Dombrét nyaéta basa wewengkon Subang tina dogér .[1] Dogér téh bobodoran nu aya pamaén awéwéna, ditabeuhan ku dogdog, ketuk tilu, jsb.[1]

Wewengkon Subang, istilah dombrét dipaké di wewengkon ieu, di daérah séjénna sarua jeung dogér.

Tepi ka taun 1970-an, pintonan dombrét masih sok kapanggih di wewengkon pantura.[2] Ayeuna kasedekkeun ku jaman, dombrét kari nineungna.[2] Lamun aya pintonan pikeun ngahibur kaum pamayang pantura, paling ogé dangdutan, tarling, jeung orgen tunggal, minangka hiburan rahayat. Lamun aya pintonan dombrét ngan saukur tatalu minangka bubuka manggung, ka dituna mah dangdut jeung lagu-lagu populér paménta nu lalajo.

Aki Omo (65) salah saurang pingpinan sakaligus nayaga (panjak) dombrét ti Désa Kosar, Purwadadi Subang geus ancrub dina seni dombrét kira-kira 27 taun ti saprak inyana rumaja. Ceuk Omo antara 1967 tepi ka 1987 mah dombrét masih kénéh aya. Dombrét dina jaman harita digolongkeun kana seni rucah, angot nu mikaresepna gé kalangan jéger, préman, atawa jawara-jawara baragajulan, jagoan kampung.

Lagu-lagu nu dipaké mirig dombrét gumantung di mana-manana manggung, naha di daérah pantura atawa di daérah séjénna. Lamun manggung di daérah séjén ti pantura, lagu nu dihaleuangkeun biasana lagu-lagu klasik saperti kembang gadung, mipit kembang, catrik, gondang, és lilin, sulanjana, ucing sumput, jsb. Gamelanana gendang, tarompét,gemyung, kentrang, kecrék, ketuk. Aya dogdog leutik disimpen dina baskom anu dieusi cai. Sorana pohara ngoncrang ka mana-mana, bisa ngahontal welasan kilométer. Ku éta sora dogdog, jalma-jalma bakal kairut, daratang ti jauhna ngadeugdeug pintonan.

Référénsi édit

  1. a b Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda. 2006. Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata. Bandung: Kiblat Buku Utama. ISBN 979-3631-91-0
  2. a b Majalah Ujung Galuh Édisi 18/ 2011.