Sahadat, atawa panyaksén kaislaman
Artikel ieu salasahiji tina séri
Islam
Istilah-istilah Islam
Rukun Islam
Sahadat
SolatSaum
ZakatHaji
Kota Penting
MekahMadinah
YerusalemKufah
Kajadian
HijrahKalénder IslamIdul Fitri
Idul AdhaMaulid
Wangunan
MasjidMunara
MihrobKa'bah
Arsitéktur Islam
Rujukan Ajaran
Qur'anHaditsSunnah
FiqihFatwaSyari'ah
Madhab
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i

Muhammad listen  (Aksara Arab: محمد, nu dialihaksarakeun dina aksara Latin jadi Mohammad, Mohammed, Muhammed, Muhamad, atawa Mahomet, Aksara Sunda: ᮙᮥᮠᮙ᮪ᮙᮓ᮪) dianggap ku umat Islam salaku rosul/utusan Gusti nu pangangeusan/ahir. Numutkeun babad salira (biografi) nu disebut siroh (basa Arab), anjeunna dibabarkeun tina tanggal 20 April 570 di Mekah, pupus di Madinah 8 Juni 632, nu duanana aya di wewengkon kalér Arab.

"Muhammad" geus jadi ngaran nu ilahar dipaké ku lalaki muslim.

Umat Islam percaya yén pancén Muhammad nyaéta pikeun nyampurnakeun agama tauhid (monotéisme), nyaéta Islam, nu geus diajarkeun/didugikeun ku para nabi saméméhna, sarta yakin yén Islam geus aya saméméh anjeunna. Nalika disebutkeun ngaran anjeunna, umat Islam biasa nuturkeun ku kalimah sallallahu `alayhi wa s-salām (saw., "mugia Gusti Alloh maparinkeun kasalametan ka anjeunna").

Ringkesan

édit

Muhammad waktu keur ngora kungsi jadi sudagar nu ngumbara ka mana-mana. Dina taun 610, dina yuswa 40, anjeunna narima wahyu, nu ku anjeunna digambarkeun yén anjeunna kadatangan Malaikat Jibril, nu ngadugikeun paréntah Pangéran sangkan ngapalkeun sarta ngadugikeun ayat-ayat nu salajengna dikumpulkeun salaku Qur'an. Anjeunna salajengna ngalegaan udaganana, da'wah ngeunaan katauhidan jeung Poé Balitungan pikeun jalma nu sok nyieun dosa sarta sok nyembah-nyembah berhala — kawas séké sélér jeung tatanggana di Mekah. Anjeunna teu nolak sagemblengna ajaran Yahudi jeung Kristen, atawa agama monotéis séjén nu dipikawanoh di Arab; anjeunna mung pikeun ngalengkepan sarta nyampurnakeun ajaranana. Dina taun 622 anjeunna ngungsi, bareng jeung warga séjénna nu geus ariman, ninggalkeun Mekah nuju ka Madinah, tempat nu salajengna anjeunna ngadegkeun pamaréntahan masarakat Islam. Perang antara Mekah jeung madinah sababaraha kali lumangsung, nu pamustunganana pasukan Islam bisa balik deui nalukkeun Mekah. Pasukan Islam ieu salajengna bajoang nalukkeun kaom pagan séjénna di Tatar Arab. Nalika Muhammad pupus, anjeunna tos hasil ngahijikeun Tatar Arab sarta ngintunkeun sababaraha ékspédisi ka wewengkon kalér, ka Suriah jeung Paléstina.

Dina kapamingpinan satutasna Muhammad, kakawasaan Islam geus nepi ka Paléstina, Siria, Mésopotamia, Pérsia, Mesir, Afrika Kalér, jeung Spanyol. Panalukan salajengna, kontak dagang antara Muslim jeung non-Muslim, sarta kagiatan da'wah geus hasil nyebarkeun Islam ka sakuliah dunya.

Kumaha bisa nyaho ngeunaan Muhammad?

édit

Sumber-sumber rujukan nu bisa ngémbarkeun ngeunaan Muhammad nyaéta Qur'an, babad salira siroh, jeung kumpulan hadith. Najan lain mangrupa babad salira Muhammad, Qur'an méré sababaraha émbaran ngeunaan kahirupanana. Babad salira nu munggaran nyaéta karya Ibnu Ishaq (pupus 768), diédit ku Ibnu Hisham (pupus 833); jeung karya al-Waqidi (pupus 822). Ibnu Ishaq nulis babad salira Muhammad kira 120 - 130 taun sapupusna Muhammad. Sumber katilu, kumpulan hadits, saperti Qur'an, lain samata-mata biografi. Hadits nyaéta kumpulan sasanggeman sarta laku lampah Muhammad sarta para sahabatna.

