Buka ménu utama

Endog Lewo atawa emplod nyaéta kadaharan khas Garut persisna di Kp.Cicadas, Désa Sukajaya, Kecamatan Malangbong.[1] Ieu kadahara téh ngan diproduksi di daérah Léwo.[1]

Eusi

GambaranÉdit

Disebut endog léwo ku sabab bentukna mirip endog.[2] Warnana kakonéng-konéngan, ieu kadaharan téh sarua jeung comro jeung guik anu bahan dasarna tina sampeu jeung sarua digoréng.[2] Tapi endog léwo béda jeung comro ku sabab endoh léwo mah rangu jadi bisa dijadikeun opieun.[3]

SajarahÉdit

Anu munggaran nyieun endog léwo téh nyaéta Haji Amin taun 1070-an.[2] Basa éta téh para patani di Léwo ngahasilkeun sampeu anu loba.[2] Haji Amin miboga pamikiran rék di kumahakeun éta sampeu anu loba, tuluy Haji Amin ngolah éta sampeu jadi emplod. Mimitina mah emplod téh ngan di jual di pasar Léwo wungkul.[2] tapi sumebar ka pasar Cicaléngka jeung Limbangan.[2] Ngan ku masarakat Malambong mah ieu kadaharan leuwih kasohor ngarana endog léwo kadaharan khas Malambong.[2] Lila kalilaan éta emplod téh loba anu resep nu nepi ka ayeuna éta emplod téh sumebar ka sababaraha kota saperti Subang, Sumedang, Bandung jeung Tasikmalaya.[2]

Cara nyieunaÉdit

Bahan dasarna nyaéta tina sampeu, anu dibéré uyah jeung dibumbuan ku bawang bodas sarta bahan-bahan séjéna.[2]Sampeu anu dipaké nyaéta sampeu hibrida anu umurna ngan 8 bulan.[3] Leuwih téréh 3 atawa 4 bulan dibanding umur sampeu nu biasana rata-rata nepi ka 11-12 bulan ti mimiti dipelak nepi ka panén.[3] Jenis singkong hibrida anu dijadikeun bahan baku emplod téh disebut sampeu jantung.[3] Hipu tapi kandel, nepi ka bisa diparud pikeun dijieun adonan bahan atahna emplod.[3] Saencan ayana sampeu jantung, biasana maké sampeu manihot atawa maleho, jeung sampeu gambir.[3] Tapi ka ayeunakeun sampeu anu jenis-jenisna nu gurih téh geus hésé. Ku sabab kalindih ku sampeu jenis hibrida.[3] Jenis sampeu tradisional anu masih aya nyaéta sampeu karihkil jeung sampeu hideung anu loba diolah ku pabrik tapioka.[4]

CatetanÉdit

  1. a b kadaharan deui (Dicutat tanggal 14 Oktober 2011)
  2. a b c d e f g h i Darpan, Suhardiman, Budi.2007.SEPUTAR GARUT.Garut:Komunitas Srimanganti.
  3. a b c d e f g Baraya Sunda kadaharan deui
  4. [1] (Dicutat tanggal 14 Oktober 2011)