Buka ménu utama

Arya KamuningÉdit

Tokoh historis jeung legéndaris di wewengkon kabupatén Kuningan ti jaman peralihan antara pangaruh Hindu ka Islam.[1] Kisahna dipakaitkeun jeung Sunan Gunung Jati, salah sahiji wali nu jadi tokoh utama nu nyebarkeun agama Islam di Cirebon.[1] anjeunna salaku nu ngadegkeun jeung mingpin wewengkon Kuningan nu sakti jeung boga tutumpakan kuda nu bisa hiber (kuda sembrani) nu ngarana Si Windu. Pernah tanding jeung tokoh ti daérah Rajagaluh (Majalengka) nu masih ngagem agama Hindu sarta meunang.[1] Dina tandingna éta Arya Kamuning kajebak ku tangkal lopang nu ngarambat jeung disalametkeun ku sato uncal , ku lantaran éta urang Kuningan (baheula) dipahing ngadahar sayur lopang jeung daging uncal saluyu jeung nu diamanatkeun ku karuhun.[1] Dipercaya makam Arya Kamuning ayana di désa Winduhérang, kurang leuwih 1 km beulah kulon kota Kuningan jeung diabadikeun minangka ngaran jalan.[1]

Satacan Islam asup ka Kuningan, di Padukuhan Winduhérang geus aya sesepuh nyaéta Ki Gedeng Kuningan.[2] anjeunna nu mimiti asup Islam sarta anjeunna deukeut jeung Sinuhun Gununng Jati.[2] anjeunna boga anak anu ngarana Amung Gegetuning Ati nu engkéna jadi Pangeran Aria Kamuning.[2] Ki gedéng Kuningan pupus, tuluy layonna jadi kembang malati nu seungit pisan.[2] Sangges Pangéran Adipati Ewangga dinobatkeun jadi Adapati Kuningan, Pangeran Aria Kamuning lain baé ngaping diwidang pamaréntahan, tapi di medan tempur ogé manéhna maturan.[2] Sangges wafat Aria Kamuning di Cipicung, komplék Makam Gede di kalurahan Kuningan kacamatan Kuningan.[2] Unggal poé jadi Kuningan diayakeun jiarah akbar di makamna.[2] Ngaran Aria Kamuning diabadikeun ogé ku Batalyon Infantri 203/Arya Kamuning BrigifI/Jaya Skti Kodam Jaya.[2]

RujukanÉdit

  1. a b c d e Rosidi,Ajip.Ensiklopedi Sunda, Alam, Manusa, dan Budaya termasuk Budaya Cirebon dan Betawi.Pustaka Jaya.Jakarta 2000.Halaman 64
  2. a b c d e f g h Hermawan, Wawan. Kuningan Menembus Waktu. PT.Martindo Gilang Pratama.Jakarta 2000. Halaman 38