Kota Bandung
Kota Bandung (Éjahan Basa Indonésia heubeul: Bandoeng) mangrupa ibukota propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Aya di dataran luhur plateau 768 méter (mean sea level) di luhureun laut, di daérah kalér luhurna nyaéta ±1050 msl, di belah kidul luhurna nyaéta ±675 msl, ti kordinat 107° BW (Bujur Wétan) jeung 6° 55’ LK (Lintang Kidul), lega kota Bandung ± 16.767 héktar, dikurilingan ku pagunungan, mangrupa cekungan (Bandung Basin) sésa situ Bandung anu kawangun alatan bituna Gunung Sunda, jumlah pangeusina kurang leuwih 2.1 juta jiwa. Kabupatén Bandung mangrupa daérah "sub-urban" disagédéngeun Kota Bandung.
Kota Bandung ᮊᮧᮒ ᮘᮔ᮪ᮓᮥᮀ | |||
---|---|---|---|
Liané transkripsi | |||
• Basa Indonésia | Kota Bandung | ||
• Basa Sunda | ᮊᮥᮒ ᮘᮔ᮪ᮓᮥᮀ | ||
• Basa Cina | 萬隆市 | ||
• Basa Walanda | Stad Bandoeng | ||
![]() Ti luhur Ka handap: Gedung Saté, Masjid Agung Bandung, Bandung peuting, Jembatan Pasupati, Gedung Merdéka | |||
| |||
Ngaran jujuluk: | |||
Motto: Basa Sunda: ᮌᮨᮙᮂ ᮛᮤᮕᮂ ᮝᮤᮘᮝ ᮙᮥᮊ᮪ᮒᮤ basa Indonésia: Bersih Makmur Taat Bersahabat Basa Inggris: Clean, Prosperous, Devout, Friendly | |||
![]() Lokasi di Jawa Kulon | |||
Nagara | ![]() | ||
Région | Jawa | ||
Propinsi | ![]() | ||
Sajarah karésidénan | ![]() | ||
Netep | 1488 | ||
Konsolidasi | 25 Septémber 1810 (salaku Gemeente Bandoeng) | ||
Pamaréntahan | |||
• Badan | Pamaréntah Daérah Kota Bandung | ||
• Walikota | Oded Muhammad Danial | ||
• Wakil Walikota | Yana Mulyana | ||
Lega | |||
• Total | 167,67 km2 (6,474 sq mi) | ||
• Métro | 1.876,8 km2 (7,246 sq mi) | ||
Luhurna | 768 m (2.520 ft) | ||
Pangeusi (2014) | |||
• Total | 2,575,478 (Ke 3) | ||
• Metro | 8,495,928 (Ke 2) | ||
Démonim |
| ||
Démografi | |||
• Grup étnis | |||
• Ageman[1] |
| ||
Zona wanci | UTC+7 (Indonésia Bagéan Kulon) | ||
Kode pos | 401xx, 402xx, 406xx | ||
Kode aréa | 022 | ||
Régistrasi tutumpakan | D | ||
IPM | ![]() | ||
Kacamatan panggedéna ku aréa | Kacamatan Gedébagé – 9.58 square kilometres (3.70 sq mi) | ||
Kacamatan panggedéna dumasar populasi | Kacamatan Babakan Ciparay (147,388 – 2015 ngirakeun) | ||
Ramatloka | portal |
SajarahÉdit
Taun 1488, wewengkon nu kiwari disebut Bandung téh mangrupa wewengkon kakawasaan karajaan Sunda-Pajajaran. Dina mangsa dijajah Walanda, pamaréntah kolonial Hindia-Walanda nyieun jalan pikeun nyambungkeun Batavia (kiwari Jakarta), Bogor, Cianjur, Bandung, Sumedang, jeung Cirebon. Hal ieu penting pikeun mekarna Kota Bandung. Malah pamaréntah jajahan geus ngarencanakeun yén wewengkon Bandung téh rék dijadikeun puseur pamaréntahan Hindia-Walanda, ngan teu jadi alatan kajadian Perang Dunya II. Can aya panalungtikan kumaha dijieuna kota Bandung. Nu jelas, kota ieu diwangun lain dumasar paréntah Daendels (gubernur jéndral Hindia-Walanda). Kota Bandung diwangun dumasar paréntah Bupati R.A.A. Wiranatakusumah II. Sanggeus Indonésia merdika, Bandung jadi ibukota propinsi Jawa Barat.
