Palastik nyaéta bahan anu mibanda salah sahiji tina rupa-rupa organik sintétik atawa sémi-sintétik anu gampang dijieun ngajadi rupa-rupa barang kabutuhan.[1] Bahan palastik biasana mah tina polimér organik anu massa molekulna luhur, sanajan dina prakna mindéng ngandung zat-zat séjén.[2] Palastik sintétik téh biasana mah paling sering diproduksi ku petrokimia, tapi henteu saeutik ogé anu alami.[3][4]

Parabot Rumah Tangga nu dijieun tina palastik
Bola Pingpong


Lantaran biayana anu kawilang murah, pabrik ogé gampileun nyieunna, fléksibilitas, ongkoh deui henteu tembus angin (imperviousness)[5]. Palastik loba pisan dijieun pikeun dimangpaatkeun[6]. Ieu palastik geus ngésérkeun bahan-bahan anu baheula/tradisional dipaké, saperti kai, batu, tanduk jeung tulang, kulit, kertas, logam, kaca, katut keramik.[7] Dina lolobanana geus diganti ku ngamangpaatkeun palastik, malahan nepikeun ka seumat/jepit kertas keur pesawat ruang angkasa.[8]. Dimangpaatkeun ogé keur kaperluan mobil malah (nepi ka 20% pamakéan palastikna), parabot/furniture, ogé cocooan.[9]

Pedaran édit

Di nagara berkembang, bisa waé henteu sarua - aya anu nyebutken 42% tina pamakéan India dipaké bungkus.[10] Dina widang kaséhatan ogé palastik loba pisan mangpaatna, tapi béda hartina jeung operasi palastik, lantaran éta mah dimaksudkeun kana bahan plastisitas anu hartina nyieun deui anu wujudna jeung sipatna kawas daging.[11] Palastik anu minuhan dunya ieu téh mimitina tina bakelite, diciptakeun di New York dina taun 1907 ku Leo Baekeland [12] anu nyiptakeun sebutan palastik [12]

Loba para ahli kimia meré mawéh élmu pangaweruh ngeunaan bahan tina palastik. Kaasup jawara Nobel Hermann Staudinger Katelahna bapa kimia polimer ogé Herman Mark, anu kawentar bapak fisika polimer [13] Ceuyahna pamakéan palastik ieu dimimitian awal abad ka-20 anu ngabalukarkeun masalah lingkungan alatan dékomposisi lila/ hésé ancur dina mangsa geus ngajadi runtah ku alatan komposisi/ campuran molekul anu kawilang gedé.[14] Kiwari masalah runtah palastik ieu dileukeunan ku tarékah daur ulang/ diancurkeun satuluyna bisa diolah deui.[15][16]

Etimologi édit

Kecap palastik asalna tina basa Yunani / πλαστικός /(palastikos) anu pihartieunana "bisa dijieun/wujud atawa nyieun/ ngawujud", tina /πλαστός /(plastos) anu pihartieuna "diwangun". Ieu dumasar kana sipat palastik anu leuleus, atawa plastisitas dina mangsa keur dijieuna.[17] Ku lantaran kitu aya rupa-rupa cara pikeun ngolah ieu palastik, aya anu Thermoforming (diteken), disuntikeun/ citak injéksi, diekstrusi. Aya ogé anu ditiup/blowing, satuluyna ieu palastik aya anu dijieun sheet lambaran, serat/benang, botol, gelas, piring jeung sajabana,[18][19].

Sajarah édit

Kamajuan dina widang palastik ieu kawilang geus ngaronjat. Hal ieu bisa ditingali ku ayana pamakéan bahan tina kimia anu saméméhna ngagunakeun bahan-bahan anu asalna ti alam (umpamana, karét, nitroselulosa, kolagén, galalite) jeung anu bener-bener maké molekul sintesis (saperti, bakelite, epoxy, Polyvinyl chloride).[20] Palastik téh mimitina tina bahan bio-derived/bahan ti alam anu tuluy diropéa deui jadi polimer organik. Dina taun 1600 SM, Mesoamericans bola/ball ngagunakeun karét alam, band, ogé papatungan.[rujukan?] Dina abad pertengahan tanduk sapi digunakeun saperti dipaké keur jandéla lantéra.[21] Bahan anu nurutan kana ieu tanduk diropéa tina protéin susu (kasein) jeung alkali.[22]

