Tarling' mangrupa kasenian has ti wewengkon basisir wétan sagara Jawa Barat (Indramayu-cirebon sarta sakurilingna).[1] Wangun kasenian ieu dina dasarna nyaéta pintonan musik, tapi dibiruyungan kalayan drama pondok.[1] Ngaran "tarling" dicokot ti singgetan dua pakakas musik dominan: gitar akuistik sarta suling.[1] Sajaba kadua instrumen ieu, aya ogé sajumlah perkusi, saron, kempul, sarta gong.[1] Mimiti tumuwuhna tarling henteu écés. Tapi kitu, dina taun1950-an musik sarupa tarling geus disiarkan ku RRI Cirebon dina acara "Wirahma Dayeuh Hurang", sarta ngajadikeunna populér.[1] Dina taun1960-an pintonan ieu geus dingaranan "tarling" sarta mimitian asup unsur-unsur drama.[1] Saprak ngalegaanana popularitas dangdut dina taun1980-an, kasenian tarling reuwas.[1] Ieu memaksa para seniman tarling ngasupkeun unsur-unsur dangdut dina pintonan maranéhanana, sarta hasil campuran ieu katelahna tarling-dangdut (atawa tarlingdut).[1] Saterusna, alatan tungtutan konsuménna sorangan, lagu-lagu tarling di campur jeung pakakas musik éléktronik ku kituna kabentuk grup-grup organ tunggal tarling organ.[1] Dina ayeuna, tarling geus pohara arang dipintonkeun sarta henteu deui populér.[1] Tarling dangdut leuwih pas disebut dangdut Cirebon.[1] Dina pintonan seni Tarling ieu mintonkeun opat materi seni nyaéta: 1. Sekar Gending, 2. Seni Drama, 3. Seni Lawak, Sedengkeun medium utama basana ngagunakeun basa Cirebon atawa Indramayu, sarta 4. seni Tari.[2] Juru kawih kaceluk Tarling nyaéta antara séjén: Aam Aminah, Nyi Dadang Darniah Biduanita Tarling Grup Endang Darna ti palimanan Cirebon.[2] Umumna seni Tarling dipentaskan utamana dina acara hajatan masarakat, boh walimahan boh sunatan.[2]

Rujukan édit

  1. a b c d e f g h i j k (id)Kesenian Tarling[tumbu nonaktif] (diaksés tanggal 7 November 2011)
  2. a b c Soepandi, Spk.Ragam Cipta: Mengenal Seni Pertunjukan Daerah Jawa Barat. Beringin Sakti 1998.Bandung.