Kembang nyaéta organ réproduktif tutuwuhan nu kaasup golongan angiosperm (tangkal kembangan; divisi Magnoliophyta). Fungsi kembang nyaéta pikeun ngahasilkeun siki tina réproduksi séksual.[1] Pikeun tutuwuhan leuwih luhur, siki téh mangrupa turunan, nu jadi alat sumebarna hiji spésiés. Sanggeus ngalaman fértilisasi, kembang laju tumuwuh jadi buah nu ngandung sikina.

Morfologi kembang

édit
 
Bagian-bagian kembang sampurna. 1. Kembang sampurna, 2. Hulu putik (stigma), 3. Gagang putik (stilus), 4. Gagang sari (filament, bagian tina benang sari), 5. Sumbu kembang (axis), 6. artikulasi, 7. Gagang kembang (pedicel), 8.Kelenjar nektar, 9. Benang sari (stamen), 10. Bakal buah (ovum), 11. Bakal siki (ovulum), 12. , 13. Bubuk sari (pollen), 14. Hulu sari (anther), 15. Perhiasan kembang (periantheum), 16. Makuta kembang (corolla), 17. Kongkolak kembang (calyx)

Kembang nyaéta tangkal sarta daun anu barobah (ngarandapan modifikasi). Modifikasi ieu dilantarankeun ku dihasilkeunnana sajumlah énzim anu dirangsang ku sajumlah fitohormon nu tangtu. Diwangunna kembang kalawan heureut dikadalikeun sacara génetik sarta dina réa wanda diinduksi ku parobahan lingkungan nu tangtu, kawas suhu nu handap, lilana panyinaran, sarta aya euweuhna cai.

 
Tuwuhan Crateva religiosa boga kembang sampurna: ngabogaan benang sari sarta putik.

Kembang disebut kembang sampurna lamun mibanda bagapurusa jalu (benang sari) sarta bagapurusa bikang (putik) sacara babarengan dina hiji awak (tangkal). Kembang anu kitu disebut kembang banci atawa hérmaprodit. Hiji kembang disebut kembang pepek lamun mibanda kabéh bagian utama kembang. Opat bagian utama kembang (ti luar ka jero) nyaéta:

Alat réproduksi bikang nyaéta daun buah atawa carpellum anu dina puhuna ngandung bakal buah (ovarium) jeung hiji atawa leuwih bakal siki (ovulum, loba ovula) anu mawa gamet bikang) dina jero kantong émbrio. Dina tungtung putik aya hulu putik atawa stigma pikeun nampa bubuk sari atawa pollen. Gagang putik atawa stylus boga andil minangka jalan pikeun pollen nuju bakal buah.

Sanajan struktur kembang anu digambarkeun di luhur mangrupa struktur tuwuhan anu "umum", spésiés tuwuhan némbongkeun modifikasi anu pohara rupa-rupa. Modifikasi ieu dipaké para ahli botani pikeun néang hubungan antara hiji tuwuhan jeung anu séjénna. Contona, dua subkelas tina pepelakan kembangan dibédakeun ku jumlah alat kembangna: tuwuhan dikotil umumna miboga 4 atawa 5 alat (atawa kalipetan 4 atawa 5) sedengkeun tuwuhan monokotil mibanda tilu alat atawa kalipetanana.

Fungsi kembang

édit

Kembang dina patamanan jeung hortikultur

édit

Kembang dina kasenian

édit

Kembang dina kahirupan sapopoé

édit

Kembang salaku lambang

édit

Ngaran kekembangan

édit

Rujukan jeung tumbu kaluar

édit

Dicutat tina

édit
  1. Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen.