Gustav Robert Kirchoff lahir taun 1824, nyaéta jadi élmuwan munggaran anu nunjeukkeun yén aliran arus listrik téh ngalir dina kecepatan cahaya ngaliwatan konduktor.[1] Tambahanana, Kirchof jeung Robert Bunsen pikeun ngabuktikeun élémén anu dipakaskeun dina suhu anu tangtu maké cahaya anu diwarnaan, nyanghareupan panimuan cesium jeung rubidium.[1]

Gustav Kirchhoff

Dina ertengahan abad ka-19, Kirchof manggiihan cara pikeun nangtukeun arus listrik dina rangkéan anu boga cabang anu satuluyna dipikawanoh minangka hukum Kirchof.[2] Éta hukum téh unggelna “Jumlah kuat arus anu asup dina titik cabang sarua jeung jumlh kuat arus anu kaluar tina titik cabang”.[2] Anu satuluyna dipikawanoh minangka Hukum Kirchof I.[2]

Hukum Kirchof aya dua, hokum anu kadua nyaéta pikeun nangtukeun kuat arus anu ngalir dina rangkéan anu aya cabangan dina kaayaan nutup (saklar dina kaayaan nutup).[2] Hukum Kirchof dua unggelna “Dina rangkéan anu nutup, jumlah aljabar GGL (E) jeung jumlah panurunan poténsial sarua jeung enol”.[2] Maksudna tina jumlah panurunan poténsial sarua jeung enol téh nyaéta euweuh énérgi listrik anu leungit dina éta rangkéan, atawa ngandung harti sakumna énérgi listrik bisa dipaké atawa diserep.[2]

Sumber

édit
  1. a b (en)Gustav Kirchhoff biography Archived 2013-11-29 di Wayback Machine (diakses tanggal 12 November 2011)
  2. a b c d e f (id)hukum Kirchoff dan Hukum Ohm (diakses tanggal 12 November 2011)