Angin nyaéta aliran hawa dina luar bumi nu gerak ti daérah nu miboga témperatur handap ka daérah nu miboga témperatur luhur.[1][2][3] Angin téh tina ayana béda suhu di sababaraha tempat nu ngabalukarkeun robahna tekenan hawa disababaraha tempat ogé.[4] Tekenan hawa bakal naék mangsa suhu keur panas jeung bakal turun deui mangsa suhuna niisan, niupna hawa ti tempat panas ka tempat anu leuwih tiis disebut angin.[5] Niup tina daérah anu tekenan hawana luhur ka daérah anu tekenan hawana leuwih handap.[5]

Gelebugna angin ditempo tina poto satelit
Pieter Kluyver (1816–1900)

Pindahna hawa bisa dibédakeun kana tilu rupa :Adveksi hawa anu pindahna horizontal atawa datar ka gigir, konveksi hawa anu pindahna kaluhur atawa vertikal, jeung turbulensi anu hawa pindah ku alatan sabab musabab anu tangtu.[6] Dina météorologi, angin nu mindeng disebut dumasar kana kakuatanna,sarta ti mana angin téh niupna.[6] Angin bisa dimangpaatkeun pikeun ngahasilkeun Énergi.[5] Kayaning kincir angin, alat anu dipaké piken muterkeun turbin pikeun ngahasilkeun listrik maké tanaga angin.[5] Angin ogé dimangpaatkeun pikeun pamayang indit katengah laut, kaperluan panalungtikan, olah raga, jeung réa-réa deui.[5]

Dicutat tinaÉdit

  1. Danadibrata, R.A (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. p. 25. ISBN 9793631937. Diakses tanggal (disungsi) 23 Des 2020. 
  2. Luthfiyani, Lulu. Kamus Genggam Bahasa Sunda. Yogyakarta2016: Frasa Lingua. ISBN 9786026475275. Diakses tanggal 23 Nopember 2019. 
  3. Tim Penyusun Kamus PS. 2013. Kamus Pertanian Umum. Jakarta:Penebar Swadaya ISBN 9790025939
  4. Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. 
  5. a b c d e Erlangga, Team (2009). Badai dan Angin Kencang. Bandung: Erlangga for Kids. ISBN 9789790154728. 
  6. a b Utoyo, Bambang (2007). Geografi: Membuka Cakrawala Dunia. Jakarta: PT Grafindo Media Pratama. ISBN 9789799255853.