Buka ménu utama
Aci sampeu puding

Aci sampeu (sok disebut ogé: aci hui) mangrupa butiran pati sampeu anu utamana dipaké dina nyieun puding sarta minangka jadi bahan pikeun ngandelan kadaharan anu éncér.[1] Aci sampeu asalna tina akar hiji pepelakan perdu anu tumuwuh di nagara-nagara nu hawana panas, di sakumna dunya.[2] Pepelakan éta disebut "manic" atawa "cassava" jeung deui diwanoh kalayan ngaran "yuca" atawa "mandioca". Di Indonésia unggal jalma biasa wanoh kalayan sebutan "ubi kayu" atawa "sampeu".[2] Akar pepelakan sampeu ieu ngandung kurang leuwih sapertilu zat kanji tipung sarta dua pertilu cai.[2] Ngabutuhkeun waktu nu rada lila pikeun ngolah akar sampeu ieu nepi ka siap jadi bahan tipung pikeun nyieun kadaharan.[2] Mimitina pisan akar éta dikumbah sarta dipesékan.[2] Saterusna dikeueum dina cai salila tilu poé.[2] Bisa ogé diparud atawa digiling jadi bubur tipung.[2] Bubur tipung ieu bisa dipasak sarta di dahar, atawa bisa dipoé jadi tipung nu garing.[2] Pikeun meunangkeun tipung aci sampeu tina sampeu nu geus diparud atawa digiling éta, tuluy bubur tipung éta dicampur jeung cai bersih, nu saterusna diingkeun méh namper.[2] Tipungna bakal namper sacara lalaunan dina dasar wadah, sedengkeun sagala kokotor bisa ngalir kaluar babarengan jeung cai panyaringna.[2] Tipung sari éta dikaluarkeun terus dicampur deui jeung cai sarta diingkeun namper deui.[2] Prosés ieu bisa lumangsung nepi ka opat atawa lima kali. Lamun tipung ieu geus katingali bersih pisan, biasana dipoé sangkan jadi tipung garing nu bodas. Bisa ogé disebarkeun di luhur hiji wadah besi kalayan seuneu nu panas sarta dipasak.[2] Sabari dibeuleum eta, tipung terus-terusan diaduk.[2] Samentara tipung-tipung éta diasakkeun mangka butir-butir tipung éta bakal saling raket sarta ngawangun bal-bal leutik anu teu kaatur wangunna.[2]

RujukanÉdit

  1. (en) [1] (Dicutat tanggal 04 Desember 2011)
  2. a b c d e f g h i j k l m n Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. 1979. Apa dan Mengapa?. Jakarta: CV Pelita Indonesia. Kaca 152-153