Gaok mangrupa seni tradisional anu geus ngalaman singkritisme antara ajén-ajén budaya etnis Sunda buhun jeung budaya bernuansa islami anu dibawa ti cirebon.[1] Di jero pintonan sok dimimitian ku bacaan Basmallaa sedengkeun basa anu ditepikeun nyaéta basa sunda.[2] Sakapeung gayana kawas jelema anu keur ngumandangkeun adzan.[2] Busana anu dipaké pikeun pamaén mangrupa busana has sunda.[2] Seni ieu mimitian ngembang di Majaléngka saprak asupna ajaran Islam kira-kira abad 15 sabot pangeran Muhammad nyebarkeun agama Islam.[2] Anu dilaksanakeun minangka usaha dina dakwah islam.[1] Nepi ka ayeuna seni tradisonal Gaok masih aya nyaéta anu dimekarkeun di désa Kulur Kacamatan Majaléngka ku saurang seniman ngaranna Pidawuh Wangsaharja saprak kira-kira taun1920.[1]

Kasenian ieu kaasup seni sastra jenis mamacan (maca teks) atawa singgetan ti wawar ka anu acan (ngabejaan ka anu tacan nyaho), anu dipintonkeun tanpa penggung dina acara ritual atawa upacara adat anu umumna dilaksanakeun sabot ngayun (acara kalahiran orok ) ku cara ngadadarkeun carita kawas Babad Cirebon anu ditembangkeun ngaliwatan vokal para pamaén anu jumlahna antara opat nepi ka genep jalma.[1] Kalayan raksukanana maké kampret/ toro pepek kalayan beubeur, dipingpin ku saurang dalang/pengawawit sarta juru mamaos, diatur dumasar runtuyan;[1]

  • tatalu
  • lalaguan
  • tarian
  • pintonan

Sedengkeun pakakas musik anu dipaké nyaéta Gong Buyung sarta Kecrek ti Awi. Durasi pamaén biasana lumangsung sapeupeuting.[1] Para pamaénna sacara gagantian nembangkeun tembang kalayan sora nu keras, ku kituna dingaranan Gaok anu dicokot ti kecap “ ngagorowok “ (ceuceuleuweungan) jeung wangun pupuh atawa kakawen.[1]




Referensi édit