Bugang atawa Bangké (basa Hormat: Bigang) nyaéta awak sato anu geus paéh jeung buruk. Bugang mangrupa hakaneun penting pikeun mangpirang-pirang karnivora jeung omnivora di lolobana ékosistem anu aya di sakuliah dunya. Manuk héring, heulang,[1] héyna,[2] sétan tasmania,[3] koyote,[4] komodo,[5] oposum virginia,[6] sato gegeremetan anu kaasup kana famili Silphidae[7] jeung Sarcophagidae, sarta bilatung ogé ngahakan bugang.

Bangké uncal ngora anu paéh katabrak mobil
Koyote keur ngahakan bugang elk pas keur usum tiris salju.

Bugang anu geus buruk sanggeus paéhna sato bakal narik sato gegeremetan jeung baktéri pikeun ngalakukeun pembusukan. Teu lila sanggeus éta, sanyawa cadaverine jeung putrescine kaluar tina bugang minangka hasil ti aktivitas baktéri jeung ngabalukarkeun bau bugang.

Sababaraha jinis tutuwuhan jeung fungi mibanda bau buruk kawas bugang pikeun narik piroséa sato gegeremetan pikeun mantuan pakembangbiakan tutuwuhan jeung éta fungi. Tutuwuhan anu kawentar kayaning kembang bangké jeung fungi anu kaasup famili Phallaceae dipikanyaho ngaluarkeun bau buruk kawas bugang.

Rujukan

édit
  1. Hovenden, Frank. The Carrion Eaters Archived 2010-06-01 di Wayback Machine. Comox Valley Naturalists Society. 7 May 2010.
  2. "San Diego Zoo's Animal Bytes: Striped hyena". San Diego Zoo. 7 May 2010.
  3. "San Diego Zoo's Animal Bytes: Tasmanian Devil". San Diego Zoo. 7 May 2010.
  4. Stegemann, Eileen. "Skull Science: Coyote". NYS Department of Environmental Conservation April 2006
  5. Irvin, Randall. Attachment and Colonization of Pseudomonas aerugionsa: Role of the Surface Structures. Pseudomonas aeruginosa as an Opportunistic Pathogen. 1993.
  6. Len McDougall (2004). The Encyclopedia of Tracks and Scats: A Comprehensive Guide to the Trackable Animals of the United States and Canada. Globe Pequot. pp. 274–. ISBN 978-1-59228-070-4. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2016-05-16. Diakses tanggal 27 November 2011. [tumbu nonaktif]
  7. John George Wood (1892). Insects abroad: Being a popular account of foreign insects; their structure, habits and transformations. Longmans. pp. 82–. Diakses tanggal 27 November 2011.