Aseupan nyaéta parabot dapur nu dijieun tina anyawan awi tur wangunna nyueung atawa nyungcung.[1] Lamun ditangkubkeun pikeun barangasakan seupan-seupan. Aseupan wangunna saperti seuseukeut patlot[2].[3][4]

Aseupan

Aseupan atawa kukusan nyaéta wadah paranti nyeupan sangu atawa kadaharan séjén [5]. Kawas sééng aseupan mangrupa parabot masak anu penting nyaéta pikeun nyangu[5]. ku sabab kitu hampir di sakabéh dapur urang Sunda aya aseupan[2]. Biwir aseupan aya nu diwengku aya ogé nu henteu[6]. Lian ti pikeun nyeupan sangu, aseupan ogé sok dipaké pikeun nyeupan rupa-rupa kadaharan séjénna[6]. Aseupan téh sapasang jeung sééng anapon conto kadaharan anu wangunna sarua jeung aseupan nyaéta sangu tumpeng[6].

Referensi

édit
  1. Luthfiyani, Lulu (2017). Kamus Genggam Bahasa SundaLuthfiyani. Yogyakarta: FRASA LINGUA. p. 9. ISBN 9786026475275.  Disungsi12 Januari 2023
  2. a b Danadibrata,R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat Kaca 36
  3. Denny Djuhaeni, Dra. Rini Tanumulyana, Elly Sarimana S. Pd, Ine Novita S.Pd, Drs. (2001). Mustika Basa Sunda. Jakarta: Grasindo. p. 18. ISBN 9789796952557. Diakses tanggal (disungsi – 22 Mei 2020). 
  4. Juhaendy, Drs. Denny; Dra. Rinne Tanumulyana; Ally Sarimanah, Spd; Inne Novita W, S.pd (1882). Mustika Basa Sunda. Jakarta: Grasindo. p. 18. ISBN 9789796952557. 
  5. a b Tim Peneliti Proyek Pengkajian dan Pembinaan Nilai-nilai Budaya Jawa Barat.2000. Kebudayaan Masyarakat Sunda di Kabupaten Lebak Jawa Barat. Bandung: CV. MANFADA UTAMA kaca 103
  6. a b c Rosidi Ayip, spk.(2000) Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia dan Budaya.Jakarta: Pustaka Jaya kaca 65]