Suhunan imah Jogo Anjing

Wangenan Jogo Anjing

édit

Jogo anjing atawa biasa disebut tagog anjing mangrupa salah sahiji jenis imah adat anu dipaké ku kalangan masarakat Sunda. Lamun di tilik tina kecapna imah adat tagog anjing miboga harti sarua jeung anjing nu keur diuk, lantaran dina imah ieu miboga wangun saperti anjing nu keur diuk[1]. Di tilik tina wangunna, jogo anjing atawa tagog anjing miboga ciri anu béda jeung imah adat lainna nyaét dina salah sahiji bagian hateup leuwih lega tibatan bagian hateup anu lianna. Imah adat ieu masih kénéh dipaké ku masarakat Kampung Dukuh Kabupaten Garut.[2]

Tilu Bagian dina Imah Adat Sunda

édit

Salian ti éta ditilik tina wangunna imah adat tago anjing atawa tagog anjing bisa dibagi jadi tilu bagian anu penting. Bagian-bagian éta saluyu jeung ajén inajén atawa palisapah imah adat anu aya di tatar Sunda. tilu bagian éta diantarana ngawengku hulu, awak, jeung suku. Hulu atawa hateup miboga harti posisi atawa tempat anu luhur jeung mulya ogé biasana sok ditempatan ku para Hyang. Bagian awak atawa bilik didieu miboga harti tempat anu nétral atawa tempat kahirupan manusa. Sedengkeun suku atawa pondasi bangunan ngalambangkeun tempat anu bakal ngaganggu kahirupan manusa atawa sok dilambangkeun jeung kahirupan sabada maot.[3]

Referensi:

édit
  1. Tenriola, Nurul Qolby Irbani; Handayani, Sri (1 Juni 2021). "A Philosophical Study of Creative Stage Houses for Marginalized People". JoDIE – Journal of Development and Integrated Engineering. 
  2. Fathurillah, Helly Fahreza (2019). Kearifan Lokal & Arsitektur Sunda. Universitas Bosowa. 
  3. Nuryanto, Nuryanto; Ahdiat, Dadang (Oktober 2017). "Kajian Hubungan Makna Kosmologi Rumah Tinggal antara Arsitektur Tadisional Masyarakat sunda dengan Arsitektur Masyarakat Bali". SEMINAR NASIONAL ARSITEKTUR HIJAU-Universitas Warmadewa, Denpasar-Bali-2014.