Dina widang élmu hayat, évolusi (ᮆᮗᮧᮜᮥᮞᮤ) hartina parobahan pasipatan organisme dina sababaraha turunan, kaasup lahirna spésiés anyar. Ku majuna genetika modérn taun 1940-an, évolusi diwatesan leuwih husus salaku parobahan frékuénsi alél dina hiji populasi ti hiji generasi ka generasi salajengna. Dina widang séjén, évolusi dipaké leuwih umum pikeun nujul prosés parobahan naon waé sapanjang waktu.

Charles Darwin, lulugu téori évolusi dumasar kana seléksi alam.

Salah sahiji téori kohérén nu munggaran dina évolusi biologi diajukeun abad ka-19 ku Jean-Baptiste Lamarck. Ku medalna makalah babarengan antara Charles Darwin jeung Alfred Russel Wallace taun 1858, nu dituturkeun ku buku Darwin Origin of Species taun 1859, téori évolusi dumasar seléksi alam jadi beuki kaaku ku masarakat ilmiah sarta kaserep ku masarakat umum. Taun 1930-an, gawé bareng sababaraha élmuwan ngagabungkeun seléksi alam Darwin jeung téori héréditas nu diajukeun Gregor Mendel ngahasilkeun sintésis évolusi modérn. Dina sintésis modérn, "évolusi" dihartikeun salaku parobahan frékuénsi alél dina hiji gene pool. Parobahan ieu bisa jadi alatan sababaraha mékanisme béda: seléksi alam, genetic drift, atawa parobahan struktur populasi (gene flow).

Sumber rujukan

édit

Tumbu kaluar

édit
Jejer dasar biologi évolusi
Proses évolusi: makroévolusi - mikroévolusi - spésiasi
Mékanisme: seléksi - genetic drift - gene flow - mutasi
Mode: anagenesis - katagenesis - kladogenesis
Sajarah: Charles Darwin - The Origin of Species - sintésis évolusi modérn
Subwidang: genetika populasi - genetika ékologi - évolusi manusa - évolusi molekular - filogenetika - sistematika - evo-devo
Daptar jejer biologi évolusi | Kala évolusi