Boboko (ᮘᮧᮘᮧᮊᮧ) nyaéta pakakas masak pikeun ngabersihan béas dina kahirupan urang Sunda anu dijieunna tina awi nu dianyam.[1] .Wangunna buleud tapi anu handapna mah wangunna kotak nu sok disebut soko.[1] .Lian ti éta, boboko nyaéta parabot dapur wawadahan tina anyaman awi maké soko jeung diwengku.[2][3]

Boboko wadah kéjo

Nu séjénna nyebutkeun yén boboko nyaéta wadah sangu atawa béas, dijieunna tina anyaman awi tali anu wangun bagian luhurna buleud tur rada gedé, bagian handapna pasagi opat tur rada leutik sarta maké soko ngarah bisa nangtung atawa ajeg anu bahanna dijieun tina kai anu liat sabangsa sanin, waru, atawa dadap.[4]. Aya deui nu nyebutkeun boboko téh ''''bakul'''' leutik atawa wadah sangu anu disajikeun dina waktuna dahar.[5]. Nu pamungkas Boboko nyaéta wadah tina awi, wangunna beuki nyungcung ka handap;di sisina diwengku anu disebut biwir boboko, diwengku nyaéta dipageuhan ku cara anyaman dijepet tuluy dibeungkeut ku tali; bagian handapna maké soko tina awi anu teu dianyam tapi kuat.[6]. Lolobana dipaké wadah béas atawa sangu, anu wangunna loba ragemna ti nu mahal nepi kanu murah, boboko anu geus leungit sokona disebut boboko copong.[6] Di sawatara daérah boboko disebut said, aya ogé nu nyebut jodag. Hal éta saluyu jeung ukuran wadahna, ti mimniti pangleutikna cecenting, boboko, said jeung bodag.[6]

Rupa-rupa Boboko

édit

Rupa-rupa boboko nyaéta boboko jingko nyaéta boboko anu maké pangjingjingan kalawan maké turub tur dianyam dihadé-hadé, maké anyaman mata walik kalawan dipernis.[4] .Lamun boboko copong atawa boboko buntung nyaéta boboko anu handapna teu maké soko.[4]

Ajén Falsapah dina boboko

édit

Sababaraha babasan atawa paribasa maké kecap injeuman tina rupa atawa wangun, nyaéta pasagi, buleud jeung segitilu.[7]. Kecap pasagi aya dina dina babasan hirup kudu masagi.[7] Naon sababna prak-prakan hirup nu hadé diibaratkeun kana rupa pasagi? Masagi téh kecap gawé ti kecap kaayaan atawa sipat pasagi.[7] Nu disebut pasagi nyaéta rupa kotak – rupa nu dijieun ku opat sisi nu sarua ratana atawa lempengna, tur ukuranana sarua.[7] Pasagi nunjuk ka rupa nu sampurna dina kanyataanana.[7] Biasana dilarapkeun utamana dina perkara ngalakonan urusan dunya jeung ahérat atawa agama jeung darigama téa.[7] Sipat pasagi ngandung harti yén hirup téh boga sisi atawa widang nu teu ngan hiji atawa sarupa.[7] Sagala widang kahirupan kudu dilakukeun kalayan saimbang.[7][7] Cara urang hirup ayeuna di dunya, salian ti kudu mikirkeun kaperluan hirup di dunya, ogé kudu kukumpul amal-ibadah pikeun bekel engké jaga di aherat.[7] Ogé yén urang kudu sagala bisa atawa mahér sagala rupa, sabab hirup téh teu gampang jeung loba pisan unak-anikna nu urang kudu bisa sangkan urang hirup teu kadungsang-dungsang sangsara alatan euweuh kabisa.[7] Ringkesna, pasagi dijadikeun conto kumaha hirup kudu dilakonan, sipatna tindakan atawa kalakuan.[7]