Dina taun 1800, sabagaén industri kimia anu rekah sajeroning Révolusi Industri, loba bahan anu dilaporkeun.[rujukan?] Kamajuan widang palastik ogé leuwih gancang ku pamagih Charles Goodyear vulkanisasi pikeun bahan termoset anu asalna tina alam.[rujukan?]

Parkesine dipercaya mangrupa palastik anu pangmimitina dijieun.[rujukan?] Bahan palastik geus dipaten ku Alexander Parkes di Birmingham, Inggris dina taun 1856.[23] Diresmikeun dina paméran gedé internasional di London taun 1862. 10 Parkesine meunang medali perunggu di taun 1862 di London[24]. Parkesine dijieun tina selulosa (bagian anu utama tina dinding sel pepelakan) dicampur ku asam nitrat sangkan leyur/larut. Hasilna (umumna dipikawanoh nyaéta nitrat selulosa atawa (pyroxilin)bisa liyur/larut kana alkohol tuluy ngabagel jadi bahan anu transparan tur élastis anu bisa dibentuk deui lamun dipanaskeun.[25] Ku jalan ngahijikeun pigmén/bahan keur campuran kelir kasajerounna, robah wé kelirna rada krém atawa gumantung kana kelir anu diasupkeun.[rujukan?]

Campuran Palastik édit

Ilaharna palastik diwangun tina polimér organik. lolobana tina ieu polimér dumasar kana kantétan/ranté atom karbon wungkul. Bisa ogé jeung oksigén, sulfur/walirang, atawa ogé nitrogén. Tulang pikeun kantétan atom tadi nyaéta sabagian tina kantétan/ranté anu utama "jalan" anu ngahubungkeun sabagian gedé bagéan anu sarua. pikeun nyaloyogkeun sipat-sipat palastik, unggal kumpulan molekul anu béda "ngagantung" tina tulangna (biasana manéhna "digantung" mangrupa sabagéan tina monomér saméméh monomér disambungkeun supanya ngajadi kantétan/ranté polimer). Struktur ieu "kantétan di gigir" mangaruhan sipat polimer. Ieu mangrupa parobahan anu hadé anu mangaruhan sipat-sipat polimér loba anu dipacéngkadkeun ngeunaan palastik anu aya hubunganna jeung ''Additive''.[26]

Bakelite édit

 
Radio Bakelite Anu dipaké Di imah

Palastik mimitina mah dumasar kana polimer sintétik dijieuna tina fénol ditambah formaldehida, ku cara anu kahiji ieu gampil jeung murah, sintétik diciptakeun dina taun 1907, ku Leo Hendrik Baekeland, salah saurang warga Amérika Sarikat gumelar di nagara bagéan New York. Baekeland keur néangan lak isolasi pikeun ngalapis kabel di motor listrik jeung generator. Manéhna manggihan yén ku ngahijikeun fénol (C6H5OH) jeung formaldehid (HCOH) ngahasilkeun hiji wujud/substansi/massa léngkét jeung tuluy manggihan deui "komposit" campuran bahan anu mana ieu bahan bisa dicampur jeung tipung kai, asbes, atawa kekebul batu tulis anu ngalantarankeun jadi kuat sagigireun éta ogé kuat ku seuneu/teu gampang kabeuleum. Bahan anyar ieu sakapeun] ngabudah lamun di sintétik. Ku lantaran éta Baekeland nyieun tarekah nyieun hiji alat teken/press supaya budah-na bisa diteken kaluar lalaunan supaya hasil produkna rata, ku sabab éta dina taun 1909 dibéwarakeun, sajeroning kumpulan American Chemical Society. [25] Bakelite mimitina dipaké keur kaperluan listrik jeung mékanik. Cunduk kana waktu pamangpaatan leuwih loba sajeroeun barang-barang konsumén ogé perhiasan dina taun 1920-an. Bakelite nyaéta bahan murni sintétik, henteu dumasar kana bahan anu hirup. Ieu ogé mangrupa thermosetting palastik anu munggaran.[27]

