Pituduh nyinghareup ka Kiblat nu aya di Masjid Nur Sulaiman Banyumas

Kiblat nyaéta kecap anu di serep tina basa Arab qiblah, mangrupi salah sawios bentuk masdar (derivasi) tinu qabala, yaqbulu, qiblah, nu ngandung harti nyanghareup atawa tuju, jeung panuju nu dimaksad nyaéta kabah[1]. Kiblat anu ngandung harti tuju atawa panuju, sarua hartina jeung jihah ogé syathrah nu dina bahsa latin mah disebat azimuth, tinu ilmu falak mah dihartikeun panuju anu posisina diukur tina titik kaler sapanjang garis horizontal nurutkeun tujuana jarum jam[1].

Pendapat UlamaÉdit

Pendapat ulama ngeunaan kiblat, salah sawiosna: Muhyiddin Khazin, ngajéntrékeun kiblat téh panuju atawa jarak nu deukeut sapanjang garis anu ngalewatan dayeuh Mekah (Kabah) jeung tempat sual[1]. Ulama satuju yén nu dimaksad kiblat téh nyaéta Kabah nu aya di Masjidil Haram deyeuh Mekah Saudi Arabia, sakumaha anu ditegeskeun dina Al-Quran surat Al-Baqarah ayat 143. 144, 149, jeung 150. ogé dawuhan Nabi Muhammad saw “Nalika aranjeun rek solat pek sampurnakeun wudu tuluy nyinghareup kiblat tuluy takbir” (HR. Bukhari jeung Muslim ti Abu Hurairah)[2].

ReferensiÉdit

  1. a b c Muhyiddin, Khazin (2008). Ilmu Falak dalam Teori dan Praktik. Yogyakarta: Buana Pustaka. p. 48. 
  2. Sofwan, Jannah (2007). Pengukuran Arah Kiblat dan Problematikanya. Yogyakarta. p. 1.