Rupa pasagi teu pati jentré ayana di alam.[7] Dina ayana ogé sigana ngan ukur ngaharib-harib, teu saklek rupa pasagi. Da ongkoh rupa pasagi mah dijieun ti opat sisi nu tiap juruna kudu nyékon -kecap ti parabot tukang bas, pasékon- nu hartina opat juruna mun diukur persis 90 darajat téa.[7] Rupa pasagi loba dipaké pikeun wangun parabot sapopoé nu dijieun tina awi, di antarana nyaéta bésék, pipiti, suku boboko, hihid jeung sajabana. Rupa pasagi nu kawentar ka mana-mendi utamana pikeun muslim sabab sok di datangan ari naik haji tangtu Ka’bah di Mekah.[7][7][7] Ceuk si cenah, harti Ka’bah atawa kufah téh cenah pasagi.[7] Kaligrafi nu tulisanana ngaharib-harib ka rupa kotak disebut kufah atawa kufik.[7]

Salian ti rupa pasagi, rupa atawa wangun nu dipaké dina babasan nyaéta buleud.[7] Cara dina kalimah “Niat kudu buleud”.[7] Rupa buleud téh dijieun tina garis nu tungtungna panggih, bari jarak ti tengah ka unggal sisi sarua.[7] Dina Matématika mah istilah na “jari-jari atawa “r”, tina radian atawa radius téa.[7] Niat urusanana jeung sikep yakin, patali ogé jeung sikep méntal.[7] Pikiran jeung tindakan ngahiji, siga garis buleud.

Rupa atawa wangun buleud aya jeung loba di alam.[7] di antarana panonpoé, bulan, katumbiri, ombak leutik dina balong mun urang nyemplungkeun batu, daun taraté, jsb.[7] Dina parabot vernakular nu tina awi, rupa buleud dipaké pikeun rupa tampir, nyiru, telebug, téténong, ayakan, jsb.[7]

Rupa buleud sok dipaké perlambang kasampurnaan nu sipatna idéologis kaasup tauhid atawa kaimanan.[7] Bulan atawa panonpoé nu rupa dasarna buleud dipaké pikeun lambang nu islami.[7] Ngan sangkan teu pahili jeung sorabi, bulan digambarna sapasi, ongkoh sangkan masih aya tempat pikeun béntang.[7] Panonpoe dijadikeun lambang salah sahiji ormas Islam -sangkan teu pahili jeung rupa buleud séjéna- ditambahan ku garis nu nyebar ti sisi buleudan nu hartina cahaya.[7] Lambang bandera Jepang buleud beureum, nyimbolkeun panonpoe isuk-isuk. Pikeun ngagambarkeun manusa suci, dina seni lukis Nasrani, sirah manusa sok dibéré buleudan bodas nu disebut halo.[7] Dina pulitik (nipu rahayat leutik) sok kadéngé istilah kebulatan tekad hiji partey atawa rombongan manusa dina raraga ngadukung hiji calon.[7]

Galeri

édit

 

Tingali ogé

édit

Sumber

édit
  1. a b Sucipto, Toto, Rosyadi, dkk,. 2000. Kebudayaan Masyarakat Sunda di Kabupaten Lebak. Bandung: Direktorat Sejarah dan Nilai Tradisional, Proyek Pengkajian dan Pembinaan Nilai-nilai Budaya Jawa Barat.
  2. R.A Danadibrata. 2006. Kamus Basa Sunda R.A Danadibrata. Bandung. Kiblat. Halaman98.
  3. Luthfiyani, Lulu (2017). Kamus Genggam Bahasa SundaLuthfiyani. Yogyakarta: FRASA LINGUA. p. 14. ISBN 9786026475275.  Disungsi12 Januari 2023
  4. a b c Rachmat Taufiq Hidayat, spk. 2007. Peperenian Urang Sunda. Bandung. Kiblat. Hal26.
  5. Elis Suryani NS. 2010. Kearifan Budaya Sunda. Ciamis.Pemerintah Kabupaten Ciamis Disbudpar.Halaman57.
  6. a b c penyusun.2000. Énslikopedia Sunda.Pustaka Jaya.
  7. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ku Mang Jamal dina Cupumanik taun 2008