Sababaraha sarjana sképtik (Goldziher, Schacht, Wansbrough, Cook, Crone, Rippin, Berg, jeung nu lianna) ngarasa mangmang kana kabisapercayaan sumber-sumber di luhur, utamana kumpulan hadits. Nu jadi alesan nyaéta nalika tradisi lisan ieu dikumpulkeun, masarakat Muslim geus bengkah jadi sababaraha madhab pamikiran. Unggal kelompok jeung madhab boga séwang-séwangan nu eusina mindeng patukang tonggong. Pikeun para sarjana Muslim, hal ieu nimbulkeun tangtangan pikeun nalungtik bebeneran kalawan leuwih anteb maké cara-cara modérn.

Loba sarjana Muslim jeung non-Muslim nu sapuk kana ayana (loba) tradisi nu teu oténtik/asli ngeunaan kahirupan Muhammad dina kumpulan haditsna (Malah, kabiasaan/tradisi ieu lolobana dicaritakeun ku otoritas Muslim nu dianggap lemah; ngan saeutik kumpulan hadits nu dianggap sahih, atawa bisa dipercaya; pikeun leuwih lengkep, buka élmu hadits).

Tapi, kaasup pikeun nu sképtik, ringkesan kasajarahan jeung babad salira nu dituliskeun di luhur bisa ditarima.

Kahirupan Muhammad numutkeun Siroh

édit

Silsilah Muhammad

édit

Numutkeun tradisi, Muhammad nyusud silsilahna nepi ka Adnan, nu dipercaya ku urang Arab kalér salaku karuhunna. Kasebutkeun yén Adnan téh turunan Ismail putra Ibrahim, najan silsilah pastina mah teu jéntré. Silsilah Rosululloh dugi ka Adnan nyaéta:

Muhammad bin Abdulloh bin Abdul Mutolib (Shaiba) bin Hashim (Amr) bin Abdul Manaf (al-Mughira) bin Qusai (Zaid) bin Kilab bin Murra bin Ka`b bin Lu'ay bin Ghalib bin Fahr (Quraish) bin Malik bin an-Nadr (Qais) bin Kinana bin Khuzaimah bin Mudrikah (Amir) bin Ilyas bin Mudar bin Nizar bin Ma`ad bin Adnan. (bin = "putra" dina basa Arab; ngaran séjén jalma nu dua ngaranna disebut dina kurung.)

Keur budak

édit

Muhammad lahir ti kulawarga aya nu matuh di Arab kalér nu disebut Mekah. Dumasar itungan, anjeunna kira-kira lahir 20 April 570; nu dumasar tradisi katelah Taun Gajah. Ramana, Abdulloh, pupus saméméh anjeunna babar antukna Muhammad dirorok ku akina ti bapa Abdul Mutolib, pamingpin bangsa Quraisy. Luyu jeung kabiasaan urang Mekah, ibuna ngirim anjeunna ka pilemburan sangkan disusuan sarta dirorok ku urang Baduy. Hawa pilemburan leuwih bérésih batan di Mekah, jeung karasa yén dina iklim kieu, urang kota baris mibanda awal nu leuwih kokoh dina kahirupanna. Dina yuswa genep taun Muhammad dikantun pupus ku ibuna, Aminah, sarta akina, Abdul Mutolib, dina yuswa dalapan taun. Salajengna Muhammad dirawatan ku pamanna Abu Tolib, pamingpin anyar bani Hasyim bangsa Quraisy, nu pangkuatna di Mekah.

Mekah mangrupa puseur dagang nu penting, salah sahijina ku sabab ayana Ka'bah salaku tujuan jarah. Para sudagar ti rupa-rupa suku bakal datang dina mangsa usum jarah, nalika perang antarsuku dicaram pisan antukna dadagangan bisa aman jeung teu kaganggu.

Salaku rumaja Muhammad mimiti marengan pamanna dagang ngumbara ka Suriah, antukna anjeunna boga pangaweruh lega ngeunaan sabudeureunana.