Jaman kolonial Hindia WalandaÉdit
Dina abad ka-17 jeung ka-18, VOC ngadegkeun hiji wewengkon perkebunan leutik di Bandung kusabab taneuhna subur. Jalan nu nyambungkeun ka Batavia (ayeuna Jakarta), Bogor, Cianjur, Bandung, Sumedang jeung Cirebon diwangun dina 1786. Dina taun 1809, Louis Napoleon, nu harita jadi pangawasa Walanda jeung jajahan-jajahanana, maréntahkeun Gubernur Hindia Walanda H.W. Daendels pikeun ngaronjatkeun sistem pertahanan pulo Jawa ngalawan ancaman Inggris. Daendels ngawangun jalan 1000 km nu ngahijikeun pesisir kulon jeung wétan Jawa. Kusabab bagian kalér Jawa Barat keur harita lolobana rawa, jalanna dialihkeun ngaliwatan Bandung.[2] The Great Postweg (ayeuna Jalan Asia-Afrika) diadegkeun dina taun 1810.
Jalan Raya Pos boga pangaruh gedé lain ukur kana kamekaran Pulo Jawa tapi ogé kota-kota nu diliwatanana.[3] Bandung salah sahiji contohna. Mimitina, Jalan Raya Pos jarakna 11 km kaléreun Krapyak, ibukota Kabupatén Bandung harita. Daendels maréntahkeun ka Bupati Bandung ka-6 R.A. Wiranatakusumah II (1794-1829) ngawangun ibukota anyar Bandung dina sabudeureun jalan eta.[4]
Wiranatakusumah II tuluy milih lokasi di deukeut hiji mata air anu disebut Sumur Bandung, anu ayeuna jadi 'alun-alun. Sajalan jeung konsép tata ruang tradisional, Bupati R.A. Wiranatakusumah II jeung sajumlah rahayatna ngawangun istana, masjid agung, jeung pendopo ("paviliun") dina orientasi klasik.[5] Pendopo nyanghareup ka gunung Tangkuban Parahu, dipercaya boga pangaruh mistis.
Bandung salaku ibukota kolonial kadua, tata kotana diwangun nurutkeun pola kota Batavia. Husus padumukan kolonial Walanda, diwangun di Bandung kalér anu dibagi jadi dua wewengkon, dipatok ti gementee (balé kota). Di kuloneun gementee aya padumukan pikeun panganut Protestan, anu dicirian ku daérah pamisah dina bentuk Garéja Betel (di Jalan Wastukencana ayeuna). Sedengkeun di beulah wétan nyaéta wewengkon padumukan pikeun panganut agama Katolik, anu ditandaan ku hiji garéja katedral atawa St. Pieter (di Jalan Merdeka ayeuna). Teu jauh ti garéja diwangun ogé imah sakit jeung sakola Katolik atawa Protestan. Dua garéja ieu diwangun deukeut stasion karéta api, diapit balé kota jeung jalan raya, disambungkeun ka wangunan pamaréntah jeung militér.[6]
Dina taun 1880, jalan karéta api utama munggaran di Indonésia diadegkeun, ngahubungkeun Batavia jeung Bandung.[7] Ieu ngadorong industri leutik di Bandung. Migran ti Tiongkok ngariung pikeun milu ngajalankeun fasilitas, jasa, sareng mesin anu ngajual. Nepi ka ayeuna masih aya distrik leutik Chinatown anu lokasina aya di dekeut stasion karéta api.
