Arya Kamuning: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
m Ngarapihkeun éjahan, replaced: nya éta → nyaéta using AWB
Ilhambot (obrolan | kontribusi)
m →‎Arya Kamuning: Ngarapihkeun éjahan, replaced: Gede → gedé
Baris ka-2:
Tokoh historis jeung legéndaris di wewengkon kabupatén [[Kuningan]] ti jaman peralihan antara pangaruh [[Hindu]] ka [[Islam]].<ref name="buku1">Rosidi,Ajip.Ensiklopedi Sunda, Alam, Manusa, dan Budaya termasuk Budaya Cirebon dan Betawi.Pustaka Jaya.Jakarta 2000.Halaman 64</ref> Kisahna dipakaitkeun jeung [[Sunan Gunung Jati]], salah sahiji wali nu jadi tokoh utama nu nyebarkeun agama Islam di [[Cirebon]].<ref name="buku1"/> Anjeuna salaku nu ngadegkeun jeung mingpin wewengkon Kuningan nu sakti jeung boga tutumpakan [[kuda]] nu bisa hiber ([[kuda sembrani]]) nu ngarana [[Si Windu]]. Pernah tanding jeung tokoh ti daérah [[Rajagaluh]] ([[Majalengka]]) nu masih ngagem agama [[Hindu]] sarta meunang.<ref name="buku1"/> Dina tandingna éta Arya Kamuning kajebak ku tangkal [[lopang]] nu ngarambat jeung disalametkeun ku sato [[uncal]] , ku lantaran éta urang Kuningan (baheula) dipahing ngadahar sayur lopang jeung daging uncal saluyu jeung nu diamanatkeun ku karuhun.<ref name="buku1"/> Dipercaya makam Arya Kamuning ayana di désa [[Winduhérang]], kurang leuwih 1&nbsp;km beulah kulon kota Kuningan jeung diabadikeun minangka ngaran jalan.<ref name="buku1"/>
 
Satacan Islam asup ka Kuningan, di Padukuhan Winduhérang geus aya sesepuh nyaéta [[Ki Gedeng Kuningan]].<ref name="buku2">Hermawan, Wawan. Kuningan Menembus Waktu. PT.Martindo Gilang Pratama.Jakarta 2000. Halaman 38</ref> Anjeuna nu mimiti asup Islam sarta anjeuna deukeut jeung [[Sinuhun Gununng Jati]].<ref name="buku2"/> Anjeuna boga anak anu ngarana [[Amung Gegetuning Ati]] nu engkéna jadi [[Pangeran Aria Kamuning]].<ref name="buku2"/> Ki Gedenggedéng Kuningan pupus, tuluy layonna jadi kembang malati nu seungit pisan.<ref name="buku2"/> Sangges Pangéran Adipati Ewangga dinobatkeun jadi Adapati Kuningan, Pangeran Aria Kamuning lain baé ngaping diwidang pamaréntahan, tapi di medan tempur ogé manéhna maturan.<ref name="buku2"/> Sangges wafat Aria Kamuning di [[Cipicung]], komplék [[Makam Gede]] di kalurahan Kuningan kacamatan Kuningan.<ref name="buku2"/> Unggal poé jadi Kuningan diayakeun jiarah akbar di makamna.<ref name="buku2"/> Ngaran Aria Kamuning diabadikeun ogé ku [[Batalyon Infantri 203/Arya Kamuning BrigifI/Jaya Skti Kodam Jaya]].<ref name="buku2"/>
 
==Rujukan==