Aspal nyaéta sajenis bahan mineral nu warnana coklat kolot nepi ka hideung geuneuk nu kapanggih di handap lapisan taneuh.[1] Di alam aspalkapanggih nu mangrupa cairan, barang padet atawa sabagian nu ngawangun barang padet.[2] Aspal ogé mangrupa bagéan nu wajar tina sésa bahan minyak kasar.[2] Aspal jadi beyé lamun kakeunaan panas. Manéhna jadi cair lamun kapanasan sarta jadi heuras lamun kakeunaan tiis.[2] Dtitempo tina bahan kimiana, mangka aspal téh nyaéta campuran hidrogen sarta karbon.[2]

Sipat Aspal

édit

Aspal mibanda sipat anu "waterproof" atawa tahan tembus cai.[2] Aspal geus dipikawanoh di kalangan bangsa Babilonia anu nyebutna "pitche" sarta "slime" atawa "leutak hideung".[2] Sanggeus sababaraha waktu jalma-jalma romawi nyebutna "bitumen".[2] Maranéhna ngagunakeun aspal pikeun némpelan liang-liang dina tengki cai sarta kolam renang sangkan teu bocor.[2]

Jenis Aspal

édit

Aya dua jenis aspal nu dipikawanoh nyaéta aspal asli atau aspal alamiah, sarta aspal hampas minyak taneuh.[2] Aspal alamiah éta asalna tina tamperan anu kapanggih di jero atawa di luar permukaan lapisan bumi.[2] Aspal ampas minyak taneuh nyaéta hasil pamisahan minyak kasar sanggeus ngaliwatan prosés panyulingan nu modérn.[2] Aspal alamiah éta kawangun dina awal-awal abad kabentukna lapisan bumi lantaran nyerepna minyak ka jero permukaan bumi éta ngaliwatan dasar tina keusik sarta susunan batu-batuan.[2] Aspal nu paling murni ayana dina kaayaan kakurung sarta kalindung sacara aman antara batu-batuan.[2] Tapi, ampir kabéh cairan aspal murni kasebut bisa nyerep ka luar.[2]

Panghasil Aspal

édit

Salah sahiji talaga aspal alam bisa dipanggihan di Trinidad di kapuloan Hindia Kulon.[2] Kebon aspal éta ngawengku legana 100 are sarta mibanda ukuran jerona 1000 suku.[2] Lamun jalan-jalan di dayeuh Washington D. C. dibéré manglapis aspal dina taun 1876.[2] Sabagian gedé aspal pikeun kaperluan ieu dicokot tina sumber aspal di Trinidad éta.

Semen Aspal

édit

Semén aspal nyaéta ngaran modérn pikeun nyieun lapisan aspal jalanan.[2] Semén aspal dipaké pikeun ngaratakeun jalan, sangkan bisa nahan keusik sarta batu jadi ngahiji.[2] Jeung kitu sakaligus méré mangpaat ogé nyegah cai ngarembes dina lapisan jalanan éta.[2] Manéhna mibanda sipat anu lentur macem tabéat karét lamun meunang tekenan kulon anu rongkah sakali ogé sarta moal pites atawa rengat kawas batu bata.[2] Pamakéan aspal kalayan kadar anu luhur ka tekenan kulon biasana dipaké jelema pikeun ngawangun landasan lapang udara di mana kapal udara éta bisa mibanda beurat nepi ka 300.000 pon sarta pikeun jar-jari raya pikeun treuk anu mibanda daya muat nepi ka 100.000 pon.[2]

Aspal di Laut Paéh

édit

Aspal anu aya di cekungan Sagara Paéh dina tilu wangun: (1) blok badag, nepi ka 100 ton beuratna (2) vena (3) ozocerite .[3] Aspal Sagara Paéh geus didokuméntasikeun salila période anu leuwih lila batan déposito hidrokarbon séjénna ti tiheula nepi ka abad ka-19.[3] Pamakéan utama aspal ti Sagara Paéh geus minangka bahan dina prosés pembalseman, pikeun tujuan pangubaran, pikeun fumigasi, sarta pikeun tatanén.[3] Perang kahiji anu dipikanyaho pikeun ngadalikeun deposit hidrokarbon aya di wewengkon Sagara Paéh di 312 SM antara Suriah Seleukus sarta N batean Arab anu cicing di sakuriling talaga.[3] Maniféstasi permukaan aspal patali pageuh kalayan aktivitas téktonik.[3] Di talaga éta sorangan, aspal dikaitkeun kalayan diapirs.[3] Salila période sajarah nu tangtu, aktivitas téktonik sarta diapiric ngabalukarkeun pembébasan ka permukaan Sagara Paéh ti aspal semiliquid nu patali jeung sajumlah badag gas hidrogén sulfida.[3]

Kagunaan aspal

édit

Aspal dina kahirupan sapopoé loba dimangpaatekun pikeun:

  1. Lapisan jalan
  2. Ngalapis pipa
  3. Ngalapis kabel
  4. Ngalapis bak cai, jeung réa-réa deui. [1]

Rujukan

édit
  1. a b Komandoko, Gamal (2010). Ensiklopedia Pelajar dan UmumKomandoko. Jakarta: Pustaka Widyatama. p. 89. ISBN 9789796103713.  Disungsi24 Januari 2023
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. 1979. Apa dan Mengapa?. Jakarta: CV Pelita Indonesia. Kaca 106
  3. a b c d e f g (id) [1] (Dicutat tanggal 02 Desember 2011)