiq nyaéta bapa tina Aisyah istri Nabi Muhammad SAW.[8] Ngaran Aslina nyaéta Abdul Ka’bah (hartina "hamba Ka’bah"), anu tuluy diganti ku Rasulullah Saw jadi Abdullah (hartina "hamba Allah").[8] Abu Bakar As Siddiq atawa Abdullah bin Abi Quhafah (Usman) bin Amir bin Amru bin Ka’ab bin Sa’ad bin Taim bin Murrah bin Ka’ab bin Lu’ai bin Ghalib bin Fihr al-Quraisy at-Taimi.[8] Panggih nasabna jeung Nabi saw akina Murrah bin Ka’ab bin Lu’ai, jeung indungna, Ummul-Khair, anu ngaran sebenerna Salma binti Sakhr bin Amir bin Ka’ab bin Sa’ad bin Taim.[8] Nabi Muhammad Saw juga memberinya gelar As Siddiq nu ahirna dikenal Abu Bakar as-Siddiq.[8]
Kahirupan awal
éditAbu Bakar lahir di kota Mekah kira-kira taun 573 (taun kadua tina taun Gajah),[9] ti kulawarga beunghar dina Bani Taim ti suku Quraisy.[10] Abu Bakar ngaliwatan mangsa budakna siga barudak Arab dina mangsa harita, di antara suku Badui anu nyebut dirina salaku Ahl-i-Ba'eer atawa rahayat onta. Dina mangsa budakna, Abu Bakar sering ulin jeung onta jeung domba, sarta karesepana kana onta ieu anu méré anjeunna ngaran "Abu Bakar" anu hartina, bapana onta.[11]
Nalika umurna 10 taun, Abu Bakar indit ka Suriah babarengan jeung bapana dina rombongan kafilah dagang. Muhammad, anu dina waktu éta umurna 12 taun, ogé milu dina kafilah éta. Dina taun 591, nalika umurna 18 taun, Abu Bakar mimiti ngalakonan usaha dagang, jadi tukang dagang kaén anu memang geus jadi bisnis kulawargana. Dina taun-taun satuluyna, Abu Bakar sering ngalakukeun dagang babarengan jeung kafilahna. Perjalanan dagang ieu nganteurkeun anjeunna ka Yaman, Suriah, jeung sababaraha tempat séjén. Lalampahan ieu henteu ngan ukur ngajadikeun anjeunna beunghar, tapi ogé leuwih boga pangalaman dina widang dagang.
Usahana anu terus mekar ngaronjatkeun status sosialna. Sanajan bapana, Abu Quhafah Utsman, masih hirup, Abu Bakar geus diaku minangka pupuhu sukuna. Kawas barudak séjén ti kulawarga padagang beunghar di Mekah, Abu Bakar nyaéta jalma anu terpelajar (mampu maca jeung nulis), sarta anjeunna resep kana puisi. Anjeunna biasana hadir dina paméran taunan di Ukaz sarta ilubiung dina simposium puitis. Abu Bakar ogé miboga daya ingetan anu hadé jeung pamahaman anu jero ngeunaan silsilah atawa asal-usul suku-suku Arab, ogé sajarah jeung politik maranéhanana.[12]
Aya hiji carita nalika Abu Bakar keur leutik kénéh. Bapana pernah nganteurkeun anjeunna ka Ka'bah jeung ngomong ka anjeunna pikeun nyembah ka berhala di dinya. Sanggeus éta, bapana indit pikeun ngurus usaha dagang, ninggalkeun Abu Bakar soranagn jeung berhala-berhala éta. Abu Bakar tuluy ngomong ka salah sahiji berhala, "Gusti, abdi peryogi pakéan, mugi pasihan abdi pakéan." Berhala éta tetep teu ngaréaksi. Tuluy, anjeunna ngomong ka berhala séjén, "Gusti, pasihan abdi katuangan anu ngeunah, abdi lapar pisan." Tapi berhala éta ogé tetep henteu ngaréaksi. Ningali yén paménta-na teu dikabulkeun, kasabaran Abu Bakar béak, tuluy anjeunna mawa hiji batu jeung ngomong ka berhala éta, "Kiwari abdi nyandak batu jeung érék ngalempangkeun ka anjeun. Lamun anjeun bener-bener téh gusti, punten jaga dirina sorangan." Tuluy Abu Bakar ngalempangkeun batu éta ka arah berhala jeung ninggalkeun Ka'bah. Ti saprak harita, Abu Bakar teu pernah deui ngadeukeutan Ka'bah pikeun nyembah berhala-berhala éta.[13]
Rujukan
édit- ↑ a b c d Sumber 1
- ↑ "Sahih al-Bukhari 3896 - Merits of the Helpers in Madinah (Ansaar) - كتاب مناقب الأنصار - Sunnah.com - Sayings and Teachings of Prophet Muhammad (صلى الله عليه و سلم)". sunnah.com. Diakses tanggal 2024-12-07.
- ↑ Ibn Hisham. Sirat Ibn Hisham (dalam Arabic).
- ↑ "Sikap Sahabat Terhadap Perjanjian Hudaibiyah | Almanhaj". almanhaj.or.id (dalam en-US). Diakses tanggal 2024-12-07.
- ↑ Lintang, Christavianca. "Kisah Abu Bakar Ash Shiddiq, Khalifah Pertama Sepeninggalan Rasulullah SAW". detikhikmah (dalam id-ID). Diakses tanggal 2024-12-07.
- ↑ Zuhri, Muhammad (1989). Terjemah Tarakh al-Tasryi' al-Islami. Indonesia: Darul Ikhya.
- ↑ "ANALISIS KRITIS PERISTIWA PEMECATAN KHALID BIN WALID SEBAGAI PANGLIMA PERANG OLEH KHALIFAH UMAR BIN KHATTAB" (PDF).
- ↑ a b c d e Juan Eduardo Campo, "Encyclopedia of Islam", Infobase Publishing, 2009 [1]
- ↑ Hamka (2016). Sejarah Umat Islam : Pra-kenabian hingga Islam di Nusantara. Jakarta: Gema Insani.
- ↑ Al-Jubouri, I. M. N. (2010-10-12). Islamic Thought: From Mohammed to September 11, 2001. Xlibris Corporation. ISBN 978-1-4535-9585-5.
- ↑ Drissner, Gerald (2016). slam for Nerds - 500 Questions and Answers. Berlin: Createspace. ISBN 9781453595855.
- ↑ Az-Zarkali, Al-A'lam (2012). Darul Ilmi lil Malayin. Edisi ke-15.
- ↑ Prof. Masud-Ul-Hasan. Sidiq-I-Akbar Hazrat Abu Bakr.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |