Pasantrén: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Ilhambot (obrolan | kontribusi)
m Ngarapihkeun éjahan, replaced: Indonesia → Indonésia (7)
Ilhambot (obrolan | kontribusi)
m Ngarapihkeun éjahan, replaced: tibatan → ti batan, kamana-mana → ka mana-mana
Baris ka-15:
Pasantrén anu ngan saukur ngajarkeun kaélmuan agama Islam disebut [[pasantrén salafi]]. Pola tradidional anu dilarapkeun dina pasantrén salafi nyaéta para santri digawé keur kyai-bisa macul [[sawah]], ngurus [[balong]] jsb.- Lolobana mah pasantrén salafi nyadiakeun asrama pikeun tempat matuh para santrina kalawan waragad anu murah atawa tanwaragad (haratis). Para santri umumna mah méakkeun waktu nepi ka 20 jam dina sapoé kalawan pinuh ku kagiatan, ti mimiti [[solat shubuh]] dina wanci janari, nepi ka maranéhna saré deui peutingna. Wanci pabeubeurang para santri mangkat ka sakola umum pikeun diajar kaélmuan formal, pasosoré maranéhna hadir dina pangajian jeung kyai atawa ustadz pikeun neleban pangatikan agama jeung Al-Qur’an.
 
Aya ogé pasantrén anu ngajarkeun pangatikan umum, anu proséntaseu atikanana réa kénéh élmu-élmu pangatikan agama Islam tibatanti batan élmu umum (matématika, fisika jrrd). Anu kieu sok mindeng disebut minangka pondok pasantrén modérn, jeung umumna mah tetep nekenkeun ajén-ajén tina kabasajanan, kaihlasan, kamandirian, jeung ngadali diri. Dina pasantrén anu matéri atikanana campuran antara pangatikan élmu formal jeung élmu agama Islam mah para santri téh dialajarna siga di sakola umum baé atawa di [[madrasah]]. Pasantrén campuran pikeun tingkat [[SMP]] kadang-kadang ogé dipikawanoh minangka [[Madrasah Tsanawiyah]], ana pon pikeun tingkat [[SMA]] mah ngaranna [[Madrasah Aliyah]]. Tapi bédana pasantrén jeung madrasah mah aya dina sistemna. Ari pasantrén mah santrina diasramakeun, ari madrasah mah henteu.
 
Iwal ti éta ogé aya pondok pasantrén induk anu oga cabang di wewengkon lia, jeung biasana dikokolakeun ku alumni éta pasantrén induk. Contona baé, Pondok Pasantrén Modérn Darussalam [[Gontor]] anu perenahna di [[Ponorogo]], [[Jawa Wétan]] boga cabang pondok alumni, di antarana:
Baris ka-22:
 
==Sajarah Umum==
Umumna hiji pasantrén ditaratas ku ayana saurang kyai di hiji patempatan, tuluy datang santri anu rék dialajar agama ka anjeunna. Sabada beuki poé beuki réa santri anu daratang, muncul inisiatif pikeun ngadegkeun pondok atawa asrama di gigireun imah éta kyai. Jaman baheula mah kyai teu ngarencanakeun kumaha ngawangun éta pondokna, ngan anu kapikiran sotéh ngan saukur kumaha ngajarkeun élmu agama sangkan bisa dicangking jeung dipikaharti ku para santri. Harita mah kyai téh can neundeun perhatian kana patempatan anu dicicingan ku para santri, anu umumna leutik pisan jeung basajan. Maranéhna nempatan hiji gedong atawa imah leutik nu diwangun ku sorangan di sabudeureun imah kyai. Beuki réa éta jumlah santri, beuki nambahan ogé éta [[kobong]] anu diwangun téh. Para santri tuluy mopilérkeun éta ayana pasantrén téh, nu antukna jadi kawentar kamanaka mana-mana,contona baé siga pondok-pondok anu muncul di jaman [[Walisongo]].
 
==Pungsi Pasantrén==