Keletik nyaéta minyak nu dijieun tina olahan kalapa kolot.[1] Minyak kelentik mibanda ciri mandiri: Seungit, hérang, sarta mibanda rasa gurih.[2]

Minyak keletik

Caranyieun

édit

Kawilang gampang, kalapa kolot beunang mesék sarta dicoplokeun tina batokna tuluy diparud sangkan gampang meureut cipatina.[1] Tuluy baé cipati téh ditaheur nepika ngagolak, bari tuluy digolakeun lila kalilaan éta cipati téh bakal robah kelir sarta ngagéblég ngawangun bubur minyak.[1]

Umpama geus kuled tuluy ditaheun/tunda sangkan tiis heula, engkéna bubur minyak téh dipeureut misahkeun minyakna tina hampas.[1] Minyak nu dihasilkeun beunang meureut tadi ngarana minyak keletik, sedengkeun hampasna disebut galéndo.[1][3]

Minyak keletik dimangpaatkeun pikeun rupa-rupa kagunaan, kayaning ngagoréng, minyak buuk sangkan subur, minyak urut, bahan nyieun kueh, jeung sajabana.[4][5][6]

Ganti ku kalapa sawit

édit

Digédéngkeun jeung minyak nabati tina bahan séjén, minyak keletik mibanda asam lemak jenuh pang lobana bisa nepika 92%.[7] Ku ieu kaayaan ti saprak taun 1980 ka dieu, minyak kalapa téh mimiti tiganti ku minyak kalapa sawit nepi ka kiwari.[7]

Antukna ngabalukarkeun karugian ékonomi pikeun para patani kalapa, ku lantaran hasil olahanna henteu payu kawas baheula.[7]

Dicutat tina

édit
  1. a b c d e Johnatan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen, 1862. 
  2. Winarno, Prof.Dr. F.G. (2001). Kelapa Pohon Kehidupan. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama. 
  3. Badan Penelitian dan Pengembangan Pertanian, Indonesia (2009). Prosiding analisis ketersediaan sumberdaya pangan dan pembangunan pertanian berkelanjutan: sub tema I : sumberdaya pangan dan lingkungan hidup. Universitas Harvard: Universitas Michigan. 
  4. Herliana, Lia (2002). From Kitchen with Love. Jakarta: Penerbit Republika. 
  5. Lewis, Oscar (2002). Kisah Lima Keluarga: Telaah-telaah Kasus Orang Meksiko dalam Kebudayaan Kemiskinan. Jakarta: Yayasan Pustaka Obor Indonesia. 
  6. Winarno, Prof.Dr. F.G. (2015). Kelapa Pohon Kehidupan. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama. 
  7. a b c Kuncoro, J. (2007). Gempur Penyakit dengan VCO. Jakarta: AgroMedia.