Sajaba ti éta, karéta ogé dijalankeun salaku bagian tina sistem pertahanan kolonial Walanda atawa bénténg stelsel. Di wewengkon Bandung, operasi tentara Walanda anu ngagunakeun jasa karéta api minangka bénténg stelsel, angkat ti Cimahi, tuluy ngalangkungan gudang kalér (Jl. Gudang Utara) sareng gudang kidul (Jl. Gudang Selatan) kanggo ngeusian logistik. Tuluy angkat ka Stasion Karéta Api Cikudapateuh kéngingkeun dukungan minyak tina Tangki Minyak (di Jalan Samoja ayeuna).[8]
Pangwangunan ieu dimimitian dina taun 1914 barengan ku Departemen Perang, jeung dituluy ku pangwangunan Departemen Jalan sareng Angkutan dina taun 1921. Dina taun 1906, Bandung dibéré status gemeente tuluy jadi stadsgemeente dina taun 1926. Ti taun 1906 nepi ka 1949, Bandung tumuwuh tina hiji kota sedeng kalayan 38.000 jiwa jadi Kota katilu di Hindia-Walanda kalawan 590.000 jiwa. Taun 1929, Bandung nyatujuan 'Rancangan Rencana' tata kota, anu legana 12.758 ha, dibagi kana rencana utamana pikeun wewengkon Kalér- jeung sabagéan Kidul kota.[9]
Bandung lajeng ngembangkeun sorangan jadi hiji Resort Éropa ekslusif kalawan hotél, kafe jeung toko. Pamilik perkebunan anu beunghar datang dina sabtu minggu, kitu ogé awéwé sareng pangusaha ti ibukota, Batavia. Wewengkon pejalan kaki di Jalan Braga parantos janten daérah elit kafe, réstoran jeung toko butik. Dua hotél gaya art-deco, Savoy Homann sareng Preanger, janten dua akomodasi utama di dinya. Paguyuban Concordia (ayeuna katelah Gedung Merdeka) diwangun salaku imah klub jalma-jalma beunghar ieu, lengkep sareng balai ageung jeung téater,[7] nu ngajadikeun Bandung boga gelar "Parijs van Java" tea.
Ngaran BandungÉdit
Aya rupa-rupa pamadegan ngeunaanngaran Bandung, di antarana saperti kieu.
- Istilah bandung aya nu nyebutkeun tina bendung, nyaéta Citarum Purba nu kabendung.
- Ngaran Bandung minangka kabupatén ditulis dina peraturan tanggal 18 Lentemaand 1811 (18 Maret 1811), patali jeung parentah Gubernur Jénderal Daendéls pikeun meuli sato piaraan pikeun cadangan nyanghareupan serbuan tentara Inggris ka Pulau Jawa.
- Dina peta Fr. Valentjn (1726) ngaran Bandung lokasina di kiduleun Gegerkalong ayeuna.
- Tina katerangan Ibu Wiranatakusumah (istri Dalem Haji RHAA Wiranatakusumah V), ngaran Bandung disebut ku Bupati Wiranatakusumah II basa néangan lokasi anyar pikeun ibu kota kabupatén. Ngaranna dicokot tina parahu bandung, nyaéta dua parahu anu dihijikeun, ditalian pagigir-gigir. Eta parahu téh digunakeun ku Wiranatakusumah II pikeun lalayaran di Citarum.
- Ceuk Atma, sesepuh Dayeuhkolot, Bandung téh tina leuwi Bandung, leuwi nu aya di walungan Citarum; Pandi, urut sipir bui Banceuy, nyebutkeun asal kecapna tina Sumur Bandung, dua sumur nu aya di sisi Cikapundung (di alun-alun jeung PLN ayeuna). Ceuk dongéng, di éta sumur téh aya karaton Putri Kentring Manik jeung dulurna Eyang Dipayasa.
- Kecap bandung téh tina kecap Banong, di Dago, tempat Andres de Wilde ngabangun vilana di awal abad XIX.[10]
MottoÉdit
Motto Bandung kiwari nyaéta "Gemah Ripah Wibawa Mukti", sakumaha nu sok kabaca dina lambang Kota Bandung, nu hartina 'tanah subur rahayat makmur'.
PamaréntahanÉdit
Kota Bandung dibagi kana 30 kacamatan:
GeografisÉdit
Bandung katelah dilingkung ku gunung, ku kituna wangun morfologi wilayahna katinggal sapertos cekungan atawa mangkok raksasa. Sacara geografis dataran Bandung aya di ±768 meter di luhur permukaan laut, kalawan titik pangluhurna di 1.050 meter sarta panghandapna di 675 meter.