Manjing sawawa

édit

Salah saurang dunungan Muhammad nyaéta Siti Khodijah, rangda beunghar umur 40 taun. Dina yuswa 25 taun, anjeunna nikah ka Khodijah (595). Tina nikah ieu anjeunna jadi beunghar, najan ti kulawarga bapana, anjeunna teu nampa warisan.

Catetan siroh nunjukkeun yén Khodijah jeung Muhammad gaduh lima putra, hiji lalaki jeung opat awéwé. Sababaraha ahli sajarah ngabantah yén sababaraha anak awéwéna sabenerna ti salaki nu kadua, sedengkeun ahli séjénna keukeuh yén sadayana putra Muhammad. Lima putra éta babar sateuacanna Muhammad mimiti da'wah Islam. Putrana Qasim pupus dina yuswa dua taun. Muhammad dilandih Abul Qasim, nu hartina bapana Qasim. Putra nu opat nyaéta Zainab, Ruqayah, Ummu Kulsum, jeung Fatimah.

Citakan:Kulawarga Nabi Muhammad

Mitembeyan da'wah

édit
 
Guha Hiro numana, dumasar tradisi Muslim, Muhammad narima wahyu munggaran.

Muhammad mindeng niiskeun pikir di hiji guha deukeut Mekah. Kira taun 610, nalika niis, Muhammad kadatangan Malaikat Jibril sarta ngadangukeun sasanggemanana nu hartina "Baca, kalawan asma Alloh, Gusti nu Maha Nyipta. Nu nyiptakeun manusa tina saguruntul getih. Baca, kalawan asma Gusti nu Maha Ngawulang. Nu ngawulangkeun élmu migunakeun kalam; Nu ngajarkeun ka manusa sagala rupa nu teu dipikanyaho." (Tingal surat Al-Alaq pikeun lengkepna.)

Pangalaman munggaran jeung Jibril ieu matak ngaganggu kana pipikiran Muhammad, tapi Khodijah istrina ngayakinkeun jeung percaya yén ieu pangalaman téh bener; salajengna Khadijah jadi nu munggaran iman ka Muhammad. Khodijah salajengna dituturkeun ku adi sabrayna Muhammad nu kakara sapuluh taun Ali bin Abi Tolib sarta sobatna Abu Bakar.

Dugi ka pupusna, Muhammad sering nampi wahyu, najan antara nu munggaran jeung nu kadua aya jarak wanci nu lila. Nalika mangsa nunggu nu matak melang ieu, anjeunna nampa surat ad-Dhuha, nu eusina ngalelerkeun nu nuju marojéngja.

Kira taun 613, Muhammad mitembeyan da'wah di tempat umum. Mimiti mah lolobana teu miroséa, malah ngahinakeun anjeunna. Tapi salajengna, jul-jol hiji-hiji ngagabung jeung para sahabatna.

Dimusuhan

édit

Ngalobaanana umat Muhammad, nimbulkeun mumusuhan pikeun sawatara pamingpin lokal. Kawaluyaan aranjeunna gumantung ka Ka'bah, tempat jarah pamujaan. Mun aranjeunna mariceunan pamujaan-pamujaan éta, sakumaha nu diajarkeun ku Muhammad, bakal ngabalukarkeun leungitna nu jararah, dadagangan moal ramé, moal aya kabeungharan. Suku Muhammad nyalira, kaom Quraisy, pangrugina, sabab maranéhna pisan nu jadi pangawal Ka'bah. Muhammad jeung kaomna dihukuman, sababaraha di antarana aya nu diusir ka Habasyah Afrika sarta dugi ka ngababakan di tempat éta.

Sababaraha surat jeung bagian surat disebutkeun turun dina mangsa ieu sarta ngagambarkeun kaayaan ieu: tempo misalna al-Masadd, al-Humazah, sabagian surat Maryam jeung al-Anbiya, al-Kafirun, jeung 'Abasa. It was during this period that the episode known as The Satanic Verses may have happened. It is said that Muhammad was briefly tempted to relax his condemnation of Meccan polytheism and buy péace with his neighbors, but repented and recanted his words (see the article on The Satanic Verses). The incident is reported in only a few sources, and many Muslims do not accept it as fact.

