Mun geus sawawa, éritrosit [[mamalia]] jadi ''nir-inti'' (''anucleate''), nu hartina teu boga [[inti sél]] sahinggaantukna teu ngandung [[DNA]]. Pikeun babandingan, éritrosit vertebrata lian ti mamalia ampir kabéhanana boga inti; nu geus kanyahoan téh ukur [[salamander]] genus ''[[Batrachoseps]]''.<ref>W. D. Cohen. [http://www.springerlink.com/content/q88qv27q77620746/ The cytomorphic system of anucleate non-mammalian erythrocytes.] ''Protoplasma'', vol. 113 No. 1, Pébruari 1982</ref> Éritrosit mamalia ogé leungiteun [[organél]], kaasup [[mitokondria]], sahinggaantukna ngahasilkeun tanaga tina [[férméntasi (biokimia)|férméntasi]], ngaliwatan [[glikolisis]] [[glukosa]] nu dituturkeun ku produksi [[asam laktat]]. Lian ti éta, sél beureum teu boga [[reséptor insulin]], da asupan [[glukosa]]na gé teu diatur ku [[insulin]]. Alatan kakurangan-kakurangan di luhur, ieu sél getih téh teu bisa ngahasilkeun protéin, boh struktural, pangropéa, atawa [[énzim]], sahinggaantukna umur hirupna kawates.
Éritrosit mamalia bentukna cépér [[konkaf|bikonkaf]]: depé sarta leuwih dekok di bagian tengah. Bentuk ieu (ogé euweuhna organél & inti) ngarojong sangkan patukeurna oksigén sél jeung sabudeureunana leuwih optimal. Sél ieu ogé fléksibel sahinggaantukna bisa nyélékét kana [[kapilér]] tempat ngaleupaskeun muatan oksigénna. Iwal ti [[onta]] ti kulawarga [[Camelidae]] nu éritrositna lonyod, di mamalia séjén mah bentukna buleud.
Dina saluran getih anu badag, sél-sél getih beureum kadang numpuk ngabentuk ''formasi rouleaux''. Kajadian ieu lumangsung utamana mun kadar sababaraha jenis protéin sérum ngaronjat, misalna mun aya [[inflamasi]].<!--