Ciri lemahÉdit
Bandung kawentar ku lobana wangunan warisan arsitéktur Walanda:
- Gedong Saté, kiwari dipaké salaku kantor Gubernur Jawa Barat.
- Hotél Savoy Homann di Jalan Asia-Afrika
- Gedung Dwi Warna
- Gedung Merdéka, wangunan historis tempat lumangsungna Konperénsi Asia Afrika taun 1955
- Gedung Pakuan, kiwari dipaké rumah dines Gubernur Jawa Barat
- Gedung Yayasan Pusat Kebudayaan
- Museum Géologi Bandung
- Gedung UPI (Villa Isola)
- sababaraha wangunan heubeul di Jalan Braga
Ciri séjén:
- Masjid Agung Bandung, di alun-alun Bandung
- Babakan Siliwangi
TransportasiÉdit
Sarana transportasi utama di Bandung nyaéta angkot (angkutan kota) kalawan rute-rute anu geus tangtu. Aya ogé taksi anu jumlahna kiwari beuki loba, tapi éta ogé henteu populér. Beus nyadiakeun rute transportasi pikeun di jalan gedé tur jarakna anu jauh.
Jalan karéta api ngahubungkeun Bandung ka Jakarta jeung Cianjur ka beulah kulonna, sarta Tasikmalaya, Yogyakarta jeung Surabaya ka beulah wétanna. Karéta ogé mangrupa transportasi utama pikeun wilayah tatangga kaasup Cimahi, Padalarang, Rancaékék jeung Cicaléngka nu perlu bulak-balik ka Bandung unggal poéna. Bandara utama di Bandung nyaéta Bandar Udara Internasional Huséin Sastranegara, nyadiakeun penerbangan ka kota-kota gedé di Indonésia. Sasak Pasupati diwangun pikeun ngahubungkeun beulah kulon jeung beulah wétan Bandung ngaliwatan lembah Cikapundung. Panjangna 2.8 km kalayan lébar 30-60 méter.
Aya dua stasion karéta api utama di Kota Bandung, nyaéta Stasion Bandung pikeun karéta api éksekutip jeung bisnis, sarta Stasion Kiaracondong pikeun karéta api ékonomi. Salian ti éta, aya stasion-stasion leutik anu ngalayanan KA lokal Bandung Raya, saperti Cimindi, Ciroyom jeung Cikudapateuh. Tuluy aya stasion husus peti kemas barang, nyaéta Stasion Gedébagé.
Jalan tol Padaleunyi ngahubungkeun Padalarang, Cimahi, beulah kidul Bandung jeung Cileunyi. Jalan tol nu ngahubungkun Padalarang jeung Purwakarta ogé geus bérés diwangun, disebut Cipularang (Cikampék-Purwakarta-Padalarang) nu mangrupa jalan panggancangna nuju ka Jakarta. Jalan tol Cileunyi-Sumedang-Dawuan ogé kiwari eukeur diwangun.
AtikanÉdit
Di Kota Bandung loba tempat pendidikan nu geus kasohor di antarana nyaéta :
- Institut Teknologi Bandung
- Institut Teknologi Nasional
- Institut Teknologi Adityawarman
- Institut Teknologi Harapan Bangsa
- Institut Seni Budaya Indonesia Bandung
- Universitas Padjadjaran
- Universitas Pendidikan Indonesia
- UIN Sunan Gunung Djati
- Universitas Pasundan
- Universitas Komputer Indonesia
- Universitas Katolik Parahyangan
- Universitas Islam Nusantara
- Universitas Kristen Maranatha
- Universitas Islam Bandung
- Universitas Advent Indonesia
- Universitas Langlangbuana
- Universitas Bandung Raya
- Universitas Jendral Achmad Yani
- Universitas Winaya Mukti
- Universitas Nurtanio Bandung
- Universitas Widyatama
- Universitas Sangga Buana YPKP Bandung
- Universitas Bhakti Kencana
- Universitas Muhammadiyah Bandung
- Universitas Al-Ghifari
- Universitas Nasional PASIM
- STMIK Indonesia Mandiri
- Sekolah Tinggi Manajemen Informatika & Komputer Amik Bandung
- Sekolah Tinggi Manajemen Informatika & Komputer Likmi
- Sekolah Tinggi Pemerintahan Dalam Negeri
- Sekolah Tinggi Teknologi Telkom
- Sekolah Tinggi Pariwisata (NHI)
- Sekolah Tinggi Pariwisata AKTRIPA
- Sekolah Tinggi Manajemen Bisnis Telkom
- Sekolah Tinggi Teknologi Tekstil
- Sekolah Tinggi Hukum Bandung
- Politeknik Manufaktur Bandung (PMS - ITB)
- Politeknik Negeri Bandung
- Politeknik Kesejahteraan Sosial
- Politeknik Piksi Ganesha
- Politeknik Kesehatan Kementrian Kesehatan Bandung
- Politeknik Pos Indonesia
Iwal ti éta aya ogé SMA nu baris dipidangkeun daptar ngaran sakola di Bandung saperti ieu di handap:
Ngaran SMA | Ngaran SMA | Ngaran SMA |
---|---|---|
|
|
|
Wisata jeung ÉkonomiÉdit
Bandung jeung sabudeureunnana boga wisata nu lobq, di antarana:
- Gunung Tangkuban Parahu di beulah kaléreun kota.
