Kurva Lorenz diwangun ku Max O. Lorenz salaku grapik nu ngagambarkeun kateusajajaran pangala. Kurva bisa dipaké ogé keur ngukur kateusajajaran aset atawa sebaran séjénna.

Dina diskusi panghasilan pribadi, urang remen nyebutkeun yen, "duapuluh persen sahandapeun sakabeh rumahtangga mibanda sapuluh persen total panghasilan". Kurva Lorenz dumasar kana ieu pernyataan; unggal titik dina kurva ngagambarkeun unggal pernyataan.

Kurva Lorenz mangrupa grafik nu nembongkeun, di handap x% rumahtangga, persentase y% total panghasilan no dipibanda. Persentase rumah tangga di plot dina sumbu x, persentasi panghasilan dina sumbu y.

Sebaran panghasilan persis sarua di masarakat bakal jadi hiji di mana unggal jalma mibanda panghasilan nu sarua. Dina kasus ieu, handapeun N% masarakat bakal salawasna mibanda N% panghasilan. Mangka sebaran nu persis sarua digambarkeun ku garis lempeng y=x; bisa disebut yén ieu garis mangrupa garis persis sarua.

Sebaran nu persis teusarua, sacara jelas, nyaéta saurang boga kabeg penghasilan sarta nu séjénna teu boga nanaon. Dina kasus eta, kurva bakal dina y=0 keur sakabrh x<100, sarta y=100 waktu x=100. Garis dina kurva ieu disebut garis kateusaruaan sampurna.

Catetan yén dumasar kana panghasilan (atawa naon baé nu bakal diukur) teu bisa negatip, mangka teu mungkin keur kurva Lorenz naek di saluhureun garis sarua sampurna, atawa nurun sahandapeun garis teusarua sampurna. Kurva kudu naek sarta konkav.

Kurva Lorenz dipeke keur ngitung koefisien Gini, nu mana daerah antara garis sampurna jeung kurva, salaku persentasi daerah antara garis sarua sampurna jeung garis teu sarua sampurna.

Tipikal kurva Lorenz bisa ditempo di handap ieu:

Baca ogé

édit