Ceuli atawa basa hormatna disebut salaku cepil mangrupa organ nu dipaké ku sato pikeun ngariksa sora.[rujukan?] Istilah ieu bisa nujul ka sakabéh sistim pikeun ngumpulkeun sarta ngolah sora (mimiti sistim pangrungu), atawa sakadar bagéan luar nu katempo.[rujukan?]

Ceuli kénca manusa.

Organ pangrungu lian-mamalia

édit

Lancah boga bulu na sukuna nu dipaké pikeun "nyabak" sora.[rujukan?]

Ceuli réptil ngan boga hiji tulang - malleus (tempo di handap).[rujukan?]

Ceuli mamalia

édit
 
Anatomi ceuli manusa.

Mamalia, kaasup manusa, boga dua ceuli, hiji di unggal gigir sirah.[rujukan?]

Ceuli luar nyaéta bagéan luar ceuli.[rujukan?] Bagéan nu ketempo disebut pinna, atawa auricle, nu fungsina pikeun ngumpulkeun sarta mokuskeun gelombang sora.[rujukan?] Loba mamalia nu bisa ngagerakkeun pinna sangkan bisa mokuskeun sarta ngarahkeun pangdéngéna, sakumaha maranéhna bisa ngagilerkeun panonna.[rujukan?] Manusa sacara umum geus leungiteun kabisa ieu.[rujukan?] Ti pinna, gelombang tekenan sora p (Pascal) mepay ka liang ceuli, solobong basajan nu nujul ka ceuli tengah.[rujukan?]

Ceuli tengah ngawengku kendang ceuli (tympanum atawa mémbran tympanik) jeung osikel, tilu tulang leutik na ceuli tengah.[rujukan?]

Kasakit jeung kaayaan médis ceuli sarta sistim pangrungu

édit

Kagangguna ceuli atawa sistim olah pangrungu na otak bisa ngabalukarkeun torék.[rujukan?]

Tempo ogé

édit

Rujukan

édit