Jin nyaéta sacara harfiah ngandung harti hiji hal anu miboga konotasi nyamuni atawa teu katingali.[1] Dina Islam jeung mitologi Arab pra-Islam, jin nyaéta salah sahiji mahluk anu henteu katingali jeung diciptakeun tina seuneu.[1] Jadi jin nurutkeun basa nyaéta hiji hal anu nyamuni jeung halus, sedengkeun setan nyaéta tiap-tiap anu durhaka ti golongan jin, manusa atawa sato.[2] Dingaranan jin, sabab manéhna nyamuni wujudna ti panon manusa.[1] Éta sababna jin dina wujud aslina henteu bisa katingali ku panon manusa.[1] Lamun aya manusa anu bisa ningali ieu jin, sabenerna mah éta jin téh mangrupa wujud séjén anu bisa katingali ku manusa biasa, sabab lamun jalma pernah ningali jin dijamin bakal gélo lantaran kasingsieunan ku wujud aslina anu pikasieuneun, moal kuat ningalina.[1] Biasana manusa biasa mah moal aya nu kuataeun ningali wujud asli jin, iwal manusa anu geus luhung élmuna samodél ajengan, atawa dukun.[1] Jin ampir sarua jiga siluman miboga komunitas jiga manusa biasa pédah béda alam béda tempat, ngan bédana jin mah asli ti lahirna jin lain ti sabangsaning manusa cara siluman, jin dijieunna tina seuneu, sedengkeun manusa dijieunna tina taneuh matak pantes ayana jin mah nyamuni teu bisa katingali ku manusa.[1] Jin ogé sarua aya nu bageur jeung aya nu jahat, aya jin islam aya jin anu méngpar ti islam atawa durhaka téa.[1] Jin ogé saru diciptakeun ku Alloh pikeun ibadah ka mantenna jiga manusa miboga pancén anu sarua.[1]



Referensi

édit
  1. a b c d e f g h i Wikanjati, Argo.2010.Kumpulan Kisah Nyata Hantu di 13 Kota.Yogyakarta:Penerbit Narasi
  2. Lee R. The Almost Complete Collection of True Singapore Ghost Stories. edisi 2. Singapura: Flame of the Forest, 1989.