Tés DNA atawa idéntifikasi DNA nyaéta téhnik dina élmu forensik pikeun mikawanoh atawa nganyahokeun hiji jalma dumasar kana profil DNAna. Profil DNA dipidangkeun dina bentuk angka-angka anu bisa ogé dipaké salaku idéntitas hiji jalma. Ilaharna, tés DNA dipaké pikeun kaperluan panalungtikan kajadian kriminal atawa pikeun nangtukeun pancakaki (hubungan kolot-budak, dulur sabapa, jsb.

Najan 99,9% tina runtuyan DNA manusa sarua, sabagian leutikna anu béda bisa dipaké pikeun ngabédakeun hiji jalma ti jalma séjén, iwal dina kajadian jalma nu kembar siam (monozigot)[1]. Profil DNA ngagunakeun runtuyan nu diulang nu gedé karagamanana[1] nu disebut variable number tandem repeats (VNTR), utamana short tandem repeats (STR). Najan alél-alél lokus VNTR antara jalma-jalma nu deukeut duduluranana mirip, tapi ampir teu mungkin sarua.

Téhnik nguji profil DNA munggaran dilaporkeun taun 1984[2] ku Sir Alec Jeffreys ti Universitas Leicester di Inggris[3] anu kiwari dijadikeun dasar pikeun sababaraha databés DNA nasional. Téhnik Dr. Jeffreys mimiti dijual taun 1987 ku Imperial Chemical Industries (ICI), anu ngadegkeun puseur uji getih di Inggris[4].

Rujukan

édit
  1. a b "Use of DNA in Identification". Accessexcellence.org. Diakses tanggal 2010-04-03. 
  2. Joseph Wambaugh, The Blooding (New York, New York: A Perigord Press Book, 1989), 83.
  3. Jeffreys A.J., Wilson V., Thein S.W. (1984). "Hypervariable 'minisatellite' regions in human DNA". Nature 314: 67–73. doi:10.1038/314067a0
  4. Joseph Wambaugh, The Blooding (New York, New York: A Perigord Press Book, 1989), 202.

Bacaan salajengna

édit

Tumbu kaluar

édit