Jalan Ir. H. Juanda
Jalan Ir. H. Juanda nyaéta salah sahiji ngaran jalan nu aya di Kota Bandung anu baheulana dingaranan Dagostraat. Saprak taun 1970, ngaran jalanna dirobah.[1] Dago nyaéta salah sahiji kelurahan anu lokasina dina Kecamatan Coblong, Kota Bandung. Luasna kirang leuwih 6000 hektar.[2]
Sajarah
éditDina taun 1910, pamaréntah kota Bandung basa éta aya niat pikeun ngaluaskeun wilayah administrasi ka belah kalér, ngawangun jalan Dago jeung Cipaganti di Bandung Kalér. Pangwangunan Jalan Dago nepi ka hutan pakar babarengan jeung pangwangunan air minum di Bukit Dago. Pikeun ngawangun wilayah Dago, pamaréntah kudu ngabebaskeun lahan masarakat anu ongkosna 3.500 gulden tina kas Gementee (pamaréntah kota) Bandung.[3]
Ngaran Dago téh mimitina ti basa Sunda anu hartina ngantosan atawa ngadagoan. Lokasi éta téh janten tempat jangjian wari Bandung anu badé papanggih. Jalan Dago téh mimitina sepi saméméh diwangun imah-imah gedongan jeung kantor-kantor pamaréntah.[4]
Pangwangunan di Jalan Dago mimitina dilaksanakeun dina taun 1905 ku Andre van der Brun. Di wilayah éta ogé diwangun Dago Thee Huis (basa Walanda) atawa Dago Tea House (basa Inggris). Dina taun 1920 nepi ka 1940, pamaréntah Hindia Walanda beuki getol ngawangun kawasan Dago, sakola Techniche Hoogeschool te Bandoeng (ayeuna Institut Teknologi Bandung) diwangun dina kaping 3 Juli 1920, jeung janten sakola teknik anu kahiji di Hindia Walanda.[1]
Dina taun 1930, pamaréntah Kolonial Walanda teras ngaluaskeun deui wilayah Dago sanajan pamaréntah Kolonial Walanda teu miboga biaya nu cekap pikeun ngawangun Dago janten lewih hadé.[2]
Dumasar kana catetan sajarah, Dago geus kasohor saprak ti zaman Walanda. Basa éta, masarakat Bandung anu aya di belah kalér, mun badé indit ka pasar téh sok raraméan ku sabab daérahna teu aman. Bandung belah kalér zaman baheula nyaéta daérah anu loba garong. Salian ti éta, loba ogé sato liar anu aya dina hutan, hususnya hutan anu aya di sabudeureun Terminal Dago. Dina sisi anu sanésna, daérah Dago téh kaasup kawasan élit.[1]
Dina Jalan Dago baheula loba tatangkalan sapertos damar, cemara, palem jeung kenari. Jalan Dago condong ka lempeng, aya kelokan-kelokan leutik anu ngarahna ka belah kalér. Pohon damar anu ngadérét fungsina pikeun tempat keur ngiuhan, hiasan dina jalan, sarta panunjuk jalan.[5]
Parobahan ngaran
éditDina taun 1950-an ngaran jalan Dagostraat dirobah janten Jalan Dago, teras dina taun 1970 dirobah deui ngaran jalanna janten Jalan Ir. H. Juanda. Dina taun 1970-an, jalan éta kaasup salah sahiji wilayah anu komersial anu kagiatan ékonomina berkembang pesat.[1]
Taman Hutan Raya
éditBandung belah kalér baheulana teh sepi pisan, loba binatang buas di hutan, loba perampok. Ku sabab éta, mun badé ka pasar, masarakat baheula téh sok ngabring meh rada aman.[1]
Dago ayeuna
éditDina taun 2015, pamaréntah Kota Bandung ngarombak Pasar Simpang Dago anu tujuanana pikeun masarakat : supados nyaman mun keur balanja di pasar, jeung supados masarakat teu kajebak macét mun keur liwat pasar éta.[2]
Kawasan Dago dilengkepan ku fasilitas trotoar, suasana éta diresmikeun dina 19 Februari 2017. Ayeuna ti Simpang Dago teras ka handap ka Jalan Merdeka loba jalan nu tiasa dipaké ku pejalan kaki. Trotoar janten leuwih lega jeung aya pepelakan dina sisi jalan, aya bangku keur diuk, jeung aya ogé parkir sapeda. Salian ti éta, aya oge panunjuk jalan ku sabab Bandung téh salah sahiji kota wisata. Dina trotoar, aya bola raksasa meh nu numpak mobil teu sangeunahna waé parkir.[1]
Rujukan
édit- ↑ a b c d e f Aktual, Bandung. "Sejarah Nama Jalan Dago Kota Bandung » Bandung Aktual". Bandung Aktual (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-12-02.
- ↑ a b c Reza, A. "Sejarah Dago: Dulu Sarang Rampok dan Hewan Buas, Kini Tempat Wisata di Bandung yang Asyik". www.goodnewsfromindonesia.id (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-12-02.
- ↑ Kunto, Haryoto (1996). Ramadhan di Priangan (Tempo Doeloe). Bandung: PT Granesia. p. 3.
- ↑ Bagaskara, Bima. "Sejarah Singkat Jalan Dago, Tempat Nunggu-Jalur Pengiriman Kopi". detikjabar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-12-02.
- ↑ Dana, Djefry W. (1990). Ciri Perancangan Kota Bandung. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama. pp. 104–105. ISBN 979 403 916 0.