Taun 619, Khodijah istri Muhammad sarta pamanna Abu Tolib pupus; katelah salaku "taun tunggara." Bani Hashim nolak jadi panyalindungan Muhammad (sabab pamanna nu jadi pamingpin bani Hashim pupus), antukna loba muslim nu ngarandapan siksaan jeung kalaparan.

Kira taun 620, anjeunna ngumumkeun yén anjeunna ngalaman Isro jeung Mi'roj - further alienating his enemies.

Hijrah

édit

Taun 622, nyanghareupan kasusah jeung ancaman pati, Muhammad bareng jeung para sahabatna di Mekah hijrah ka Madinah, di mana anjeunna loba nampi nu arasup Islam. Ku jalan megatkeun kasukuanana Muhammad nunjukkeun yén beungkeut kasukuan jeung kulawarga bisa kalindih ku beungkeutan Islam, hiji pamanggih révolusionér pikeun masarakat Arab. Hijrah atawa migrasi ieu nandakeun munggaran kala/kalénder Islam.

Masarakat Madinah miharep Muhammad bisa ngahijikeun kotana nu kabagi ku kelompok-kelompok, nu salajengna Muhammad ngabéwarakeun Piagem Madinah (antara 622-623), nu jadi dadasar sangkan kelompok-kelompok nu béda bisa hirup kumbuh babarengan. Tradisi toléransi awal ieu mangrupa salah sahiji sabab kuatna kakawasaan Muslim salajengna.

Perang

édit

Hubungan antara Mekah jeung Madinah cepet pisan jadi goréng silih musuhan (tempo surat al-Baqarah). Urang Mekah nyita sagala titinggalan Muslim nu ditinggalkeun di Mekah. Di Madinah, Muhammad nawis perjangjian nyatru jeung silih tulungan jeung suku-suku tatangga.

Bulan Maret 624, Muhammad mingpin 300 perjurit pikeun nyerang rombongan dagang Mekah. Urang Mekah hasil ngagagalkeun serbuan ieu sarta males ngirim pasukan leutik ka Madinah.

Tanggal 15 Maret 624 di deukeut lelewek Badar, pasukan Mekah jeung MUslim bantrok. Najan 300 ngalawan 800 dina perangna, pasukan Muslim meunang, nelasan sahanteuna 45 sarta nahan 70 urang Mekah; ti pihak Muslim ukur 14 urang nu palastra.

Kapamingpinan Muhammad beuki kuat

édit

Pikeun kelompok Muslim, meunangna di Badar jadi bukti nu nguatkeun karosulan Muhammad. Following this victory, after minor skirmishes, the victors expelled a local Jewish clan, the Banu Qainuqa. Virtually all the remaining Medinans converted and Muhammad became de facto ruler of the city.

Sapupusna Khodijah, Muhammad nikah deui, ka Aisyah putra Abu Bakar (nu salajengna jadi khalifah ngagentos Muhammad). Di Madinah, anjeunna nikah ka Hafsah, putra Umar (nu ngaganti Abu Bakar). Putra Muhammad nu salamét ogé nikah di Madinah: Fatimah ka Ali sarta Ummu Kulsum ka Usman.

Para sahabat tadi, dina mangsa salajengna jadi pamingpin ngaganti Muhammad. Kaopat khalifah, atawa panerus Rosul ieu, katumbukeun jeung Muhammad ku getih, nikah, atawa duanana (tapi tempo ogé Khalifah piekun émbaran nu leuwih lengkep ngeunaan kontrovérsi saha sabenerna khalifah kahiji).

Perang diteruskeun

édit

Taun 625, pamingpin Mekah Abu Sufyan nyerbu Madinah kalawan kakuatan 3.000 perjurit. Perangna lumangsung 23 Maret di Uhud, hasilna imbang. Pihak Mekah ngaku meunang, tapi leungiteun loba teuing soldadu pikeun ngadesek pasukan Muslim nepi ka Madinah.

Bulan April 627 Abu Sufyan mingpin deui pasukan nu leuwih kuat ka Madinah. Anjeunna dibantuan ku simpatisan urang Madinah, suku Yahudi Banu Qurayza. Muhammad ngalawan ku ngali lombang sabudeureun Madinah antukna salamet. This was the Battle of the Trench.

Satutasna perang, sadaya lalaki sawawa Banu Qurayza jeung saurang awéwé dipancung dumasar paréntah Saad bin Muadh, pamingpin nu dipilih ku Banu Qurayza. Sésa Banu Qurayza dijadikeun budak atawa tebusan, sedengkeun sadaya harta titinggalna dibagikeun di antara Muslim.

