Ibing topéng
Ibing topéng nyaéta tarian daérah anu ciri utama penari anu maké topéng[1]. Unggal topéng anu digunakeun ku para penari miboga karakter anu béda-béda sarta satuluyna nambahan kaunikan jenis warisan budaya ieu.
Anu Ngibing topéng disebut Dalang sabab unggal penari miboga karakter anu béda. Tari ieu bisa dipintonkeun ku penari atawa baréa-réa atawa kelompok.
Sejarah
éditIbing topéng geus aya ti abad ka-10 Masehi. Ibing topéng mekar dina abad ka-10 Masehi nepi ka 16 Masehi dina mangsa pamaréntahan Prabu Panji Déwa atawa Prabu Amiluhur.[1]
Prabu Panji Dewa nyaéta Raja Jenggala di Jawa Wétan. Saterasna waktos, tari ieu sumebar ka sababaraha wewengkon di Jawa Kulon, salah sahijina nyaéta Cirebon.[1] Nalika tarian asup ka Cirebon, tarian ieu dicampurkeun jeung kasenian lokal pikeun nyiptakeun tari anu has.
Ibing topéng miboga harti, filosofi, jeung simbol-simbol nu tangtu, saperti cinta, kapamingpinan, jeung hikmah. Dina pintonanana, hal-hal ieu baris ditepikeun ka panongton sangkan bisa paham jeung diajar tina tarian ieu.[1]
Malah numutkeun carita-carita anu sumebar di masarakat, Sunan Gunung Jati jeung Sunan Kali Jaga pernah ngagunakeun tari ieu minangka média dakwah pikeun nyebarkeun agama Islam jeung minangka tari hiburan di lingkungan karaton[1].
Ibing topéng ogé jadi dadasar pikeun ngawangun tari-tarian séjénna anu leuwih husus, saperti Ibing topéng Panji, Ibing topéng Samba, Ibing topéng Rumyang, Ibing topéng Tumenggung jeung Ibing topéng Kelana. Sedengkeun jumlah kedok anu dipaké disebut Panca Wanda lantaran aya 5 kedok.[1]