Balé nyaéta hiji wangunan anu diadegkeun pikeun kapentingan balaréa, balé ilaharna aya diunggal désa.[1] Dipaké pikeun kaperluan ibadah (tajug), gempungan, atawa ngagarap tur ngaréngsékeun rupa-rupa pagawéan.[2] Balé ogé dimangpaatkeun pikeun jalma lian atawa anu datang ti daérah séjén, anu ngadon ngarereb atawa milu reureuh ku lantaran aya kaperluan atawa keur disatengahing lalampahan.[2] Balé geus dipikawanoh dina waktu anu geus lila, malahan kiwari balé ogé masih kénéh dimangpaatkeun pikeun tempat ibadah utamana di daérah Bali.[2] Balé ogé nunjul kana wangunan anu ngaréndéng tur nyambung jeung karaton gunana pikeun rupa-rupa kaperluan, aya balé anu leuwih leutik jeung rada ngelok ka tukang disebutna balé bandung.[1] Wangunan balé anu diwangun pikeun kapentingan lingkungan désa atawa kampung disebut balé désa, ilaharna dipaké dina raraga kagiatan-kagiatan sosial, kasenian, jeung rupa-rupa kagiatan séjéna.[3]

Balé désa

Dicutat tina

édit
  1. a b Dibrata, R.A. Dana (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. ISBN 9793631937. 
  2. a b c Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. 
  3. Gatut Murniatno, Sukirman, H.J. Wibowo (1998). Arsitektur Tradisional Daerah Istimewa Yogyakarta. Universitas Harvard: Direktorat Jenderal Kebudayaan. p. 79.