Kokolécéran
Gambar tangkal kokolécéran dina prangko
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
V. bantamensis
Ngaran binomial
Vatica bantamensis
(Hassk.) Benth. & Hook.ex Miq.

Kokolécéran ; Vatica bantamensis nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawargga Dipterocarpaceae. [1] Kokolécéran pituin ti daérah Banten malahan dipercaya ngan hirup di Taman Nasional Ujung Kulon. [2] Ieu tangkal jangkungna bisa nepika 40 méter, tangan anu ngorana baruluan kandel pisan.[2] Tangkal kokolécéran geus langka kapanggih malahan deukeut ka tumpur, nya ku alaatan kitu ieu tangkal dijieun lambang/maskot provinsi Banten. [3]

Ciri mandiri édit

Daun panjang lonyod, cupat daun panjang nepika 2.2 cm. Kembangna ogé panjang nepika 7 cm, buah rada buleud mibanda cupat pondok kurang leuwih 5 mm.[2] Siki buahna laleutik, diaméter 1 cm.[2][4][5]

Spésiés anu dekeut édit

Tangkal anu paling caket ieu tayalian Vatica Bantamensis, Benth; tapi éta ngagaduhan daun anu langkung ageung sareng langkung jegjreg (coriaceous), teuaya buluan atawa lemes (labrous); kembang anu langkung ageung sareng éksternal kelopak calik kitu deui perbungaan anu disimutan ku tipung bodas (scurfy); komo deui sakabeh calyx-lobus accrescent langkung seueur coriaceon sareng lobus minor anu blunter.[6] Spésiés anu deukeut

  1. Vatica Perakensis
  2. Vatica LowIt, King, n. sp.
  3. Vatica Reticulata, King, n. sp.
  4. Vatica Dyeri, King , n. sp.
  5. Vatica Faginea, Dyer
  6. Vatica Curtisii, King, n. sp.
  7. Vatica Maingayi, King, n. sp.
  8. Vatica Cinnera, King, n. sp. 4.
  9. Vatica Nitens, King [6]

Tutuwuhan méh tumpur édit

Dumasar kana data ti IUCN, ti saprak 1998 teu acan aya deui panaluntikan ngeunaan tangkal kokolécéran.[7] Ningali kaayaan anu kaancam tumpur, perlu ayana usaha ngokolakeun nyingkahan sangkan henteu pinanggih tumpur.[7] Numutkeun ka Ashton (1996) dugi ka ayeuna téhnik budidaya pepelakan kokolécéran dipikaterang ngan ukur ku budidaya generatif, tayalian melakeun binihtina sikina, sedengkeun budidaya nganggo siki peryogi waktos nu lami. Janten téhnik ngarintahkeun anu paling dimungkinkeun nyaéta nganggo in vitro. (hanca)[8]

Dicutat tina édit

  1. http://www.bapedalbanten.go.id/i/art/pdf_1168390069.pdf Archived 2012-04-17 di Wayback Machine.
  2. a b c d http://www.proseanet.org/prohati2/browser.php?docsid=123[tumbu nonaktif]
  3. Kurniawan, M. B (2010). Mengenal Tumbuhan Dan Hewan Asli Indonesia. Jakarta: Cikal Aksara. p. 73. ISBN 9786028526173.  Disungsi19 Maret 2021
  4. http://www.plantamor.com/index.php?plant=1785
  5. Damayanti, Dewi; Agung Sugiarto, Tinton Dwi Putra, Novi Widianti, Nina Wulan Dari (2008). Buku Pintar Tanaman Obat: 431 jenis tanaman penggempur aneka penyakit. Jakarta: AgroMedia. p. 103. ISBN 9789790061941. 
  6. a b Prinsep, James (1894). Journal of the Asiatic Society of Bengal, Volume 62. University of Illinois: Bishop's College Press. p. 104.  Disungsi19 Maret 2021
  7. a b Union for Conservation of Nature and Natural Resource, 'International; World Conservation Monitoring Centre, International Union for Conservation of Nature and Natural Resources. Species Survival Commission (1997). IUCN Red List of Threatened Plants. Universitas Michigan: IUCN, The World Conservation Union. p. 239. ISBN 9782831703282. 
  8. Sudiyanti, Sri; Tubagus Bahtiar Rusbana, Susiyanti (2017). Inisiasi Tunas Kokoleceran (Vatica bantamensis) pada Berbagai Jenis Media Tanam dan Konsentrasi BAP (Benzyl Amino Purine) Secara In Vitro. Serang-Banten: Jurusan Agroteknologi Fakultas Pertanian Universitas Sultan Ageng Tirtayasa. p. Jurnal Agro Vol. IV, No. 1, 2017.