Satutasna perang ieu, pasukan Muslim bisa, maké cara panalukan atawa arasup Islam, ngalegaan pangaruhna ka kota-kota jeung suku tatangga.

Nalukkeun Mekah

édit

Taun 628, posisi Muslim geus cukup kuat antukna Muhammad wani balik ka Mekah, munjungan kalawan daméy. Bulan Maret 628 anjeunna siap-siap deui ka Mekah, dibarengan ku 1,600 urang. Sanggeus badami, hiji perjangjian dijieun di Hudaibiyah. Muhammad teu diwidian neruskeun jarahna ka Mekah taun éta. Taun payunna pihak Muslim diidinan jarah ka Mekah.

Alatan perjangjian dirumpak, perang lumangsung deui. taun 630, Muhammad nyerbu Mekah kalawan pasukan loba pisan, cenah nepi ka 10,000 perjurit. Nyanghareupan balai nu teu bisa dilawan, urang Mekah nyerah tanpa perang. Ku kituna Muhammad ngajangjikeun pangampunan sacara umum (aya sababaraha urang sacara husus anu henteu). Urang Mekah lolobana asup Islam, sedengkeun sesembahan-sesembahan sabudeureun Ka'bah diancurkeun. Ku ayana ieu, jarah nu biasa lumangsung robah jadi jarah Muslim.

Ngahijikeun Tatar Arab

édit

Saatosna wangsul ka Mekah, Muhammad ngéléhkeun satru suku-suku nu ngamusuhan di Hunayn, antukna Muslim jadi kakuatan nu onjoy di Tatar Arab, katambah ku gancangna suku-suku jeung séjén nu ngagabung ka Muhammad.

Muhammad salaku soldadu

édit

Salami hirup 63 taun, Muhammad kungsi jadi sudagar, lajeng ahli da'wah. Anjeunna ngangkat pedang dina mangsa ahir hirupna. Anjeunna jadi soldadu ukur sapuluh taun.

Loba kritik ditujukeun ka Muhammad alatan nyerang rombongan dagang jeung panalukan. Kritik nyebutkeun yén perangna jauh mela-melu ti mélaan manéh, tapi komentator Muslim ngajawab yén perang-perangna ukur pikeun mélaan masarakat Muslim ngalawan urang Mekah, kalawan tetep ngajaga kamanusaan nalika perang. Pikeun salawa salajengna, tempo Muhammad salaku soldadu.

Kahirupan kulawarga Muhammad

édit

Ti taun 605 nepi ka 619, Muhammad mung gaduh hiji istri, Khadijah. Saatos anjeunna pupus, nikah deui ka Aisyah, lajeng Hafsah. Salajengna anjeunna nikah deui ka sababarah istri, jumlahna aya sawelas (salapan atawa sapuluh aya kénéh nalika anjeunna pupus). Aya nu nyebatkeun anjeunna ogé nikah ka Maria al-Qibtiyya, tapi aya ogé nu ngabantah.

Khadijah istri munggaran Muhammad sarta ibu pikeun opat putra nu nyésa Fatimah. Istri-istri anjeunna salajengna di antarana mangrupa randa nu dikantun maot dipangperangan. Nu sanésna mangrupa putra sahabat-sahabat sarta pamingpin suku. salah sahiji pertikahan nu ahir ngahasilkeun saurang putra, mung lajeng pupus dina yuswa sapuluh sasih.

Nikahna ka Aisyah sering dikritik kiwari dumasar sumber tradisional nu nyebutkeun yén Aisyah ditikah nalika yuswa salapan taun (tempo Aisyah pikeun sawala ngeunaan hal ieu). Kritik ogé natanyakeun nikahna ka randa putra kukutna, Zaynab binti Jahsh, sarta dirumpakna paréntah Qur'an nikah ka leuwih ti opat istri. Pikeun émbaran leuwih lengkep ngeunaan kahirupan kulawarga Muhammad, katut kritikna, tingal pertikahan Muhammad.

