Apartheid: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Uzi herang (obrolan | kontribusi)
Tidak ada ringkasan suntingan
Uzi herang (obrolan | kontribusi)
Baris ka-32:
Undang-undang munggaran anu ngatur sistem apartheid nyaéta Group Areas Act of 1950 anu misahkeun ruang hirup antar warga nagara.<ref name=":2" /><ref name=":8" /> Intina konsép apartheid ieu ngagunakeun sistem 'kamekaran nu dipisahkeun' tepi ka ngabalukarkeun rupa-rupa kultur di Afrika Kidul misah antara hiji jeung nu lainna.<ref name=":5" /> Salian ti éta, pamaréntah ngaluarkeun kawijakan pamisahan ras anu leuwih ketat jeung sistematis.<ref name=":0" /> Dumasar <nowiki>''</nowiki>Undang-undang Pendaftaran Populasi<nowiki>''</nowiki> masarakat Afrika Kidul dibagi jadi tilu kategori ras nyaéta kulit bodas anu lolobana katuruna Eropa, ras Bantu atawa masarakat Afrika kulit hideung, kulit warnaan (masarakat ti ras campuran) anu mangrupa katurunan Melayu Cape.<ref name=":0" /><ref name=":6" /><ref name=":5" /><ref name=":8" /> Tuluy aya ras anyar nyaéta ras Asia anu lolobana urang Pakistan jeung India.<ref name=":0" /><ref name=":6" /><ref name=":5" /><ref name=":8" />
 
Afrika Kidul tuluttuluy dibagi jadi 80 persén wilayah éta nagara dikawasa ku masarakat kulit bodas anu cicing di pakotaan sedengkeun masarakat kulit hideung ditempatkeun di daérah anu pangsangsarana anu disebut ''homelands'' atawa lemah cai.<ref name=":2" /><ref name=":8" /> Maranéhna boga pamaréntahan administrasi mandiri.<ref name=":8" /> Sacara ékonomi maranéhna diasingkeun.<ref name=":8" /> Dina taun 1970 lumaku ''Undang-Undang Kewarganegaraan Tanah Air Bantu'' anu eusina sakabéh masarakat kulit hideung kudu cicing di homeland.<ref name=":8" /> Masarakat homeland kudu mawa paspor saupama hayang ninggalkeun wilayahna.Waktu masarakat kulit hideung dipaksa kaluar ti kota, daérah padumukanana disebut Bantustan atawa 'lemah cai Afrika'.<ref name=":8" /> <ref name=":2" />Lantaran mangrupa warga Bantustan, masarakat kulit hideung henteu diijinan ilubiung dina pamaréntahan jeung dipaksa tumut kana jam peuting nu mana lamun hayang iinditan ka luar kampung maranéhanana. <ref name=":2" />
 
Pamisahan masarakat kulit bodas jeung hideung ogé lumaku di fasilitas umum.<ref name=":8" /> Gedong-gedong umum, transportasi umum, taman-taman, réstoran, jeung tangtuna waé sakola-sakola, paguron luhur, rumah sakit, jeung gereja.<ref name=":8" /> Daérah-daérah padumukan di unggal kota jeung désa ogé dibagi dua.<ref name=":8" /> Sistem atikan di unggal sakola dipisahkeun kalawan kualitas guru anu béda, jeung ngan saukur masarakat kulit bodas anu boga hak pilih.<ref name=":8" /> Masarakat kulit bodas jeung non-kulit bodas miboga pagawéan anu béda, dumuk di daérah anu béda, sarta boga gaji, atikan, jeung aksés kaséhatan anu béda ogé. <ref name=":2" /> <ref name=":8" />
Jalma kulit bodas hirup di kota sedengkeun nu kulit warnaan (campuran) cicingna di pilemburan atawa sisi kota.<ref name=":2" /> Masarakat kulit bodas jeung non-kulit bodas miboga pagawéan anu béda, dumuk di daérah anu béda, sarta boga gaji, atikan, jeung aksés kaséhatan anu béda ogé. <ref name=":2" /> Waktu masarakat kulit hideung dipaksa kaluar timkota, daérah padumukanana disebut Bantustan atawa 'lemah cai Afrika'. <ref name=":2" />Lantaran mangrupa warga Bantustan, masarakat kulit hideung henteu diijinan ilubiung dina pamaréntahan jeung dipaksa tumut kana jam peuting nu mana lamun hayang iinditan ka luar kampung maranéhanana. <ref name=":2" />
 
Pamaréntah Afrika Kidul ogé netepkeun sajumlah hukum ketat keur neken kaum kulit hideung.<ref name=":0" /> Dina taun 1960, sakabéh partéy pulitik kaum kulit hideung dinyatakeun ilégal, sanggeus aya kerusuhan anti-apartheid di Sharpeville dina tanggal 21 Maret 1960.<ref name=":0" /> Henteu ngan éta wungkul, loba tokoh kulit hideung anu ditahan ku pamaréntah. <ref name=":0" />