Kélé nyaéta wadah paranti ngunjal cai bersih ti pancuran atawa tampian anu dijieun tina tangkal awi.[1] Kélé mangsa dibawa bisa dijingjing bisa ogé disorén (disoléndang), sangkan babari mawana kélé dipasang tali pikeun nyorén atawa ngajingjing. [1][2]

Kélé paranti mawa cai

Kélé wanguna kawas lodong bédana kélé mah bisa dijingjing ku budak atawa dikélék, lodong mah teu bisa ku lantaran leuwih panjang jeung badag.[3]

Awi pibahaneun nyieun kélé kudu kandel sangkan kuat tur mibanda buku anu panjang sangkan loba eusina ilharna kélé dijieun tina awi bitung, kélé masih kénéh dipaké nepi ka kiwari utamana di daérah pasisian, pilemburan, jeung kampung adat contona di masarakat Baduy. [4][3] Di daérah Jambi mah kélé téh disebutna gigeak.[5]Kélé mah tara ngahaja dikumbah cukup di kungkurahan wungkul tempona ngala cai, upama geus kosong kélé ditunda digantungkeun atawa disarandekeun mangsana ruksak tara ieuh dioméan cukup nyieun deui kulataran bahan jeung carana nyieunna kawilang gampang.[5]

Dicutat tina édit

  1. a b Rosidi, Ajip (2010). Ensiklopedi Sunda: alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi. Universitas Michigan: Pustaka Jaya. ISBN 9789794192597. 
  2. Johnatan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen, 1862. 
  3. a b Pondok Zamrud (2006-07-07). "Racing to Know the Rarest of Rhinos, Before It’s Too Late". You tube. https://www.youtube.com/watch?v=8ESu12O2qfk. Diakses pada 2017-07-25 
  4. Djubiantono, Lien Dwiari Ratnawati, Mugiyanto, Tony (2004). Kalpataru Majalah Arkeologi 17. jAKARTA: Direktorat Jenderal Kebudayaan. 
  5. a b Ja'far, Nur Endah Purwaningsih, Iskandar Zakaria, Ja'far (1993). Dapur dan Alat-Alat Memasak Tradisional Daerah Jambii. Jakarta: Direktorat Jenderal Kebudayaan. ISBN 9789794192597.