- Maribaya
- Lémbang
- Waduk Jatiluhur (di Kabupatén Purwakarta)
- Saung Pak Udjo
Bandung ogé kasohor ku outlet pakéannana, nu ngirut pangunjung ti kota-kota sabudeureunnana (hususna ti Jakarta), utamana nalika ahir minggu jeung poé libur:
- Outlet industri pakéan Denim di sapanjang Jalan Cihampelas
- Kiwari, kasohor minangka "Kota Wisata Balanja", sabab loba Factory Outlet nu ngajual produk garmén ex-export.
- Bandung ogé kasohor ku industri garménna, produk nu teu kaékspor dijula kalawan harga anu leuwih murah di factory outlet di Bandung, hususna di Jalan Ir. H. Juanda (Dago) jeung Jalan R.E. Martadinata (Riau)
- Aya ogé industri sapatu di Cibaduyut, beulah kidul Bandung.
Loba kadaharan di Bandung. Bandung ogé kasohor ku dahareun hasna, saperti peuyeum. Bandung ngirut loba wisatawan ti Jakarta, nu kadang-kadang ngalantarankeun kamacétan lalu- lintas. Pangpangna nalika sakabéh warga Jakarta keur liburan alatan APEC Convention, lalu-lintas di Bandung macét total leuwih ti 8 jam.
OlahragaÉdit
Klub maén balÉdit
Daptar Walikota BandungÉdit
No | Foto | Wali Kota[11] | Mimiti Jabatan | Ahir Jabatan | Periode | Katerangan | Wakil Wali Kota |
---|---|---|---|---|---|---|---|
Masa Penjajahan Belanda | |||||||
E.A. Maurenbrecher | Teu aya | ||||||
R.E. Krijboom | |||||||
J.A. van Der En | |||||||
J.J. Verwijk | |||||||
C.C.B. van Vlenier | |||||||
B. van Bijveld | |||||||
Bertus Coops | |||||||
Steven Anne Reitsma | |||||||
Bertus Coops | |||||||
J.E.A. van Volsogen Kuhrt | |||||||
J.M. Wesselink | |||||||
Masa Penjajahan Jepang | |||||||
N. Beets | Teu aya | ||||||
Masa Kemerdekaan Indonesia | |||||||
R.A. Atmadinata | Teu aya | ||||||
R. Syamsoerizal | |||||||
Ukar Bratakusumah | [12] | ||||||
R. Enoch | |||||||
R. Priatna Kusumah | . | ||||||
R. Didi Djukardi | [13] | ||||||
R. Hidayat Sukarmadidjaja | |||||||
R. Otje Djoendjoenan | |||||||
Utju Djoenaedi | |||||||
R. Husein Wangsaatmadja | |||||||
H. Ateng Wahyudi |
|||||||
(1990–95) | |||||||
Wahyu Hamidjaja | |||||||
(1995–2000) | |||||||
H. AA Tarmana |
|||||||
H. Dada Rosada S.H., M.Si. |
(2003–04) | ||||||
Ayi Vivananda | |||||||
Mochamad Ridwan Kamil S.T., MUD. |
Oded Muhammad Danial | ||||||
Oded Muhammad Danial (Pelaksana Tugas) |
|||||||
Dadang Supriatna (Pelaksana Harian) |
|||||||
Oded Muhammad Danial | Yana Mulyana |
RujukanÉdit
- ↑ Data Sensus Penduduk 2010 - Badan Pusat Statistik Republik Indonesia <http://sp2010.bps.go.id/index.php/site/tabel?tid=321&wid=3200000000&lang=id>
- ↑ Peter J. M., Nas; Pratiwo (2001). Java and De Groote Postweg, La Grande Route, The High Military Road. https://web.archive.org/web/20090327110211/http://www.leidenuniv.nl/fsw/nas/pdf/NasPratiwoPostweg30-10-2001.pdf.
