Page Modul:Infobox/styles.css has no content.

Indung suku
Ramo pangjerona (kénca) nyaéta indung suku.
Rincian
Pengenal
LatinHallux; Digitus primus pedis
TAA01.1.00.058
FMACitakan:FMA
Terminologi anatomi

Indung suku atawa jempol suku nyaéta ramo pangbadagna nu dina suku jalma. ari di tétrapoda mah indung suku téh mangrupa ramo pangjerona (médial). Di sawatara jalma mah indung suku téh lain mangrupa ramo pangjangkungna. Ari indung suku diitung minangka digitus I.

Jalma nus sok nyékér atawa sok maké sendal mah indung suku jeung ramo suku kaduana téh biasa anggang, teu cara nu sok maké sapatu, indung suku jeung ramo suku kaduana téh padémpét.

Rasio ramo

édit
 
 Artikel utama: Rasio ramo.

Umumna indung suku jalma téh leuwih panjang batan ramo kadua. Ieu mangrupa ciri titilar dina manusa, nu mana gén dominan nyumebabkeun ramo kadua leuwih panjang ("ramo morton") sedengkeun génotipe homozigot résésif aya kalawan ciri nu leuwih umum: indung suku nu leuwih panjang.[1] Jalma nu kaserang panyakit génétik fibrodisplasia osifikans progresiva hasna mibanda indung suku pondok nu jiga tibalik ka tukang atawa médial.

Dina manuk nu kaserang anisodaktili atawa heterodaktili, ramo sukuna pahareup-hareup atawa malik ka tukang, sahingga ngamumkinkeun ngerewek jeung nyéngclé

Évolusi

édit

Nalika jempol leungeun sok disebut minangka salah sahiji cap tawisan manusa, ramo leungeun tetep baé dianggap satengah primitif jeung sabenerna mah aya disakumna primata. Di manusa mah, cap ramo nu pangditurunkeunna mah nyaéta indung suku. [2]

Patologi

édit

Masalah umum patali jeung indung suku nyaéta kabentukna haluks valgus (ngagedéanna sendi indung suku). Dina ndung suku ogé panyakit nu paling mindeng eunteup téh nyaéta kékéongeun (kuku nu tumuwuh ka jero kulit sisieun kuku) jeung hihileudeun.

Rujukan

édit
  1. OMIM 189200
  2. Lovejoy, C. Owen; Suwa, Gen; Simpson, Scott W.; Matternes, Jay H.; White, Tim D. (October 2009). "The Great Divides: Ardipithecus ramidus Reveals the Postcrania of Our Last Common Ancestors with African Apes". Science 326 (5949): 102. doi:10.1126/science.1175833. 

Tempo ogé

édit

Pranala luar

édit