Cagar Budaya Ciung Wanara mangrupa titinggal puseur dayeuh Karajaan Galuh Pusaka anu dikukuhkeun ku Permanadikusumah.[1] Di ieu tempat aya titinggal ti legénda Ciung Wanara salah saurang putra Permanadikusumah.[1] Di dieu ogé dibangun Goong Perdamaian Dunia minangka lambang tali duduluran, perdamaian jeung alam.[1]

Legenda situs Karangkamulyan

édit

Legenda situs Karangkamulyan nyaritakeun ngeunaan Ciung Wanara nu aya hubunganna jeung Kerajaan Galuh.[2] Ieu carita téh dieusi ku kisah kepahlawanan nu luar biasa saperti kasaktian jeung kakuatan anu teu dipimilik jalma biasa tapi dipimilik ku Ciung Wanara.[2] Kisah Ciung Wanara mangrupa carita ngeunaan Kerajaan Galuh (zaman saacan ngadegna Kerajaan Majapahit jeung Pajajaran.[2] Aya raja Galuh mangsa harita nyaéta Prabu Adimulya Sanghyang Cipta Permana Di Kusumah jeung dua permaisuri, nyaéta Dewi Naganingrum jeung Dewi Pangrenyep.[2] Singkat kerajaan dipasrahkeun ka Patih Bondan Sarati sabab can dikarunia putra ti permaisuri ka hiji (Dewi Naganingrum).Raja Bondan ngan saukur mentingkeun sorangan, anugrah ti kuasa Tuhan Dewi Naganingrum dianugerahi putra, nyaéta Ciung Wanara]] nu jadi panerus Karajaan Galuh anu adil jeung wijaksana.[2]

Titinggal Karajaan Galuh

édit

Aya sababaraha titinggalan anu aya di Cagar Budaya Ciung Wanara nyaéta (a)Batu pangcalikan nyaéta batu titinggal singgasana jeung tempat musawarah raja (b)Panyambungan ayam nyaéta tempat titinggal Ciung Wanara ngadu hayam jeung Bonan Sarati (c)Sanghyang Bedil (d)Lambang peribadatan (e)Sumber cai anu aya nyaéta Citeguh jeung Cirahayu (f)Makam Adipati Panaekan (g)Pamangkonan (h)Batu Panyandaan (i) Walungan Patimuan (j) Leuwi Sipataunan tempat Ciung Wanara keur orok anu dipiceun téa.[1]

Lokasi

édit

Cagar Budaya Ciung Wanara pernahna di désa Karangkamulyan Kacamatan Cijeungjing kurangleuwih 16 km ka beulah wétan ti puseur dayeuh Ciamis anu gampang dijugjugna sabab sisi jalan gedé.[1]

Fasilitas

édit

Cagar Budaya Ciung Wanara miboga sababaraha fasilitas anu ditawarkeun nyaéta tempat parkir, tempat leleson, tempat dahar, tempat inuman, masjid jeung toilet.[1]

Galeri

édit

Sumber

édit
  1. a b c d e f Tim penyusun.[s.a].Budaya dan Pariwisata.Ciamis:[Disbudpar] Halaman 16.
  2. a b c d e http://budparciamis.com/?p=225 Archived 2011-10-02 di Wayback Machine (id) diakses ping (25 Oktober 2011)