Palastik Ilahar dipaké édit

Mesin-mesin Palastik édit

  1. Mesin Injeksi/Injection Moulding
  2. Mesin Tiup/Blow Molding
  3. Mesin Ekstrusi/Extrusion
  4. Mesin Forming jeung Thermoforming
  5. Mesin Rotomoulding
  6. Mesin Film/ Blown film

Tempo Ogé édit

 
Wiktionary logo
Baca ogé pedaran Wikikamus ngeunaan kecap

Rujukan édit

  1. Plastik nyaéta
  2. Bahan plastik biasana mah tina polimér organik
  3. Bahan plastik anu alami
  4. Mawardi, Indra; Hasrin Lubis (2018). Proses Manufaktur Plastik Dan Komposit. Jakarta: Penerbit Andi. p. 69. ISBN 9789792963762. 
  5. Plastik hiji bahan henteu tembus angin
  6. Plastik loba pisan dijieun geusan dimangpaatkeun
  7. Barang-barang anudigantu ku plastik
  8. Plastik dipake ogé pikeun pesawat ruang angkasa Archived 2016-05-22 di Wayback Machine
  9. Plastics in European Cars, 2000-2008, A Rapra Industry Analysis Report, kaca 152
  10. :Handbook of Environment and Waste Management, diedit ku: Hung Yung-Tse, Wang Lawrence K, Shammas Nazih K, volume 2, kaca 1044
  11. Bedah plastik, beda jeung bahan plastik
  12. a b Fantastic Recycled Plastic: 30 Clever Creations to Spark Your Imagination, by David Edgar, Robin A. Edgar, p11
  13. Polymer Chemistry: Introduction to an Indispensable Science, by David M. Teegarden, pp.58-59
  14. Plastik bahaya ku lantaran hésé ancur Archived 2015-05-02 di Wayback Machine
  15. Ngolah runtah plastik
  16. Jadi Jutawan Modal Sampah Plastik, Nuryani Asih, Pustaka Grhatama, 1 Jan 2010 - 52 halaman
  17. Jendela Iptek Seri 15: Teknologi, PT Balai Pustaka, ISBN9796661144 ISBN 9789796661145
  18. Plastikos, Henry George Liddell, Robert Scott, A Greek-English Lexicon, at Perseus. Perseus.tufts.edu. Retrieved on 2011-07-01.
  19. Plastic, Online Etymology Dictionary. Etymonline.com. Retrieved on 2011-07-01.
  20. Kimia, Yudhistira Ghalia Indonesia, molekul sintesis
  21. Kimia, Yudhistira Ghalia Indonesia, Polimér organik
  22. Andrady AL, Neal MA (July 2009). "Applications and societal benefits of plastics". Philos. Trans. R. Soc. Lond., B, Biol. Sci. 364 (1526): 1977–84. doi:10.1098/rstb.2008.0304. PMC 2873019. PMID 19528050. http://www.pubmedcentral.nih.gov/articlerender.fcgi?tool=pmcentrez&artid=2873019. 
  23. UK Patent office (1857). Patents for inventions. UK Patent office. p. 255. 
  24. Stephen Fenichell, Plastic: The Making of a Synthetic Century, HarperBusiness, 1996, ISBN 0-88730-732-9 p. 17
  25. "Dictionary – Definition of celluloid". Websters-online-dictionary.org. Diakses tanggal 2011-10-26.  Archived 2009-12-11 di Wayback Machine
  26. Hans-Georg Elias "Plastics, General Survey" in Ullmann's Encyclopedia of Industrial Chemistry, 2005, Wiley-VCH, Weinheim. Citakan:DOI
  27. Watson, Peter. A Terrible Beauty (also published as Modern Mind: An intellectual history of the 20th century). London: Weidenfeld & Nicolson Ltd (imprint of Orion Books). 2001