Gelas palastik nyaéta complong nu bahanna dijieun tina palastik. Ieu gelas umumna mah dipaké pikeun wadah cai nginum. Sawatara mah aya nu keur pakéeun deui, sedengkeun lolobana mah dipaké saliwatan atawa sakali paké téa nu satuluyna mah didaur ulang deui si ieu bahan palastikna téh.

Babandingan gelas palastik jeung gelas beling
Cangkir takeran tina palastik

Wangenan

édit

Gelas palastik loba rupana, aya ku macem-macem bebentukanna jeung warnana.

 
Gelas palastik beureum maké sedotan

Gelas palastik sok dipaké dina kagiatan-kagiatan nu ngumpulkeun jalma réa plastik, maksudna mah supaya teu tangel dina ngumbahan parabot nginum saréngséna kagiatan. Gelas palastik bisa dipaké pikeun neundeun sarupaning cairan, ngan mun panas teuing mah teu burung lééh éta gelas palastik téh.

Karuksakan lingkungan

édit

Lolobana gelas palastik mah dirarancangna pikeun sakali pakéeun jeung tuluyna mah dipariceunan atawa didaur ulang. Invéntarisasi siklus hirup tina babandingan kertas jeung palastik némbongkeun dampak lingkungan nu pohara gedéna ti dua faktor ieu.[1]

Produksi 1 ton (0,98 ton panjang; 1,1 ton pondok) gelas palastik ngaluarkeun 135 pon (61 kg) gas imah kaca.

Pilihan antara gelas kertas jeung gelas palastik patalina jeung umur barang sanggeus dipakéna. Gelas kertas bisa buruk leuwih gancang tinimbang gelas stérofom atawa gelas palastik. Secara umum kardus atawa kertas merlukeun waktu hiji nepi ka tilu bulan pikeun biodégradasi, lantaran sabagéan gedéna mah eusina téh kai, nepi ka 95% na. Tah ari gelas palastik mah lila pisan, bisa merlukeun waktu nepi ka 90 taun pikeun prosés biodégradasina téh, kitu ogé gumantung kana jenis palastikna.

Gelas palastik dijieun tina minyak, nu lain sumber daya alam kaanyarkeun. Di sagigireunna, gelas kertas bisa sumberna ti leuweung nu aya dina pangokolaan terus-tumerus.

Gelas plastik, utamana nu dijieun tina polystyrene, ogé mangrupa bahaya pikeun kaséhatan nu meureun kajadianna téh lantaran bahan kimia bisa leyur kana cai nginumna téa. Ieu hal leuwih mumkin kajadianna mun cai nginumna téh haneut atawa panas tinimbang jeung cai tiis mah.[2]

Informasi salajengna: runtah palastikPanampungan runtah Pasifik pangbadagna, and runtah laut

Tempo ogé

édit

Rujukan

édit
  1. Hocking, M. B. (1 February 1991), "Paper Versus Polystyrene: A Complex Choice" (PDF), Science 251 (4993): 504, PMID 17840849, doi:10.1126/science.251.4993.504  Archived 13 Juli 2016 di Wayback Machine
  2. Dvorsky, George (March 28, 2013). "How To Recognize the Plastics That Are Hazardous To Your Health". Diakses tanggal January 29, 2016.  Archived Januari 20, 2018, di Wayback Machine