Sahabat Muhammad

édit
Tempo artikel utama Sahabat

Istilah sahabat nujul ka singsaha baé nu nedunan tilu sarat: sapantar sareng Muhammad, kungsi ngadangu atawa ningal cacarios sahanteuna dina hiji kasempetan, geus asup Islam. Sahabat boga tanggung jawab pikeun nepikeun Hadits, sabab hadits kudu ditepikeun munggaran ku sahabat. Opat sahabat awal dina daptar di handap ogé mangrupa opat khalifah munggaran masarakat Muslim sapupusna Muhammad. Di handap ieu sababaraha urang sahabat anu utama,

Pupusna Muhammad

édit

Sapanjang hirupna, Muhammad mung sakali ngalaman kabancén, nyaéta méméh pupusna (sigana malaria). Anjeunna pupus dinten Minggu, kira pasosoré 8 Juni 632, di Kota Madinah, dina yuswa 63 taun.

 
Masjid Nabawi di Madinah. Di kompléks masjid ieu ogé ayana makam Muhammad jeung dua khalifah munggaran, Abu Bakar jeung Umar bin al-Khattab

Numutkeun kaom Si'ah, Muhammad kungsi ngémbarkeun minantuna (adi sabrayna), Ali, salaku panerusna dina pidato umum di Ghadir Khom. Tapi Abu Bakar jeung Umar bisa nyiasatan antukna Abu Bakar jadi khalifah.

Mayoritas kaom Sunni ngabantah hal ieu, sarta nyebutkeun yén pamingpin-pamingpin masarakat harita, kalawan bébas, sapuk milih Abu Bakar, salah saurang nu munggaran iman/ngarojong ka Muhammad salaku Rosululloh.

Najan aya kajadian kitu, Abu Bakar jadi pamingpin anyar. Kapamingpinanana lolobana kapaké pikeun ngalawan baruntakna suku-suku dina Perang Ridda.

Ku geus ngahijina Tatar Arab, salajengna pasukan Islam bisa nalukkeun sarta ngahijikeun Timur Tengah dina hiji kapamingpinan.

Turunan Muhammad

édit

Turunan Muhammad nu panjang yuswa mung Fatimah sarta paraputrana (aya ogé nu nyebatkeun yén putuna ti Zainab, Ammah atanapi Umamah, ogé panjang yuswa).

Kaom Si'ah percaya yén carogé Fatimah, Ali, sarta paraputrana mangrupa pamingpin nu bener pikeun umat Islam. Najan kaom Sunni teu percaya hal ieu, turunan Muhammad tetep dipihormat.

Turunan Muhammad katelah dina sababaraha landihan, kayaning sayyid, syed سيد, jeung syarif شريف (jamak: ِأشراف Asyrof). Loba pamingpin jeung inohong di nagara-nagara Muslim, baheula atawa kiwari, ngaku turunan anjeunna, kayaning wangsa Fatimid di Afrika Kalér, Idrisi, kulawarga karajaan Yordania jeung Maroko kiwari, sarta Agha Khan, Imam kaom Ismaili. Aya ogé sakumpulan masarakat di nagara-nagara Muslim nu ngakukeun nu sarupa kieu.

Pentingna sajarah Muhammad

édit

Sateuacan pupusna taun 632, Muhammad tos ngadegkeun Islam salaku kakuatan sosial jeung pulitik nu geus ngahijikeun ampir sakuliah Tatar Arab. Sababaraha puluh taun saatosna, panerusna geus hasil ngahijikeun sakuliah Tatar Arab, sarta nalukkeun Iran, Iraq, Mesir, Paléstina, Suriah, Arménia, jeung lolobana Afrika Kalér. Taun 750, Afrika Kalér geus sagemblengna dina kakawasaan Muslim, kitu ogé Spanyol kidul jeung Asia Tengah (kaasup Sind, di Lembah Indus). Dina abad kasapuluh, dipingpin ku Ghaznavid, Islam geus ngalegaan nepi ka wewengkon Hindu di wétaneun Indus, wewengkon India kalér kiwari. Salajengna, Islam sumebar kalawan daméy nepi ka sakuliah Afrika jeung Asia Tenggara. Islam kiwari diagem ku leuwih ti samilyar urang di sakuliah dunya, sarta jadi ageman kadua pangbadagna.

Tempo ogé

édit

Tumbu kaluar

édit
 
Wikiquote logo
Wikicutatan mibanda cutatan-cutatan nu patali jeung artikel ieu dina kaca

Biografi non-madhab:

Biografi Sunni:

Biografi Si'ah:

Jihat kritik:

Rupa-rupa:

Rujukan

édit