Buka ménu utama

Féminisme (Latin, femme, femina, femelia, perempuan). Féminisme nyaéta téori-téori sastra ngeunan masalah-masalah awéwé, anu patalina jeung pangarangogé nu maca atawa karya sastra éta sorangan.[1] Di Barat lahir tahun1960-an tapi buku-buku anu mimiti di tulis ku Virginia Woolf (1882-1941) anu judulna A Room of One’s Own (1929) jeung Simone Beauvoir (1908-1986) anu judulna The Second Sex (1949), eusina ngeunaan dégradasi awéwé dina katégori ‘nu séjén’.[1] Tapi ceuk Evans (2012: 393) wangenan ngenaan féminis geus di ungkabkeun ti ahir abad ka-18 ku Mary Wollstonecraft (A Vindication of the Right of Woman,1792).[1] Sacara umum féminis sipatna politis, kumaha patalina beurat sabeulah antara lalaki jeung awéwé. Ritzer jeung Goodman (2004: 415) ngaintroduksi vérsi-vérsi téori féminis, jiga: Feminis kultural (génder jang akibat faktor budaya), liberal (kabébasan pikeun milih), radikal (dasar perjuangan jang kabebasan), sosialis (dipatalikeun jeung sosial ekonomi), hideung (dikaitkeun jeung warna kulit,ras), éksisténsial (Jang mahluk mikir), multikultural (perbedaan), Marxian (jang kelas), jeung feminis psikonalisis (patali jeung lingkungan hirup) jeung féminis postmodernisme (patali jeung teks). Indikator anu matak ayana gerakan féminis,nyaéta: a) Kamekaran téhnologi kontrasépsi b) Kamekaran Pendidikan jang kaum wanoja c) Sékularisasi jeung turunna wibawa agama dina rupa rupa bidang kahirupan d) Munculna teori-teori postmodern nu ngadekonstruksi oposisi biner kaasup lalaki jeung awéwé e) Ayana kasadaran amun bedana gender nyaeta bedana kultural. Loba pisan pelopor, hususna dina widang sastra, jiga: Virginia Woolf, Julia Kristeva, Linda J. Nicholson, K. K. Ruthven, Toril Moi, Luce Irigarai, Helene Cixous, Donna J. Haraway, jeung sajabana. Ceuk Selden (1986: 132) tumpang tindih antara wangenan seks (biologis) jeung jenis kelamin, gender (psikologis kultural) jiga male jeung female, masculine jeung feminine.[1] Tujuan gerakan féminis nyaéta nyaimbangkeun, interélasi génder, lain séks.[1] Awéwé jelas teu nuntut kasaruaan biologis sabab geus kodrat, ciptaan Tuhan. Nu dituntut nyaéta leungitna ‘boga anggapan’ yén awéwé teu weléh lemah dibandingkeun jeung lalaki.[1]

RujukanÉdit

  1. a b c d e f Kutha Ratna, Nyoman (2018). 2000 Istilah, Biografi, Karya,Metode, dan Teori Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. ISBN 9786022297437.