Bunderan (élmu ukur)

Bagian-bagian tina hiji bunderan.

Dina géométri Euklid, hiji bunderan nyaéta kumpulan sakabéh titik dina hiji widang dina jarak nu tangtu, anu disebut radius, ti hiji titik nu tangtu, anu disebut puseur. Bunderan nyaéta conto tina kurva nutup basajan, ngabagi widang jadi bagian jero jeung bagian luar.

Bagian-bagian bunderanÉdit

Bagian-bagian anu aya dina bunderan, nyaéta:

  • Bagian bunderan anu mangrupa titik, nyaéta:
    1. Titik puseur (P) mangrupa hiji titik dina jero bunderan anu jadi rujukan pikeun nangtukeun jarak ka kumpulan titik anu ngawangun bunderan antukna sarua. Jarak antara titik puseur jeung bunderan hargana tetep sarta disebut radius.
  • Bagian bunderan anu mangrupa garis, nyaéta:
    1. Radius (R) mangrupa garis lempeng anu nyambungkeun titik puseur jeung bunderan.
    2. Tali gondéwa mangrupa garis lempeng dina jero bunderan anu motong bunderan dina dua titik anu béda (TG) atawa tali busur (TB) (dina basa Indonesia).
    3. Gondéwa (G) atawa busur (dina basa Indonesia) mangrupa garis melengkung anu patindih jeung bunderan.
    4. Kuriling bunderan (K) mangrupa gondéwa pangpanjangna dina bunderan.
    5. Diaméter (D) mangrupa tali gondéwa pangpanjangna nyaéta dua kali ti radiusna. Diaméter ieu ngabagi dua bunderan nu sarua legana.
  • Bagian bunderan anu mangrupa lega, nyaéta:
    1. Juring (J) mangrupa wewengkon dina bunderan anu diwatesan ku gondéwa sarta dua radius anu aya dina dua tungtungna.
    2. Tambéréng (T) mangrupa wewengkon dina bunderan anu diwatesan ku hiji gondéwa sarta tali gondéwana.
    3. Cakram (C) mangrupa sakabéh wewengkon anu aya dina jero bunderan. Legana nyaéta radius kuadrat dikalikeun jeung pi. Cakram mangrupa juring panglegana.

PersamaanÉdit

Hiji bunderan mibanda persamaan:

 

di mana   nyaéta radius bunderan sarta   nyaéta koordinat puseur bunderan.

Persamaan paramétrikÉdit

Bunderan bisa ogé dirumuskeun dina hiji persamaan paraméterik, nyaéta

 
 

anu lamun diantepkeun ngaliwatan waktu t baris dijieun hiji galur nu ngawangun bunderan dina rohang x-y.

Lega bunderanÉdit

Lega bunderan mibanda rumus:

 

anu bisa diturunkeun jadi:

 

dina koordinat polar, nyaéta

 

   

Ku cara anu sarua bisa ogé diitung lega satengah bunderan, saparapat bunderan, sarta bagian-bagian bunderan. Ogé bisa diitung lega hiji cincin bunderan kalawan radius jero   sarta radius luar  .

Pangjumlahan bagian juringÉdit

 

Lega bunderan bisa diitung ku cara ngabagi-bagi bunderan jadi juring-juring nu saterusna disusun deui jadi hiji pasagi panjang anu legana bisa ditangtukeun kalawan gampang. Dina gambar r hartina sarua jeung R nyaéta radius bunderan.

Lega juringÉdit

Lega juring hiji bunderan bisa diitung lamun lega bunderan dijadikeun fungsi tina R jeung θ, nyaéta;

 

kalayan wates harga θ nyaéta antara 0 jeung . Waktu θ boga harga , juring anu diitung nyaéta juring panglegana, atawa lega bunderan.

Lega cincinÉdit

Hiji cingcin mibanda lega anu gumantung kana radius jero   sarta radius luar  , nyaéta

 

di mana pikeun  , rumus ieu jadi jadi rumus lega bunderan.

Lega potongan cincinÉdit

Ku cara ngagabungkeun dua rumus saméméhna, bisa dibeunangkeun

 

anu mangrupa lega hiji cingcing teu gembleng.

Kuriling bunderanÉdit

Kuriling bunderan mibanda rumus:

 

Panjang gondéwa bunderanÉdit

Panjang gondéwa hiji bunderan bisa diitung kalawan ngagunakeun rumus:

 

anu diturunkeun ti rumus pikeun ngitung panjang hiji kurva:

 

di mana dipaké

 

minangka kurva anu nyusun bunderan. Tanda \pm ngisaratkeun yén aya dua kurva (pelengkungan), nyaéta bagian luhur jeung bagian handap. Duanana idéntik (inget définisi bunderan), ku kituna sabenerna ngan perlu diitung sakali sarta hasilna dikalikan dua.

Pi atawa πÉdit

Harga pi nyaéta hiji angka anu mangrupa sipat husus tina bunderan, nyaéta babandingan antara kuriling K jeung diaméternya D: