Ampibi
Temporal range: Carboniferous - Kiwari
Cakung Bodas (Litoria caerulea)
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Subfilum:
Kelas:
Amphibia

Linnaeus, 1758
Subkelas jeung Ordo

Ordo Temnospondyli - extinct
Subkelas Lepospondyli - extinct
Subkelas Lissamphibia
  Anura
  Caudata
  Gymnophiona

Ampibi (kelas Amphibia; tina basa Yunani αμφις "duanana" jeung βιος "hirup") hartina takson sato nu ngawengku sakabéh tétrapoda (vertebrata suku opat) nu teu boga endog amniotik éktotérm nu leuwih loba hirup di darat. Ampir kabéh ampibi teu bisa nyaluyukeun manéh pikeun sagemblengna hirup di darat sakumaha tétrapoda modérn (amniota). Kiwari, aya kira 6.000 spésiés ampibi di sakuliah dunya. Ulikan ngeunaan ampibi jeung réptil disebut herpetologi. Ampibi bisa ngarénghap ngaliwatan kulitna, antukna sato ieu mah sénsitip pisan.

Karakteristik Sato amphibi édit

  1. Amfibi mibanda tulang tukang.[1] nyaéta vertebrata.[1]
  2. Amfibi mangrupa sato getih tiis.[1] Maranéhanana teu bisa ngatur suhu awak sorangan.[1]
  3. Amfibi méakkeun saeutikna bagian kahirupan maranéhanana di cai jeung di darat.[1]
  4. Amfibi teu boga sisit jeung kulit nu perméabel (molekul jeung gas bisa nembus).[1]
  5. Amfibi mibanda asang keur sahenteuna bagian kahirupan maranéhanana.[1] Sababaraha spésiés mibanda asang kur salaku larva, sedengkeun nu lianna bisa boga asang sakuliah kahirupan maranéhanana.[1]
  6. Lolobana amfibi ngalaman métamorfosis.[1]

Jinis-jinis ampibi di Indonésia édit

Amfibi (amphibia) dibagi kana tilu ordo, nyaéta Anura (bangkong jeung katak), caudata (salamander), sarta gymnophiona (Cecilia).[2]

  1. Orde Anura; Dipikawanoh ogé minangka bangkong atawa katak.[2] Ordo ieu diwangun kira-kira 55 famili kalawan jumlah spésiés nepi ka 6455 spésiés di sakuliah dunya.[2] Indonésia mibanda 351 spésiés bangkong jeung katak anu geus pasti.[2] Conto amfibi tina ordo anura nu hirup di Indonésia, di antarana bangkong Pelangi (Ansonia Latidisca), bangkong sihungan (Limnocetes sp.), Bangkong Getih (Leptophryne cruentata), Bangkong Walungan (Phrynoidis aspera), Bangkong jeram (Huia masonii), bangkong tangkal suku bodas (Philautus pallidipes), bangkong sawah (Fejervarya cancrivora), Bancét héjo (occidozyga lima), Precil Jawa (Microhyla Achatina), jeung bangkong tangkal jawa (Rhacophorus javanus).[2]
  2. Orde Caudata; Dipikawanoh ogé minangka salamander.[2] Ordi ieu diwangun ku 10 famili jeung jumlahna nepi ka 671 rupa spésiés. Ordo ieu euweuh di Indonésia.[2] Conto amfibi ordo Caudata, di antarana, salamander raksasa Cina (Andrias davidianus) anu hirup di Cina, salamander tonggong beureum (Plethodon cinereus) di Amérika Kalér jeung Asiatik Salamander (Hynobius kimurae).
  3. Order Gymnophiona; Dipikawanoh ogé minangka Cecilia. Ordo diwangun ku 10 family kalawan total spésiés ngahontal 200 spésiés.[2] Anggota amfibi tina famili Gymnophiona anu hirup di Indonésia (pulo Sumatra, Jawa jeung Kalimantan) nyaéta ti genus Ichthyophis sp. Sababaraha spésiés nu hirup di Indonésia, di antarana:[2] Indonésia Caecilians (Ichthyophis bernisi), Billiton Island Caecilian (I. billitonensis), Elongated Caecilian (I. elongatus), Javan Caecilian (I. hypocyaneus), java Caecilian (I. javanicus), black caecilians (I. monochrous), Kapahiang Caecilian (I. paucidentulus), Yellow-banded Caecilian (I. paucisulcus), sarta Sumatra Caecilian (I. sumatranus).[2]

Ti sagala rupa ampibi éta, nu loba dipikawanoh di Indonésia nyaéta anggota ordo Anura.[2] Sedengkeun amfibi tina runtuyan Gymnophiona, masih kurang dipikawanoh jeung jarang diulik.[2] Kadang Caecilian di Indonésia (hususna di Jawa) disebut minangka "ulo Duwel".[2]

Sumber rujukan édit

  • Amphibian, WIkipédia édisi basa Inggris (per 15 Januari 2007)

Tumbu kaluar édit