- ↑ Nas 2002, p. 718.
- ↑ Hardjasaputra 2003, p. 20.
- ↑ Kunto, Haryanto (1984). Wajah Bandung Tempoe Doeloe. Granesia.
- ↑ Suryanegara 2018, p. 223.
- ↑ a b Soemardi, Ahmad Rida; Radjawali, Irendra (2004). "Creative culture and urban planning:The Bandung Experience". The 11th International Planning History Conference 2004. http://www-etsav.upc.es/personals/iphs2004/pdf/210_p.pdf. Diakses pada 2022.
- ↑ Suryanegara 2018, p. 228.
- ↑ Passchier, Cor. Bandung - A short history on Urban and architectural development (PDF).
- ↑ Ruhaliah. ([2010]). Sajarah Sunda samemeh taun 1945. [Bandung]: JPBD FPBS UPI. ISBN 978-602-8460-09-5. OCLC 708356930.
- ↑ "Walikota dan Wakil Walikota Bandung dari masa ke masa". Portal Bandung. Dinas Komunikasi dan Informasi Pemerintah Kota Bandung. 12 Agustus 2016. Diakses tanggal 29 November 2017.
- ↑ 1948 s/d 1949 Merangkap Gubernur Jawa Barat
- ↑ Pada Agustus 1968, R. Didi Djukardi ditangkap karena diduga terlibat G 30 S/PKI
- ↑ Jaya, Utara (Citakan:ISO date/en). "Oded Danial Naik Tahta Lebih Awal". Kumparan.com. https://kumparan.com/bandungkiwari/oded-danial-naik-tahta-lebih-awal-1536279025906623892. Diakses pada 21 September 2018
- ↑ Diangkat menjadi pelaksana tugas setelah Ridwan Kamil dilantik sebagai Gubernur Jawa Barat[14]
- ↑ Nurul (Citakan:ISO date/en). "Dadang Supriatna Jadi Pelaksana Harian Wali Kota Bandung". Humas Kota Bandung. http://humas.bandung.go.id/humas/berita/2018-09-16/dadang-supriatna-jadi-pelaksana-harian-wali-kota-b. Diakses pada 21 September 2018
- ↑ Masa Jabatan berakhir, sementara itu Wali Kota dan Wakil Wali Kota Bandung terpilih baru dilantik pada 20 September 2018[16]
Daptar pustakaÉdit
- Hardjasaputra, A.Sobana (2003). "Perubahan Sosial di Bandung 1810-1906". Sosiohumaniora-Journal of Social Sciences and Humanities 5 (1): 17–31. ISSN 1411-0911. http://jurnal.unpad.ac.id/sosiohumaniora/article/view/5278/2657.
- Suryanegara, Ahmad Mansur (2018). Api Sejarah 1, Mahakarya Perjuangan Ulama dan Santri dalam Menegakkan Negara Kesatuan Republik Indonesia, edisi revisi. Bandung: Surya Dinasti. ISBN 9786027123717.
- Nas, Peter J.M.; Pratiwo (2002). "Java and De Groote Postweg, La Grande Route, the Great Mail Road, Jalan Raya Pos". Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde / Journal of the Humanities and Social Sciences of Southeast Asia 158 (4): 707-725. doi:10.1163/22134379-90003763. ISSN 0006-2294. https://brill.com/view/journals/bki/158/4/article-p707_7.xml.