Hayam
Hayam jago jeung hayam bikang
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
Subspésiés:
G. g. domesticus
Ngaran trinomial
Gallus gallus domesticus

Hayam (dialék Banten: Kotok) (Gallus gallus domesticus) nyaéta sato ingu sabangsa manuk anu hirupna sapopoé dina taneuh.[1]Anakna disebut Ciak atawa Pitik. Aya rupa-rupa hayam anu dipikawanoh saperti : hayam jago, hayam danten, hayam jajangkar, hayam kotok, jeung hayam bikang.[1] Ngaran hayam ditangtukeun dumasar kana buluna, asalna, jeung gawéna.[1][2]

Sipat Biologis jeung Habitat

édit

Hayam téh sato omnivora.[3] Dina pangencaran, hayam sok kokoréh dina taneuh nyiar sarupaning sisikian, serangga jeung sato nu rada gedé kayaning kadal, oray leutik atawa anak beurit.[4]

Hayam bisa hirup nepika 5-10 taun, gumantung kana prosés réproduksina.[5] Hayam pangkolotna di dunya, paéh dina umur 16 taun ku sabab gagal jantung, nurutkeun kana Guinness World Records.[6]

Kalakuan

édit

Kalakuan Sosial

édit

Hayam téh manuk nu resep nyobat tur hirup babarengan dina kelompok. Hayam boga deudeukeutan komunal pikeun nyileungleuman endog jeung ngagedékeunana. Hayam nyorangan dina kelompok bakal ngadominasi nu séjénna, sarta hayam nu dominan miboga prioritas pikeun aksés parab jeung tempat nyayang. Mindahkeun hayam jago atawa hayam bikang tina kelompok téh bisa ngalantarankeun gangguan témporér pikeun susunan sosial, nika susunan kakawasaan anyar diadegkeun. Nambahkeun hayam, komona mah anak hayam, kana kelompok anu aya bisa nyumebabkeun hayam téh diadu jeung cidera.[7]

Begér

édit

Hayam jago nu begér umumna mah sok ngigel puputeran di deukeut hayam bikangna, dibarengan ku nurun-nurunkeun jang-jangna.[8] Tarékah ieu téh pikeun mancing hayam bikang.[8]

Nyayang jeung Ngendog

édit

Hayam bikang bakal mindeng cicing di sayang nu geus aya endogan, sanajan éta endogna téh endog hayam séjén. Hayam umumna nendeun endogna di lokasi nu angger.

Nyileungleuman

édit

Dina kaayaan alami, umumna mah hayam bikang sok cindeten dina sayang nepi ka bérés ngendog, tuluy ngamegarkeun sakabéh endog éta. Kitu ogé jeung hayam negeri. Hayam nu cicing bakal eureun ngendog, minangka gantina bakal fokus kana prosés nyileungleuman (inkubasi). Sayang nu pinuh ku endog biasana paling loba + 12 siki. Ciri-ciri hayam nyilingleum biasana sok cindeten dina sayang, narajang atawa macok dina kaayaan mertahakeun saupamana kaganggu atawa dipindahkeun. Keur nyileungleum mah hayam jarang ninggalkeun sayang boh pikeun dahar atawa nginum. Samarian cicing, hayam mertahankeun sayangna supaya aya dina suhu jeung kalembapan nu angger, sarta muter-muter endog sacara tartil dina bagian munggaran nyileungleuman.

Pamegaran

édit

Dina ahir waktu nyileunleuman (+ 21 poé)[8] endog, lamun subur, bakal megar. Prosés ngembangna endog téh baréng jeung prosés nyileungleuman, jadi sakabéh endog téh bakal megar bareng, paling béda ogé sapoé 2 poéan. Sanajan anu diteundeun kana sayang téh aya nu kurang atawa leuwih ti 2 minggu.

Émbriologi

édit

Taun 2006, para ahli ngayakeun panalungtikéan yéh moyangna sakabéh manuk téh "asalna" tina hayam gén resesif, talpid2, jeung kanyahoan yén rahang émbrio dimimitian ku pangwangunan huntu, sakumaha nu kapanggih dina fosil manuk purba. John Fallon, pangawas proyék, ngedalkeun yén hayam téh mibanda "...mertahankeun pangabisa pikeun nyieun huntu, dina kaayaan tinangtu... ."[9]

Jenis-jenis Hayam

édit
 
Hayam katé

Dina kahirupan masarakat sunda, hayam téh dikelompokkeun jadi babaraha jenis. di antarana:

Hayam ogé miboga jenis hayam aduan, nyaéta hayam anu sok dipaké ngadu hayam.[10] Ciri-ciri hayam aduan bisa ditempo tina pamatuk, mata, bulu, jeung sisikna.[10] Pamatuk hayam aduan anu hadé disebut péot jaramieun, matana pétét, bulu jangjangna kudu nutupan nepi ka tunggir, cékérna kudu capit hurangeun nyaéta miboga capit jiga hurang, tulang dadana kudu nepi ka deukeut telih,.[10]

Béda jeung hayam jago, hayam jago anu hadé miboga sora anu panjang sedengkeun hayam aduan sorana kudu pondok.[10] Hayam adu tara sagawayah dileupaskeun bareng jeung hayam-hayam sjénna tapi kudu aya dina kandang ranggap.[10] ku cara rutin hayam adu dimandian tuluy dipoyan sangkan kuat, jeung deui hayam aduan ulah sagawayah dibéré nyatu naon baé kudu anu aya gizian.[10]

Rujukan

édit
  1. a b c d R.A Darnadibrata, .Kamus Basa Sunda. Kiblat 2006. Bandung.
  2. Rigg, Jonathan (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Jakarta: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. ISBN '- Check |isbn= value (bantuan). 
  3. "Info on Chicken Care". ideas4pets. Diakses tanggal April 14, 2015.  Archived Oktober 2, 2008, di Wayback Machine
  4. Gerard P.Worrell AKA "Farmer Jerry". "Frequently asked questions about chickens & eggs". Ferry Landing Farm & Apiary. Diakses tanggal August 13, 2008.  Archived Séptémber 16, 2008, di Wayback Machine
  5. "The Poultry Guide - A to Z and FAQs". Ruleworks.co.uk. Diakses tanggal April 14, 2015.  Archived Nopémber 28, 2010, di Wayback Machine
  6. Smith, Jamon. Tuscaloosanews.com "World’s oldest chicken starred in magic shows, was on 'Tonight Show’" Archived 2015-11-06 di Wayback Machine, Tuscaloosa News (Alabama, Amérika Sarikat). Diaksés 14 April 2015.
  7. Stonehead. "Introducing new hens to a flock « Musings from a Stonehead". Stonehead.wordpress.com. Diakses tanggal 14 April, 2015. 
  8. a b c Grandin, Temple; Johnson, Catherine (2005). Animals in Translation. New York, New York: Scribner. pp. 69–71. ISBN 0-7432-4769-8. 
  9. Scientists Find Chickens Retain Ancient Ability to Grow Teeth Ammu Kannampilly, ABC News, Diaksés 14 April 2015.
  10. a b c d e f (id)Hj.Patimah,spk. Ensiklopedi Sunda : Alam, Manusia dan Budaya termasuk Budaya Cirebonan dan Betawi. PT Dunia Pustaka Jaya. Jakarta 2000.